Rump Aka

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 17

Rumpaka

Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku


alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu
dihaleuangkeun ku dalang atanapi sok diangge dina bodoran. Panakawan biasa
sempal kapiguyon sareng kakawihan.
Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, ti kawit kakawihan klasik
dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Nguseup"
dikawihkeun ku Si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:
Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa eupan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud

Plung kecemplung plung kecemplung
Eupan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi

Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin

Eupan cangkilung wungkul dilangkung
Eupan papatong kalah dipelong
Ku eupan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom


Atanapi kawih anu Bapa Dalang Asep Sunandar Sunarya anu biasana
dihaleuankeun ku Si Cepot:
Dengdelet dengdeleteng
Tumbila reungit tuma
Dengdelet dengdeleteng
Tumbila reungit tuma oh sayang
Boneka cantik
Dari Cibungur
Boleh dilirik
Ayeuna direbut batur
Rumpaka teh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa
guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok
disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik,
sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu.
Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan.
Tina beda-beda sebutan jeung istilah, katingalina ayeuna mah nyoko kana hiji
istilah nu dianggap sisniger tengah, nyeta rumpaka bae disebutna teh. Wangunan
eta rumpaka rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh
jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok make
sajak bebas bae.
Dina lalaguan tembang Sunda, anu umumna sok make rumpaka/dangding tina
pupuh, geus lawas jadi bahan ulikan para ahli sastra. Nu diulikna, lain kumaha
tumapelna tur adumanisna eta dangding kana komposisi lagu, tapi leuwih
nyindekel kana ajen sastrana. Teu aneh mun dangding dina tembang teh loba nu
aralus, maklum seeur kenging para bujangga anu tos kawentar. Salah sawiosna
guguritan lagu laut kidul kenging Kalipah Apo, anu terus disandingkeun kana
lalaguan, anu manjing dina pupuh dangdanggula.
Lalaguan kawih, saperti barudak/lagu rakyat/kaulinan urang lembur,
kapasindenan, kawih kacapian, sanajan jumlahna bisa jadi leuwih loba, masih
langka kaguar pikeun jadi obyek penelitian para ahli sastra. Memang eta ge
kungsi aya, tapi sipatna ngan teu saukur ngumpulkeun wungkul, henteu dibahas
atawa dianalisa sacara gemet.
Padahal naon nu disebat rumpaka teh, sacara teu sadar geus loba andilna kana
milu manjangkeun daya inget kana unina kekecapan, sabada awor jeung lagu. Saur
Rd Mahyar Angga Kusumadinata mah, (ahli karawitan sunda/sastrawan) rumpaka
teh tiasa namperkeun sarining basa, salian ti jadi pangaluwentah (bahan ajar
pendidikan basa/sastra) kanggo barudak sakola.
Sigana guguritan laut kidul, budak leutik bisa ngapung, eling-eling mangka eling,
pat lapat, trang-trang kolentrang, jaleuleu, jrrd moal manjang dipiinget tepi ka
ayeuna, upama henteu napel dina lalaguana. Beh dituna, sanajan eta kekecapan
teh geus teu dipiterang hatina, anggeur we dihaleuangkeun, da geus napak dina
laguna. Dangdingan dina wawacan anu dicutat jadi rumpaka lagu dina tembang,
nyesakeun semplak ingetan sabada sabagian padalisan dina jalan caritana
diinjeum jadi hiji lagu.
Rumpaka kawih ieu meunang ngundeur ti datasunda.org
Kudu ka saha urang ngumaha
Na ka indung duh na ka bapa
kudu ka saha urang balaka
Pikeun nepikeun geuning
Duka carita
Kudu ka saha urang nyalindung ka papayung
Nyalindung na ka pangagung
Kudu ka saha urang nyuuh
Neda dijait geuning tina bangbaluh
Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu weleh nandangan peurih
Diteangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh di mana geusan balabuh
Kudu ka saha urang ngageuri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu ka saha urang nya muntang
Jalan utama geuning
Iman ka Gusti
Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu welh nandangan peurih
Ditangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh di mana geusan balabuh
Kudu ka saha urang ngageuri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu ka saha urang nya muntang
Jalan utama geuning
Iman ka Gusti
Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati
kauger ku patokan wangunan.
[1]
Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok
disebut sajak bebas,kungsi oge disebut sanjak.
[1]
Disebut bebas teh saenyana mah
relatif, nya eta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana
upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru
wilangan jeung guru lagu.
[1]
Saenyana mah sajak oge mageuhan keneh rupa-rupa
konpensi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana.
[1]
Ari Taufik
Faturohman mah nyindekkeun yen nu disebut sajak teh nya eta karangan ugeran
anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna.
[2]

