Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 9

DONGENG-DONGENG SUNDA

Dicutat sacerewelena tina buku Dongeng-dongeng Sunda jilid I jeung jilid II beunang M.Saleh,medal taun 1910, iwal ti ejahanana nu dirobah teh.

TILU SATO Ajag ngomong ka bancet : Naha maneh asoy-asoyan bae, mun digawe barangsiar cara batur. Wangsulan bancet : Hih lain teu digawe, puguh kaula teh sieun, krur diintip-intip bae tuh ku bango, rurupaanana kawas rek neureuy bae ka kaula teh. Ajag malik nanya ka bango : Naha silaing bango, goreng-goreng teuing, teu hade kitu ka sasama mahluk mah. Jawab bango:Teu pisan-pisan kaula rek nganiaya bancet. Ongkoh sampean anu goreng teh, ti tadi mula ngunguntit bae ngarah kaula. Didodoho diarah bongohna. Hadena bae kaula caringcing Ajag eraeun tuluy bae balik.

AJAG JEUNG ANJING. Ajag papanggih jeung anjing di sisi huma. Anjing nanya:Rek kamana sakadang ajag? Jawabna:Teu, rek nyaba bae. Cek anjing:Tibatan nyaba teu puguh mah anggur urang nyampeurkeun manusa. Geura manusa mah bageur sok mere kahakanan nu ngareunah Omong ajag:Hayu atuh dewek milu Teu lila jol paninggaran rek moro ka leuweung. Anjing nyampeurkeun bari kupat kepot malar dipikarunya. Ku paninggaran dicetrekan bari diheotan. Lung dialungan leumeung ketan sapotong. Ajag nyampeurkeun bari nyanggerengan. Paninggaran gancang nyabut pedang. Barang rek dikadekeun, ajag ngejat lumpat ka nu bala bari ngomong :Edas bae, kutan manusa teh sakti, igana hiji dicabut, rek diteunggeulkeun ka aing. Lamun aing teu gancang ngejat mah tangtu paeh. Ah ti serek ayeuna aing moal deui-deui nyampeurkeun bangsa manusa. MAUNG, EMBE JEUNG AJAG

Ajag ngomong ka embe : Bagea sakadang embe, tas ti mana, naon bae nu diseja datang ka kaula teh? Jawab embe:Puguh kaula teh keur meunang kasusah banget pisan. Nu kagungan leuweung geus meunang dua peuting ngulincer bae di pakarangan rek ngarah kaula. Jawab ajag : Hih tai ceuli teuing sakitu mah. Tah tektek seupah bae sing ngabulaeh. Aing tuturkeun ayeuna ka tempat maung. Pek embe dipapatahan piomongeunana. Barang ajag keur adu hareupan guntreng cacarita jeung maung, embe datang bari cupak capek, sungutna beureum kawas tas nguyup getih bae. Cek ajag : Aeh sakadang embe, tas ti mana, kadieu eureun heula. Jawab embe : Lah puguh tas mumuluk, bieu di lebak manggih maung keur nundutan, gede teh. Diteunggar ku kaula, ngan sakali pisan, sek bae paek. Tuluy bae dikecrokan polona, alah aya pulen. Lamun dewek nyaho yen silaing aya di dieu, meureun dipangjingjingkeun atina. Ayeuna silaing boga eta hiji nya?. Polona bagian dewek, keur

nyeubeuhkeun. Dagingna katut tulang-tulangna mah top bae jang silaing Barang maung ngadenge omongan embe kitu, ngejat bari ngagaur, sieuneun ku embe, asup ka jero leuweung. Ti harita maung tara ngintip-ngintip deui ka eta embe.

BADAK

JEUNG

SAGALA

SATO.

