Download as doc, pdf, or txt
Download as doc, pdf, or txt
You are on page 1of 6

Angklung

Luncat ka: pituduh, sungsi

Para pamaén angklung bihari di Garut

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter
dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras
(nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Daptar eusi
[sumputkeun]

• 1 Sajarah
• 2 Rupa-rupa angklung
o 2.1 Angklung Kanékés
o 2.2 Angklung Dogdog Lojor
o 2.3 Angklung Gubrag
o 2.4 Badéng
o 2.5 Buncis
• 3 Sumber rujukan

• 4 Tumbu kaluar

Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung.
Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna
hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna
sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).

Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun
ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget
ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung
kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun)
jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén
jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong
jeung dongdang.

Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén,


lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu
bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun
angklung.

Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan.
Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi,
Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong,
Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung,
Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda
Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, dan Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat
adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu
ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku
angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun
acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu
jeung paréntah tina wangsit.

Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna
masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku
salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa
tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana
modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara
nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.

Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-
séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga
ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).

Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng


Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.

Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.


Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung
umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit.
Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangruipakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk


kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17.
Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti
Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun
kasenian badéng.

Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer
hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog
dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda
nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi
rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé
dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.

Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika,
Lilimbungan, jeung Solaloh.

Buncis

Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros
(Arjasari, Bandung).

Sumber rujukan
• Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan &
Pariwisata Jawa Barat, Bandung

Wiki: Karinding
Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha
patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang,
Pasirmukti, Tasikmalaya, anu nyieun karinding tina palapah kawung. Ti wewengkon
Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna,
jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil
ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki,
wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya
tilu ruas.

Daftar isi:
1. Cara midangkeun
2. Kagunaan
3. Rujukan

1. Cara midangkeun

Cara midangkeun karinding ditepakan tungtungna ku curuk sahingga ngageter, terus baham
jadi resonansi sora keur ngatur wirahma. Pintonan karinding ilaharna dipidangkeun ku lima
urang, paling saeutik alusna ku tilu urang, hiji diantarana salaku juru kawih.

Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding teh dipidangkeun jeung takokak (alat musik
dijeuna tina kai ipis, bentukna jiga daun).

2. Kagunaan

Karinding mangrupa alat keur ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina vibrasi jarum
karinding nyaèta sora handap low decible, malahan mah takokak nyieun sorana tina gesekan
alat jeung garis dampal leungeun, tah sora anu kaluar ngan kadenge ku sabangsa wereng,
simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari disebutna sora handap èta tèh ultrasonik.Tah
keur anu ngamaènkeunana ngarah betah di sawah tèh nyaèta disorakeun ngagunakeun baham
ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kadang dipadukeun jeung alat musik lianna.

Cara maénkeun karinding bédana jeung alat musik jenis mouth harp lianna nyaèta ditepak,
sedeng alat sejenna ditoèl, ieu ngagampangkeun dina manggihan wirahma anu loba, malah
mah ketukan tina waditra karinding ieu disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu
kudu nepak tiheula nya makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua jeung saterusna. Ku
euyeubna sora nu dijieun ku karinding mah bisa nyieun sora kendang, goong, saron
bonangna, karasa, atawa bass, rhytm, melodi sagala, tepi ka bisa nyieun lagu ku karindingna
sorangan, ieu sabab beda dina cara nepak jeung nyieun sora dina baham leuwih hampang.
Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, lamun urang tos parigel dina
ngulinkeun sora karinding, bakal kapanggih jeung nyieun sora keur ngomong, tapi sora anu
kaluar sada sora robotik.

Badeng
Dari Garutpedia

Langsung ke: navigasi, cari

Kesenian tradisional Badeng diciptakan pada tahun 1800 yaitu di jaman Para Wali. Kesenian
ini mula-mulanya diciptakan oleh seorang tokoh penyebar agama Islam bernama Arfaen
Nursaen yang berasal dari daerah Banten yang kemudian terus menetap di Kampung Sanding
Kecamatan Malangbong Kabupaten Garut, beliau dikenal masyarakat disana dengan sebutan
Lurah Acok.

Lurah Acok berfikir didalam hatinya bagaimana caranya supaya ajaran agama Islam dapat
menyebar luas di masyarakat waktu itu agama Islam sangat asing sekali. Pada suatu saat dia
pergi menuju suatu perkampungan di daerah Malangbong dan di tengah jalan beliau
menemukan sesuatu benda yang bentuknya panjang bulat terbuat dari bambu serat dengan
tidak sadar maka benda itu dibawanya ke rumah dan bambu tersebut dibuat suatu alat yangt
bisa mengeluarkan bunyi. Pada saat itu juga Arfaen mengumpulkan para santri dan mereka
disuruhnya membuat alat-alat lainnya yang terbuat dari bambu-bambu yang sudah tua untuk
memadukan bunyinya dengan alat yang Arfaen buat tadi dan kemudian bambu-bambu
tersebut disusun dibuat sedemikian rupa sehingga dapat mengeluarkan suara yang nyaring
dan dicobanyalah semua alat-alat itu ditabuh/dibunyikan maka terdengarlah irama musik,
kalau masa kini yang sangat enak didengar ditambah dengan nyanyian-nyanyian yang
beriramakan Sunda Buhun dan Arab / Solawatan.

Dari mulai saat itulah Lurah Acok dan Para Santrinya setiap hari, setiap minggu, setiap bulan
berkeliling mengumpulkan tokoh-tokoh masyarakat, umaro dan tokoh-tokoh santri untuk
berkumpul bermusyawarah sambil memasukan ajaran-ajaran agama Islam dengan menabuh
seperangkat alat-alat yang dibuatnya itu dengan membawakan lagu-lagu solawatan dan lagu-
lagu sunda buhun yang isi syairnya mengajak kepada masyarakat banyak untuk masuk agama
Islam.

Hampir semua penduduk yang ada di Desa Sanding , di kampung-kampung, di kota-kota


sekitar daerah Malangbong bahkan dimana-mana di daerah Kabupaten Garut pada umumnya
yang pernah didatangi oleh Lurah Acok menganut ajaran agama Islam.

Maka sejak saat itulah Lurah Acok memberikan nama Kesenian Badeng yang artinya Badeng
adalah dari kata Bahadrang yaitu musyawarah berunding dengan suatu alat kesenian. Badeng
adalah suatu jenis kesenian sebagai media untuk menyebarkan agama Islam pada waktu itu.

Sampai sekarang kesenian ini masih ada dan dipergunakan sebagai alat hiburan, untuk
menyambut tamu-tamu besar, perayaan, Mauludan, khitanan, hajat dan lain sebagainya,
hanya saja para pemainnya sudah tua-tua rata-rata berumur 90 tahunan.

Adapun alat-alat Kesenian Badeng tersebut terdiri dari : -2 (dua) buah Angklung Kecil
bernama Roel yang artinya bahwa dua pimpinan pada waktu itu antara kaum ulama dengan
umaro (pemerintah) harus bersatu, alat ini dipegang oleh seorang dalang. -2 (dua) buah
dogdog lonjor ujungnya simpay lima yang artinya menandakan bahwa didunia ini ada siang
ada malam dan laki-laki dengan perempuan, alat ini dipegang oleh dua orang simpay lima
berarti rukun Islam. -7 (tujuh) buah angklung agak besar terdiri dari : angklung indung,
angklung kenclung dan angklung kecer disesuaikan dengan nama-nama hari, alat ini
dipegang oleh 4 oran

You might also like