Gelarna Sajak Sunda
Kakawihan, paparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul pisan,malah hese
dipastikeun iraha gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balarea.
[1]
Ari
sajak mah, nya eta sajak bebas tea, gelarna teh beh dieu, dina jaman sanggeus
urang merdeka.
[1]
Eta wangun sajak teh mimitina mah henteu ujug ditarima da
pagar lain wangunan sastra Sunda.
[1]
Padahal kakawihan oge anu wangunanana mah
teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda.
[1]
Sajak Sunda gelar dina
sabudeureun taun 1950-an,ti taun 1946 keneh geus aya nu nulis dina wangunan
sajak, nya eta Kis WS.
[3]
.Sajak teh samemeh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok
dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat
kabar.
[3]
Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen
ngamuatkeun sajak sunda teh diantarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang,
Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara,jrrd.
[4]
.Buku
kumpulan sajak nu munggaran terbit nya eta [Lalaki di Tegalpati]] karya Sajudi
(1963).
[4]
Ka behdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak
Laut Kidul karya Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi
(1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya
Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu
Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taun karya
Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti
batan Inten karya Yus Rusyana (1980).
[3]

Polemik Sajak Sunda
Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946,
waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul reaksi
anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan
dangding wungkul.
[5]
Nya harita timbulna nu disebut Polemik Sajak utamana dina
surat kabar Sipatahoenan.
[6]
Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak
Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda
nganggap yen wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama
mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung
pangendahna.
[7]
Tangtu bae sikep kitu teh nembongkeun yen manehna henteu
kungsi diajar sajarah bali geusan ngajadina, nepi ka henteu terangeun yen
dangding teh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa
Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya kulantaran rea anu henteu satujueun kana
pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan
karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda.
Tapi rea deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.
[8]
Sora-sora anu kontra, anu
nolak kana ayana sajak Sunda utamana dating ti kalangan sastrawan entragan
kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro,
anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh
lantaran ayana sora anu pro jeung kontra tea, nya muncul polemik deui antara
sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina
kasusastran Sunda.
[9]
Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, geunaan
hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti
golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua oge anu pangpangna lumangsung dina
majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu
Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak , henteu
nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu
makalangana oge leuwih rea. Lamun polemic kahiji mah lumangsung dina awal taun
1950-an,polemic kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an
kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga
wungkul tapi oge dina majalah jeung surat kabar sejenna oge ngamuat karangan
boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun eta wangunan miboga hak
hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik
nu kadua mah beuki rea sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina
basa Sunda anu leuwih rea nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan
wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku
sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda.Eta
barudak ngora the lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan
sastra Indonesia, aya oge nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan
sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb.
Ti kalangan sastrawan ngora the diantarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW,
Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hatoan Wangsasendjaja, jeung rea-rea
deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna
nembongkeun ajen puisi anu luhur, anu nembongkeun yen basa Sunda mampuh
digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna the payus
tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa
Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi
nembongkeun yen salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonesia,inyana oge
pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anus ok kapanggih dina carita
pantun, sisindiran atawa kakawihan. Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur
dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati (Kiwari, Bandung, 1963) anu mangrupa
kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda geus taya anu misoalkeun deui
ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna eta buku khazanah sastra
Sunda jadi leuwih beunghar,lain bae jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi
pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina eta buku teh miboga
ajen puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajen puisi Sajudi jeung puisi
Chairil Anwar dina basa Indonesia.
[10]