Hiji mangsa sagala sato dina hiji leuweung daratang nepungan peucang, Cek Peucang : He batur-batur naon pikarepeun sampean daratang kabeh ka kaula? Jawab sapi kolot : Kieu ujang, kaula teh sabatur-batur nu matak daratang ka dieu rek menta tulung pangmaehankeun badak, karana kekebonan kaula kabeh ruksak diranjah ku badak. Geus sababaraha kali dicaritakeun tapi teu daek ngagugu bae. Ayeuna kabeh kaula nyanggakeun, sing karunya bae ka kula jeung ka batur-batur. Jawab peucang : Keun bae, eta mah kumaha kaula bae. Pareng peucang papanggih jeung badak. Cek peucang : Kiyai, naha kiayi geus ngadangu carios yen maung Raja leuweung ieu rek liren tina ngasta karajaan. Kaula hayang pisan dirajaan ku kiayi. Pantes pisan mun jadi raja, aya gagah, sakti, tambah-tambah kaumbang ku dedeganana, geus teu ningnang jadi raja teh. Jawab badak : Atuh puguh hayang mah. Ngan kumaha piakalaneunana Omong peucang : Hih gampil, engke wengi urang sarare bae di patapan kuring di gawir Si Lungkawing, sugan pinareng aya ilapat nurbuat ragrag ka kiayi. Geus peuting dug ngaredeng di sisi gawir, ari badak beh tengah. Barang geus peuting pisan peucang pindah lalaunan. Tuluy ngomong lalaunan :Kiayi, iser ditu, kuring sieun ragrag, ieu tember pisan!. Badak teh teu rarat reret deui, tuluy ngeser. Ana gurubag teh badak tiguling ka lebak nu jungkrang pisan, nepi ka hanteuna.

BANGSAT

JEUNG

GAMPARAN.

Aya bangsat maling munding ti urang lembur. Ku manehna dibawa baris dijual ka sejen tempat. Nu boga nyusul. Ti kajauhan keneh geus katembong, bangsat teh keur nungtun munding. Nu boga bingungeun kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik deui. Ari rek dipaksa direbut teu wani, turug-turug teu aya batur sahiji. Tuluy leumpang gancang motong jalan jajahan, megat pijajalaneun bangsat tea. Sok manehna neundeun gamparan sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Tidinya manehna nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta gamparan teh dicokot ku bangsat teh tapi dilesotkeun deui. Tidinya nu boga munding, lumpat maju ka hareup, sok neundeun gamparan sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu bala. Barang bangsat nepi ka dinya, tuluy ngarandang nyokot gamparan bari semu mikir. Mundingna dicangcangkeun kana tangkal kai. Bangsat balik deui ka tukang rek nyokot gamparan nu tadi dilesotkeun tea. Sabot bangsat keur nyokot gamparan, nu boga munding teh gancang nyokot mundingna dibawa balik, salamet nepi ka imahna.

KIAYI.

Aya hiji kiayi hayang boga minantu ka tukang macul. Hiji poe datang sudagar nanyaan, tapi teu ditampa, sabab waktu sasalaman jeung kiayi karasa leungeunna lesang, jadi katangen yen lain tukang macul. Sababaraha jelema nu nanyaan teu ditampa bae, da leungeunna teu karadak. Kadenge ku nu lolong, yen kitu rahasiahna kiayi, tuluy leungeunna dibalur ku ketan, jung indit ka kiayi. Datang-datang tuluy sasalaman, cek pikir kiayi : Ah keun bae lolong-lolong oge da leungeunna mah karadak, tangtu ieu tukang macul. Cek Kiayi: Sampean montong mulang deui, bakal dikawinkeun ayeuna ka anak kaula. Isukna minantuna dititah macul ka sawah, tengah poe pamajikanana nganteuran. Sudagar nu nanyaan pangheulana tea, teu ngeunaheun, panas hatena, tuluy nuturkeun ka sawah. Nu lolong teh diosol sarta dibere duit ku sudagar supaya mikeun pamajikanana jeung nyingkah ti desa eta. Ari pamajikanana baralik jeung sudagar, sadatang-datang anakna cacarita ka bapana, nyaritakeun yen salakina jadi beunta henteu lolong. Jawab bapana :Alhamdulillah nyai, sukur..sukur..!.

ANAK

TUKANG

BOHONG.

