pidatonyTERa Dewii

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh.

Allah huma soli


ala syaidinamuhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi
wasalim, ama badu.
Bapak-bapak, Ibu-ibu kalih tamu undangan sadayana nu ku pribados dipika
hormat.
Shalawat kalih salam mudah-mudahan kalimpahkeun ka junjungan urang
sadaya nyatea Kanjeng Nabi Muhammad saw, kusabab anjeuna nu tos
memperjuangkeun Islam di alam dunya ieu. Nu hasilna urang sadaya janten tiasa
ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.
Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah.
Unggal jalmi tos tangtu ngadambakeun kabagjaan dunya akherat. Tah, jalan
kabagjaan eta teu bisa dijalani kucara nu santai, pinuh ku hura-hura, sareng sadaya
hal nu ngalanggar syariat Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos
ditangtoskeun ku Alloh SWT, boh nu katulis dina kitab suci Al-qur'an atawa nu aya
dina sunnah Nabi.
Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Ngalakukeun ibadah nu di mimitian ku hate nu ikhlas, janten hakekatna
nyaeta ngalakukeun sagala ka alusan nu teu hayang di tempo, komodeui
dipamerkeun ka batur. Hayu urang babareungan ngajauhkeun diri tina kalakuan riya,
kusabab kalakukan eta tiasa ngahancurkeun amal-amalan urang nu dina akhirna
janten teu aya hartina. Dina hal ieu kanjeung Nabi saw, bersabda:
Opat macam tanda bukti jalmi-jalmi nu riya, nyaeta:
1.
2.
3.
4.

Males pami nuju nyalira


Rajin pami dipayunen batur
Ibadahna getol upami dipuji
Ibadahna turun upami dicela ku batur

Kusabab kitu, kanggo jalmi-jalmi nu beriman tos sakedahna terang ka opat


macam sifat tadi tiasa ngahancurkan manusa nyaeta siksa naraka.
Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Sadaya bentuk amal ibadah pami aya rasa riya', maka hasil na sia-sia.
Kusabab kitu, hayu urang babarengan introspeksi kana diri urang masih-masing.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah
didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da
sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi.
Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala
syaidinamuhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama
badu.
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta,
sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu
tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa
ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/
ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara
anu judulna Pangaruh Internet Ka Rumaja
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring
hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ;
pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae,
cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit
sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di
desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok
disebut warnet.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi
naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang
sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon
hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman
kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng

elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana
wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa
oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet
minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
-

Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs

situs, gambar gambar, atawa video video anu teu sawajarna


Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan iklan di internet

Tapi aya oge segi positifna :


-

Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk

cicing ngaregepkeun guru nerangkeun


Bisa nambah rerencangan dina jejaring social.

Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja


biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna
lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang
sorangan.
Sakitu wae biantara ti sim kuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.

You might also like