Pangarang Sajak Sunda
Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida
pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di
mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-
siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di
masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung
nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.
[11]
Ti
taun 1950-an keneh, anu nulis sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.
[12]
Ti taun
ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki
ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak,
aya oge nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa
majalah jeung surat kabar the karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku.
Anu geus rea ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan
sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting
ku editor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa
jeung puisi. Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang,
beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu
nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun
sajak Sunda nya eta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung
dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit
antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonesia merdeka dijudulan Sajak
Sunda Indonesia Emas. Ajip Rosidi ge ngusahakeun ngumpulkeun jeung
narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga
ngabageakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit
Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi
panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir,
taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS
Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung
puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan
Sunda ti eta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap
kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka
kiwari:
A.Nu kadokumentasikeun dina antologi Kandjut Kundang (Taun 1950-an n.k.
1960-an)
1. KTS (Kadir Tisna Senjaya)
2. Ki Umbara
3. Utuy T Sontani
4. Klara Akustia (A.S. Dharta)
5. Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
6. SJ.Bastaman
7. Tan Bie Hun (Muh.Usman)
8. Tien Wiradikusumah
9. Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
10. Tini Kartini
11. Hasan Wahyu Atmakusumah
12. Sajudi
13. Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
14. KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
15. Yus Rusamsi
16. Wahyu Wibisana
17. Eddi Tarmidi
18. Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).
[13]

B.Nu kadokumentasikeun dina antologi Saratus Sajak Sunda (Taun 1950-an
n.k.1990-an)
1. Kis WS
2. Olla S Sumarnaputra
3. Tini Kartini
4. Hasan Wahyu Atmakusumah
5. Sajudi
6. Yus Rusamsi
7. Surachman R.M.
8. Ajip Rosidi
9. Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
10. Wahyu Wibisana
11. Eddi Tarmidi
12. Apip Mustopa
13. Ajatrohaedi
14. Karna Yudibrata
15. Habibun Wangsaatmadja
16. Odji Setiadji AR
17. Hikmat Sadkar
18. Muhammad Santosa
19. Yus Rusyana
20. Us Tiarsa R
21. Rachmat M Sas Karana
22. Sayudin Natadisastra
23. Agus Sur
24. Eson Sumardi
25. Abdullah Mustappa
26. Karno Kartadibrata
27. Yous Hamdan
28. Yoseph Iskandar
29. Beni Setia
30. Iyas Heriyana
31. Hadi AKS
32. Dadan Bahtera
33. Deddy Windyagiri
34. Etti RS
35. Usep Romli HM
36. Nita Widiati Efsa
37. Ade Kosmaya
38. Acep Zamzam Noor
39. Godi Suwarna
40. Eddy D Iskandar
41. Juniarso Ridwan
42. Rosyid E Abby
43. Tatang Sumarsono
44. Taufik Faturohman
45. Soni Farid Maulana.
[14]

C.Nu kadokumentasikeun dina antologi 'Sajak Sunda Indonesia Emas' (Taun
1950 n.k 1995) Meh sarua jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna
nya eta:
1. Teddy An Muhtadin
2. Chye Retty Isnendes
3. Darpan Ariawinangun
4. Enas Mabarti
5. Ano Karsana
6. Risnawati
7. Hidayat Suryalaga.
[15]

D.Nu kadokumentasikeun dina Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun
alfabetis)
1. Aan Merdeka Permana
2. Abdullah Mustappa
3. Acep Zamzam Noor
4. Achmad Roestandi
5. Ade Kosmaya
6. Agus Lukmanul Hakim
7. Agus Suriamiharja
8. Ajip Rosidi
9. Aman
10. Ano Karsana
11. Apip Mustopa
12. Asep Ganda Sadikin
13. Asep Sunjaya Adhikerana
14. Asikin Hidayat
15. Asikin I
16. Asri Arumsari
17. Ayatrohaedi
18. Beni Setia
19. Chye Retty Isnendes
20. Darajati
21. Darpan Ariawinangun
22. Deddy Anggadiredja
23. Deddy effendie
24. Dede Sukmadi Dukat
25. Dede Syafrudin
26. Deden Abdul Aziz
27. Dedy Windyagiri
28. Deni A Fajar
29. Didi D
30. Dodong Djiwapradja
31. Dudum Sumarja
32. Dyah Padmini
33. Empu Surawinata
34. Endang Supardi DS
35. Euis Balebat
36. Eddi Tarmidi
37. Eddo Sy
38. Eddy D Iskandar
Teks sajak
BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalis
adi lanceuk aww lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
mana jalan geusan balik.