Si Salham anak tukang bohong. Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema gede wadul, gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya saurang-urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek baturna teh Silaing mah kawas Bapa Salham bae. Barudakna ge salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak tukang wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku baturna teu dibawa, pokna:Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da anak tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong. Tina ngenesna, tuluy balik ka imahna bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun omong batur-baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae. Kabeneran barang datang ka imahna, cek bapana : Salham isukan mah maneh ulah ulin, urang ngala suluh ka leuweung. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong: Nya ayeuna bisa nyelok ka bapa teh. Kacaritakeun isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom jeung sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:Euleuh, bapa....itu badak. Omong bapana:Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan. Cek SiSalham:Mana bapa?. Cek bapana deui: Tuh geuning ka lebak. Padahal euweuh badak, euweuh naon-naon. Si Salham ngomong di jero atina: Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna areureun di handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus ngunduh, bongborosan jeung pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh.. Kacaritakeun deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang geus pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna: Bapa, kula hayang mandi heula, cing anteur. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang ka cai Si Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil deui tuluy hanjat, pok ngomong ka bapana :Euleuh bapa, mana horeng di jero cau teh aya lembur, di dinya aya nu keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu berekatna ngan mawa wajit we hiji. Walon bapana:Aeh aeh na enya?. Cing bapa rek kaditu. Tuluy Bapa Salham turun ka cai, lep teuleum. Ari susukan teh teu kira-kira loba batuna,

kawantu susukan di pagunungan. Bapa Salham tidadalagor kana batu, tarangna bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu kebel. Tidinya jol deui bijil, tuluy hanjat. Cek Si Salham:Kunaon bapa tarang baloboran getih?. Walon bapana:Har kapan bapa teh di nu kariaan ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui. Omong Salham:Na dimana bapa aya nu kariaan? Kapan di ditu di jero cai Cek Si Salham: Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang wadul nepi ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati. Manhoreng bapa teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu we. Ari kitu mah bapa teh lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah kitu. Bapa Salham reup geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek kapok moal wadul-wadul deui.

TILU

RUPA

PAMNTA.

Jaman baheula aya hiji jalma teuing ku malarat, dahar sor henteu isuk. Ari pakasabannana buburuh ngangon domba. Sanajan manhna kacida getolna, henteu mahi ba, sumawonna cukup keur sapopo, sabab panghasilanana leutik. Ari buruhannana dina sabulan th ukur lima geugeus par jaba dahar. Demi dununganana jalma beunghar, tapi teuing ku kort jeung licik, ka pangangon th ngan minteran ba. Upama tukang ngangon domba rk indit ngangon, dibekelan th ngan ukur sangu jeung uyah sambel, langka pisan dibr deungeun sangu nu sjn. Lamun keur usum pann, dibr par buruhan th sok dipangmilihkeun par nu gambrang pisan. Atuh mun dijual th teu sabaraha hargana, teu bisa keur meuli baju nu pangmurahna. Papakana geus ruwang rawing pisan, cara jalma nu owah ba. Sakali mangsa tukang ngangon th gering nepi ka teu bisa ngangon, ku dununganana teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon. Ka dununganana mnta barang dahar teu dibr da can aya hasil gawna, nepi ka manhna jajaluk. Liwat saking prihatin sarta ngenes di jero hatna. Beurang peuting manhna neneda hayang bisa cara deungeundeungeun, teu kurang ku dahareun, teu kurang ku pakeeun. Ku tina nyeri hatna, antukna miceun manh ka leuweung, teu dahar teu nginum. Barang geus meunang sababaraha po sar di leuweung hanpaeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu gigireunana tilu siki, saged-ged muncang, baruleud laleucir, kawas batu cao. Teu kirakira manhna kagteunana. Ngomong di jero hatna : Na saha nu neundeun ieu batu th, da tadi mah euweuh. Sabot kitu kadng aya sora tan katingalan, pokna : H jalma miskin, kusabab manh sakitu prihatinna, ayeuna pamnta manh dikabulkeun. Manh meunang mnta tilu rupa, naon ba karep manh, Unggal rupa pamnta ta batu anu tilu kudu dialungkuen hiji-hiji. Tukang ngangon kacida atohna, batu dicokot, di kana pesakkeun, bari nyembah acongacongan, pokna : Nuhun Gusti, nuhun..!! Ti dinya tuluy indit rk balik ka lemburna. Sajajalan mut ngaggelenyu seuri sorangan, awahing ku atoh, bari mikir-mikir rk mnta naon. Di jero hatna : Hiji aing rk mnta beunghar, dua rk menta jadi raja, sanajan beunghar g ari teu boga kakawasaan mah kurang sampurna, katilu rk menta boga loba anak, sangkan aya nu nuluykeun jadi raja, sarta aya nu ngurus banda pakaya Barang datang ka imahna, manhna rk nyoba mnta beunghar, tapi ck pikirna leuwih had menta duit ba sing loba, sabab ari mnta munding atawa kuda mah amba, jeung deui ari geus boga duit mah hayang naon-naon g tangtu bisa. Tuluy ngodok batu rk dialungkeun bari mnta ta. Tapi ngomongna kacaltot, maksudna rk menta loba duit

