Asal Mula Lutung Beut Hideung

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Asal mula lutung beut hideung

Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabeh sasatoan
hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap mush ku sasatoan teh
ngan hiji, nyaeta paninggaran.
Hiji poe si kuda sebra jeung si lutung keur ngalobrol.
tung jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya? Ceuk si
kuda sebra
enya nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si merah mah, buluna mani
rupa-rupa, tembal si lutung.
tung, kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur!
Ceuk si kuda sebra.
hayu bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh,
sesa eta patani ngecet saungna tembal si lutung.
Bral bae si sebra jeung si lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran
di imah patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung.
bae lah cek hideung oge ceuk si sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka si
sebra jeung si lutung.
Kacaritakeun si sebra jeung si lutung sasadian rek mulas bulu maranehna.
urang heula ah nu dipulasna ceuk si sebra, sok bae lah tembal si lutung bari prak
mulas bulu si sebra. Ari warnana teh geus disatujuan ku duanana oge, nyaeta warna
belang. Ku sabab bulu si sebra mah bodas, nya warna buluna teh jadi hideung bodas,
mani alus katenjona oge.
Sanggeus bulu si sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si sebra mulas bulu si
lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si sebra teh rek dikatempat nu rada luhur,
kakara ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit teh suku si sebra digegel sireum.
Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si lutung nu keur diuk handepan si
sebra. Nya atuh bulu si lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh
warna hideung.

You might also like