Budak lalaki ngala kupa
leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeun
dipulungan ku adina.

Tina rungkun buni kacida
luar-lor oray sanca
gep ngegl awak adina
nu keur anteng murak kupa.

Jrut turun budak lalaki
ana rt ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuning
reuwas kacida teuing.

Manuk Cukrik disada semu nalangsa
Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih
pucuk eurih bakal matih
Si Nyai bakal kapanggih.

Geberan ku hihid aing
hihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.

Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking.

Usik ngulisik raga tangtungan
paripurna hirup waras
ku saktina rasa asih.


Babasan
Babasan nya ta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti
sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku sarra,
[1]
atawa ucapan maneuh anu
dipak dina harti injeuman.
[2]
Babasan og sarua hartina jeung wiwilangan atawa
bibilangan, nya ta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas og
miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah
dihartikeun sabenerna.
[3]

Conto Babasan
dulang tinand (aww mah kumaha lalaki)
kawas aul (ciciduh atawa sok cumiduh)
dibeuweung diutahkeun (dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu
dimaksud)
nyalindung ka gelung (ngandelkeun usaha pamajikan
kolot sapeuting (kolot euweuh kanyaho)
ngadu angklung (para-ra omong nu taya gunana)
buntut kasiran (kort).
[3]

Paribasa
Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung
saterusana.
[1]
Upama dina ungkara :
Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah og ari ngariung jeung anak rabi mah
ngeunah ba
Paribasa manh mah ari geus mnta duit th
Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa nang anak
ngadeukeutan popotongan.
[3]

Paribasa dibagi jadi tilu, nya ta pangjurung laku had, panyaram lampah salah,
jeung wawaran luang.
[4]
Salmun ntlakeun yn papasingan paribasa disawang tina
rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan,
tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonsia, basa Arab, basa Inggris),
disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur,
ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung
ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon,
perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, lmu pangaweruh,
jeung kapercayaan).
[5]
Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu
umumna dipak ku sarra pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna,
disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa
piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah,
dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina
og jadi robah.
[3]
Bdana babasan jeung paribasa th nya ta babasan mah
ngawangun hiji kecap (kanttan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.
[3]

Conto Paribasa
Anu burung diangklungan, anu glo didogdogan, anu dan dikendangan (anu
gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh)
Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga
dosa)
Ari diarah supana, kudu dijaga catangna (ari aya barang anu diala hasilna
kudu dak ngurusna)
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus
kolot, kahayang kawas nu ngora)
Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma
og loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga
kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakwuh)
Ccndt mand kiara, cileuncang (cileungcang) mand sagara (nu miskin
hayang nyaruaan nu beunghar).
[3]