ari pok bet mnta loba ceuli. Barang keleweng th batu dialungkeun, ngan reng w awakna pinuh ku ceuli, kawas tunggul pinuh ku supa lmbr. Atuh manhna gogolran ceurik, awahing ku gila ningali awak sorangan, jeung handeueul pamnta geus mubadir hiji. Sanggeus rada leler, ngomong di jero hatna : Ah keun ba teu kudu menta jadi raja, teu kudu loba anak, dapon beunghar ba, ieu batu nu hiji rk dialungkeun deui, menta supaya ceuli leungit kabh. Keleweng batu dialungkeun. Les ba ceuli nu rimbil th ngiles, leungit kabeh. Manehna bungah liwat saking, sarta niat rk ati-ati dina mnta nu katilu supaya ulah kacaltot deui. Dumadak inget kana ceuli nu dua, nu asalna aya, bet euweuh, kabawa leungit ku ceuli ciciptaan. Atuh ngan hing deui we ceurik, leuwih tarik batan tadi, sabab pamnta ngan kari hiji deui. Ngomong di jero hatna : Kumaha petana, ayeuna lamun aing mnta beunghar tangtu jadi jelema tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun tetep mnta ceuli nu asli balik deui, meureun tetep jadi jalma malarat. Tidinya jorojoy ba aya pikiran nu sampurna, ck atina : Wah leuwih had aing mnta didatangkeun deui ba dua ceuli nu asli, sabab saur sepuh g nu utama mah badan walagri sarta cageur, ta th leuwih utama batan kabeungharan. Saenyana jalma nu disebut beunghar th nyata jelema nu narima kana kulak canggeum awakna. Saperti diri kuring da geus milikna kudu malarat, ari usaha mah da geus dilakonan. Hanas ta teu boga dahareun jeung pakeun nya rk ihtiar w, da anggahota lengkep, tanaga rosa. Anggur rk nangan deui ba dunungan nu bageur tur haat ka diri kuring. Tidinya batu nu tinggal sasiki th dialungkeun, mnta ceulina nu asli balik deui sabihari. Harita knh awakna walagri deui. --------------------------------------------------geugeus : beungkeutan par kira-kira saged bitis budak. gambrang : par loba nu hapana. owah : glo jajaluk : baraman batu cao : batu pualam amba : rungkang, matak ridu mamawa. walagri : shat, henteu cacat. rosa : bedas, kuat. kulak canggeum : nasib, milik diri gila : rasa teu ngeunah upama ningali barang nu pikageuleuheun anggur : anggursi, leuwih had, mending g anggahota : bagian awak haat : had hat kasab, pakasaban : pagawean, pangupa jiwa kort : pelit, medit kaduga : kuat, wani.

