Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Naskah Drama Basa Sunda

Kabayan Ngala Nangka


Drama sunda komedi untuk 5 orang.
Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong pisan
Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung
nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Iteung
Kabayan
Iteung
Kabayan

: (Ngagangguan Kabayan) Kang, hayu atuh pang alakeun Nangka kanggo


Iteung!
: (Melek hiji soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh nya,
isukan. Akang teh tunduh keneh!
: (Ngambek) Huh, si Akang mah teu sayang ka Iteung!
: (Ngorok)

Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi emakna Kabayan. Sanepina di bumi emakna
Kabayan.
Iteung
: (Lumpat sabari ceurik langsung nangkeup emak) Emaaakkkkk...
Emak Kabayan
: (Reuwas) Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?
Iteung
: Eta, Ma! Si Kabayan! Kuring teh ngidam, hoyong pisan Nangka, tapina
manehna tara daek pangalakeun!
Emak Kabayan
: Geus tong ceurik atuh! Keun weh, Emak nu ngomong ka si Kabayan!
Emak sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng Iteung
ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.
Emak Kabayan
Kabayan
Emak Kabayan
Kabayan
Emak Kabayan
Kabayan

: Heh! Kabayan, kebluk! Hudang sia!


: Naon sih mak? Isuk-isuk geus adat-adatan!
: Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil, ngidam Nangka!
Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu puguh!
: Heueuh mak, sakedeung deui dipangalakeun!
: Buru! Ayeuna geura mangkat neangan Nangka! Nu kolot nya, Nangkana!
: (Hudang) Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!

Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur buahan
teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna manehna manggih
hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan

: Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana!

Kabayan langsung naek ka tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila anu boga
kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.

Kabayan

: Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida galakna deui!

Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.
Kabayan

: Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!

Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.
Nyi Ndit
Kabayan
Nyi Ndit
Kabayan
Nyi Ndit
Kabayan
Nyi Ndit
Kabayan
Nyi Ndit
Kabayan

: Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?


: Henteu Nyai.
: Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
: Bener Nyai, teu bohong!
: Demi naon sia, Kabayan?
: Demi Nyi Iteung, Nyai!
: Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang!
Urang ka imah Pa RT!
: Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang
buktina!
: (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat, sia!
Ulah kadieu deui!
: (Lumpat) Dadah, Nyai!!

Kabayan balik ka imahna. Dipapag ku Emak jeung Iteung.


Iteung
Emak Kabayan
Kabayan
Iteung
Kabayan
Emak Kabayan
Kabayan
Iteung
Emak Kabayan
Kabayan
Emak Kabayan

: Euleuh, akang! Tos dongkap?


: Meunang teu Nangka teh?
: Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
: Mana atuh Nangkana, Kang?
: Hoh? Can nepi eta Nangka?
: Hah? Nepi kumaha, Kabayan?
: Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can
nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!
: Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
: Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik
sorangan! Teu hideng!
: Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!
: Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!

Emak langsung mangkat. Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi, tapi
nangkana teu datang-datang.

You might also like