Cacandran asalna tina kecap candra (basa Sanksekerta) hartina bulan atawa
nataan. Cacandran mangrupa wangun rajkan, nyata tina kecap candra dirajk
engang mimiti (dwipurwa) binarung ngararangknan tukang -an, hasilna cacandran.
Cacandran hartina panataan kana pasipatan tempat, anu sabrhan mah siga nujum
(ramalan). Pasipatan tempat anu ditataan ta henteu dibrhkeun sacrwlna,
tapi rrana disalindungkeun atawa disindirkeun. Cacandran og mangrupa bagian
tina itungan palintangan knh. Contona:
Bandung heurin ku Tangtung
Banagara Sor ka Tengah
Ciamis amis ku manh
Cianjur katalanjuran
Sumedang ngarangrangan
Tasikmalaya sukapura ngadaun ngora
Garut jadi pangirutan
ciromed kampung beling
Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun th teu cukup ku kebul kukus jeung
ngagul-ngagulna wungkul, tapi kudu dibarung ku kasadaran yn karuhun th
ninggalkeun karya jeung hanca. Sarta mangka inget yn unggal entragan
pasti jadi karuhun, demi kawajiban urang nya ta nuluykeun hanca karuhun,
ngagarap tangtangan jaman sorangan. Nyieun karya nuluykeuneun entragan
anu pandeuri.
Uga Tatar Sunda
Patali jeung ta, sabenerna masarakat Sunda mangpirang-pirang kawaris
tradisi jeung kabudayaan ti para karuhunna. Wujud warisan karuhun
Sunda, diantarana: karya sastra saperti pantun, babad, mitologi atawa
folklore/carita rayat anu teu sepi tina ramalan-ramalan ngeunaan kajadian
anu bakal kasorang jaga. Boh anu tinulis dina kitab kahot atawa anu
dicaritakeun deui ku juru pantun, atawa ngaliwatan pituah ti para pini
sepuh jaman baheula.
ramalan-ramalan di Tatar Sunda ieu th kawentar disebut Uga, anu mh
kapanggih disaantro suklak-sikluk Jawa Barat.
Istilah Uga bisa jadi asal muasalna tina kecap Yuga atawa Duga. Di
Jawa Tengah jeung Tatar Sunda remen aya og anu nyebutna: Ogan
saperti Ogan Lopian (gambar Lopian) jimat milik Batara Kresna, ari hartina
mmper-mmper kana Ramalan.
Kaunggel dina Kamoes Basa Soenda (1948:149), kalimat Yoega hartina,
naon-naon nu diwudjudkeun; ngayoegakeun berarti ngawudjudkeun,
ngalahirkeun orok djeung ngadjaga kasalametannana.
Dina Kamoes Basa Soenda, dijntrkeun: Oega nya ta waktoe parobahan,
babakoena parobahan kaajaan nagara atawa bangsa. Moen geus nepi ka
oegana, tangtoe tanah oerang merdka. (Satjadibrata, 1948:249).
Sedengkeun dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Lembaga Basa dan
Sastra Sunda (1980:547) disebutkeun yn uga berarti tujuan nu aya
patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara
atawa darah; Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktuna nu ditujum ku
karuhun.
KH. Hasan Mustafa (1890), dina hiji tulisanna mr pengertian Uga anu
leuwih deskriptif kieu:
Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu mr bja piayaeun naon-naon
kangeunahan atawa bancang pakwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa
lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal
diruang; tapi kapakna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan
jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang knh atawa ku anak incu. Nu
matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaromongkeun geus tepi ka
ugana atawa samorong ceuk uga
Kabudayaan Sunda
Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya ta
buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa
akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi og akal
manusa.
[1]
Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna
tina kcap Latin Colere, nya ta ngolah atawa ngerjakeun.
[1]
Bisa
dihartikeun og salaku ngolah tanah atawa tatann.
[1]
Kcap culture
og bisa dihartikeun salaku kultur dina basa Indonesia.
[1]

Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa
salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung
ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi
landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupakeun
sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung
strategi-strategi nu ngawngku sarangkaian model-model kognitif nu
dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina
nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku
jeung tindakan-tindakanna.
[1]
Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku
sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun
pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung
pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.
[1]
Hiji
kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina
masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-
anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun
ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu
ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup og
sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).
[1]
Ku kituna, sakumna
warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu
henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman
jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu
disanghareupan teu salilana sarua.
[1]
Sedengkeun Sunda nya ta istilah
pikeun idntitas hiji sk slr nu nyicingan utamana bagian kulon
pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi
Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyata urang
Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut
kabudayaanana.
[2]























DAFTAR EUSI

1. A. Rumpaka kawih
B. Teks rumpaka kawih
2. A. Sajak
B. Teks sajak
3. Babasan jeung paribasa,
cacandran/uga
4. Budaya sunda ( kesenian sunda/
upacara adat




Makalah sunda


Kelompok 1


Anggota : Angela pengestu
Yulan
Mia amelia

You might also like