Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda Ku ayana kamekaran tknologi internt nu ngarambah nepi ka tepis wiring, ttla mawa

pangaruh nu kalintang had kana kahirupan basa Sunda. Sanajan tknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Ra diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong th ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balara. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yn naon rupa anu jolna ti deungeun th henteu salawasna gorng, malah nu had og kacida rana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadan. Po basa indung anu dipiling saban 21 Fbuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yn basa indung th hirup knh, dina harti masih diparak ku masarakat dina wangkongan sapopo. Lain ba basa Sunda, da kaasup basa indung slr sjnna og jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran tknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO th, anu antukna netepkeun 21 Fbuari minangka Po Basa Indung Internasional. Habna sumanget pikeun ngamumul basa Sunda og bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Fstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Tater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targt panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup tater rumaja nu miluan dina ta fstival. Lain ba patandang ti Jawa Barat, da aya og peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fbuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang og maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsr, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih ra didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang. Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopo, dipiharep mawa pangaruh had pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Rrongan dina kahadan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan og ttla urang Sunda mh kalld ku para pendatang. Widang konomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi sjn, ra nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha makeun raja kaya. Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung sasama th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajn inajn jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina kahirupan sapopo. Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah alamna, ndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda th ndah. Rk ditarjamahkeun kana basa naon og, Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy kahadan.***

Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa


Anu pangheulana jadi pananya th tangtuna og: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh ba tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing gto aya diantarana nu jadi seniman, ta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola th tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kratif. Ku ayana atikan kasenian, siswa og dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonsia. Jadi, atikan kasenian th henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran sjnna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni sjnna. Perkara ta nuduhkeun yn naon rupa perkara og bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni. Pamarntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya th mibanda harti yn atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan swangswangan. Lantaran bangsa Indonsia mibanda kabeungharan budaya, tangtu ba di saban wewengkon th nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta bda jeung seni budaya sjn. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda og kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajninajn punjul, sarta boga ciri has swang-swangan. Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditpakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna bda jeung seni budaya deungeun. Hususna di tatar Sunda, tangtu ba anu perelu diwanohkeun th seni budaya Sunda. Ra urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu ba kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh. Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku npakeun basa Sunda jeung rupaning kamonsan basa Sunda dina ajn sastra, anu nyampak dina eumpaka

lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yn basa Sunda th henteu kampungan. Basa Sunda og bisa jadi basa rupaning palmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun npakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mmang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari og masih knh ra nu nganggap yn aksara Sunda th ha na ca ra ka. Padahal nu sastuna mah aksara Sunda th ka ga nga. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopo. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hs, tinggal basana nu kudu digedurkeun th, lantaran basa Sunda mah masih knh diparak dina kahirupan sapopo. Malah dina tayangan tivi nasional og, basa Sunda mindeng dipak, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun og apan bisa nuduhkeun yn basa Sunda th masih knh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopo. Nu leuwih utama, basa Sunda th basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.***

You might also like