TEKS DONGENG PASANGGIRI (1) BUDAK PAHATU Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina aww. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah, kayaning pari, kupa, huni, pining, jeung salianna. Dina hiji mangsa, barudak th rk ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung ceuk lanceukna, Nyai, Akang rk ngala bubuahan, ku Nyai pulungan. Heug Akang, ceuk adina. Terkl budak th nak. Barang keur jongjon ngala kupa, lor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarand kana catang. Gep nggl oray th kana sukuna. Budak th ngahariring ngawih. Kang tulungan, kang tulungan! aya nu gagaranyaman kana bitis jeung ngglan cing geuwat kuring tulungan. Usap ba, Nyai meureun sireum , ceuk lanceukna. Budak aww th, sapanjang bisa knh ngomong mah, teu eureun-eureun ngawih mnta tulung. Tapi ku lanceukna teu ditolih, marukanana sireum ba. Tungtuna leg ba budak th diteureuy buleud, sarta orayna tuluy asup ka jero leuwi. Lanceukna reuwaseun naker sabab adina rph ba teu kect-kect. Tuluy turun. Barang datang ka handap, manhna kagteun pisan sarta ngira yn adina dihakan oray. Tuluy disusul tapak oray th. Kabeneran barang datang ka hiji tempat, orayna kapanggih keur gulang-guling ba, teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadng manuk haur disada, pokna: Cukrik,cukrik turih ku pucuk eurih. Budak lalaki teh gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray th diturih. Gorhl adina kapanggih di jero beuteung oray, tuluy dibawa balik. Barang datang sok digolrkeun di tengah imah sarta tuluy digeberan ku manehna bari ngawih. Geber-geber hihid aing hihid aing kabuyutan titinggal nini awaking. Kerenyed suku budak th usik. Pok deui lanceukna ngawih. Kerenyed deui awakna usik; kitu ba satuluyna, nepi ka hirupna deui budak aww th. Gabrug dirontok ku lanceukna bari diciuman, tina sukana. (Dicutat tina karangan A.C. Deenik jeung Rd. Jayadireja, Rusdi jeung Misnem, Jilid ka tili, kaca 34 36). taufik ampera

(2) PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di sisi leuweung. Ayeuna manhna th keur melak palawija, kayaning bontng, trong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu had omna. Ngan hanjakal geus sababaraha po pepelakanana th raruksak, pangpangna mah pelak bontngna. Patani og nyahoeun yn anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna th nya ta peucang, sabab kungsi kanyahoan ku manhna. Patani th nangan akal sangkan kebonna henteu diranjah ba ku peucang. Terus ba atuh

manhna nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. ta bebegig teh ditunda di tengah-tengah kebon. Pasosor, saperti biasa, peucang th datang deui ka kebon patani ta. Maksudna rk ngala bontng. Barang srog ka kebon, manhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang th nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek. h, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain ta teh? Geuning mak baju? Mak dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah? Lalaunan peucang th kaluar tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng tea, barakatak th peucang seuri. Pokna, Na sia th nyingsieunan ka aing! Sugan th manusa, boro aing nyumput, nanaonan manh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing! Ngomong kituna th bari najong bebegig ku suku hareupna nu katuhu. Barang sukuna antel, suku peucang napel kana bebegig ta, kawantu bebegig th mak leugeut teureup. h siah mak jeung newak sagala! Hayang dicabok ku aing? Gaplok peucang nyabok bebegig. Pel deui ba napel suku hareupna anu knca kana bebegig. Itu geura nanaonan ari sia! Ieu kalah nwak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu th, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring th banyol. Sot, lesotkeun! Bisi ditajong! h, nyaan meureun manh mah hayang ditajong!. Peucang ngawahan, gaplok deui ba bebegig teh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel ba napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan; tulung...tulung...., ieu kuring tulungan! Teu lila torojol patani. Beunang ayeuna mah nu sok malingan bontng th, ceuk patani. Kerewek peucang teh ditwak, terus diringkus. Rigidig ba dipanggul. Peucang th dibawa ka imah patani, rk dipeuncit. taufik ampera

(3) SASAKALA SITU BAGENDIT Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawntar ka mana-mana, nya ta Situ Bagendit. Ceuk sasakala mah, ta Situ Bagendit teh asal-muasalna kieu: Baheula, aya hiji randa beunghar ketelahna Nyi Endit. Ieu th saenyana mah nnhna, da ngaran sajatina mah Nyi Bagendit. Manhna th kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana th. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. stuning lain babasan ta mah hirup nyorangan th. Ngahaja mencilkeun manh, ngababakan di tengah pasawahan nu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung pacampur jeung batur, da sieun kasoro ta. Kacaturkeun keur usum pann, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. ta anu gacong. Ka sawah Nyi Endit og ra anu gacong. Ari rngs dibuat jeung sanggeus parna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang leb jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya anu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung th nepi ka ratusan. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi kan sakotap g geus bers, bari tingkartap knh. Keur meujeuhna balakcrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi diantep teu dibagakeun. Nya pok aki-aki th walh yn teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang th Nyi Endit bet nyarkan, pajarkeun th taya kara, teu ngahutang gaw, mnta bagan. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wa. Aki-aki indit bari jumarijeug, bangun teu nangan. Mmh indit manhna ngomong kieu, Sagala oge boh ka nu had boh ka nu gorng moal taya wawalesna. Ngomong kituna th kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Sarngsna nu dalahar tuluy amitan rk baralik. Kakara g patinglalos, rugreg ngararandeg, sabab aya nu tinggarero, Caah! Caah! ceunah.

Henteu kanyahoan deui datangna ti mana cai, ngan leb ba ka pakarangan imah Nyi Endit. Teu lila pakarangan imah Nyi Endit kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina ba. Nyi Endit og nya kitu, niat rk nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai teh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum mh laput. Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu welh sasambat mnta tulung. Tapi taya nu nulungan, da batur g sarua ripuhna. Beuki lila, cai th beuki ged ba. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabh pakaya Nyi Endit. (Dicutat tina Dongeng Sasakala Jilid 3). taufik ampera

(3) PAPARAHUAN Di hiji talaga aya manuk manintin keur paparahuan jeung tunggeu. Parahuna cangkang bontng suri anu ged, sabeulah. Soloyong ka ditu, soloyong ka dieu. Duanana teu eureun-eureun ngarawih patembalan: Tin, tin, manintin gengngng! Katenjoeun ku caladi kundang. Manhna kabitaeun naker. Tuluy nyarita, Milu, Tin, paparahuan! Tmbal manuk manintin, Heug ba. Ngan ulah noktrok parahu, nya, bisi kalebuh! Moal atuh, Tin, piraku kuring og. Clak caladi kundang th tumpak. Ayeuna mah jadi tiluan anu ngawihna: Tin, tin, manintin toroktok, tok gengngng das aya ngareunah, mani kawas degung ba. Kapanggih ku anak monyt. Euleuh, moal teu resep paparahuan, nya. Kuring milu, Tin! Heug ba, ngan ulah dikokos parahuna, bisi kalebuh! Moal atuh, kira-kira kuring og! Clak anak monyt teh tumpak. Ayeuna mah opatan nu ngawihna: Tin,tin,manintin toroktok, tok nguuuk gengngng! Lila-lia monyt th lapareun tayohna, parahu th disegtan sisina. Atuh kerelep ba kalebuh. Anak monyt kekerebkan, lep ba titeuleum. Ari anu sejnna mah salamet, da barisaeun hiber. taufik ampera

(5) REUNGIT SOK DISADA KANA CEULI Jaman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit aww. ta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna satia.

Sang Ratu kacida gindingna, pakanana hurung hrang, mak geulang jeung suweng emas. Dina hiji peuting, keur jemplang-jempling, aya jelema asup ka karaton Ratu reungit ta. Kabeneran tentara anu jaraga sarar mani talibra, atuh ta jalma teh jongjon asup ka kamar Ratu. Kabeneran Ratu og keur tibra deuih. Karayap ta jalma th ngadeukeutan Sang Ratu reungit, tuluy suweng nu dipak ku Sang Ratu dilaan. Tapi kakara dilaan sabeulah, kaburu Sang Ratu hudang mantn, tuluy gogorowokan, Bangsaaaat! Bangsaaat! Bangsaaat ta jelema kaluar, terus kabur bari mawa suweng sabeulah. Tentara nu jaraga ta, tuluy ngarudag, tapi ta jalma teu kasusul. Isukna Sang Ratu, marntah ka tentara jeung rahayatna, pokna: Sakabh bangsa reungit kudu narangan suweng anu dipaling ta, tempoan dina unggal ceuli jelema! Ti harita sakabh reungit narangan ta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit th masih knh narangan ta suweng nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada, Suengng....

You might also like