Professional Documents
Culture Documents
Artikel Basa Sunda
Artikel Basa Sunda
atawa
tradisional,
pangpangna
di
Lamun
seureuh
dipakeubar,
biasana
sok
Sagala umur rata rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu ibu,
bapa bapa nepi ka budak SD.
Handphone emang miboga rupa rupa
manfaat, henteu ngan saukur pikeun jalma
jalma nu gawe di kantor atawa jalma jalma
anu geus boga kapentingan, tapi oge pikeun
para pelajar. Ngan hanjakal sajalan jeung
perkembangan jaman, handphone oge loba
nimbulkeun mudarat para pelajar.
Manfaat Handphone pikeun pelajar, di antarana nyaeta :
Salaku pakakas komunikasi jarak jauh, handphone bisa di gunakeun pikeun
ngagampangkeun pelajar pikeun ngumpulkeun babaturanna lamun rek kerja
kelompok atawa ngerjakeun pancen babarengan.
Handphone dijieun pikeun ngagampangkeun kahirupan manusa, ieu kabukti
yen para pelajar kabantu ku ayana handphone. Contona di luar jam sakola,
siswa bia silih nanya jeung babaturanna ngeunaan pancen, boh dina sms atawa
nelepon. Jadi siswa teu kudu kaluar ti imah.
Handphone bisa digunakeun pikeun neundeun data jeung bisa dibawa kaman
mana. Manfaat ieu contona, siswa bisa nyatet materi jeung bisa ngapalkeun di
mana mana.
Henteu ngan saukur dina widang pelajaran, dina widang hiburan oge
handphone miboga manfaat pikeun pelajar. Contona ayana fitur MP3 jeung
game. Fitur ieu bisa dimanfaatkeun ku pelajar pikeun ngahibur otak anu keur
jenuh. Jadi, otak pelajar bisa seger deui pikeun narima pangajaran.
Jaman kiwari, loba handphone anu miboga fitur internet. Ieu bisa
dimanfaatkeun ku pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan materi pelajaran
dina internet.
Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana
nyaeta :
Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun
pelajar. Sanajan bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi
ngeunaan pelajaran, tapi dina kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu
pikeun hiburan hungkul. Loba pelajar anu prestasina turun lantaran kacanduan
dunia maya, contona kacanduan facebook, twitter jeung nu sejenna.
Salian internet, fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi
pelajar. Sarua jeung internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun
digunakeun na kaleuleuwihan. Tapi kanyataanna pelajar leuwih resep maen
game tibatan diajar.
Mudarat lainna nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna
loba pelajar nu ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang
bisa ningkatkeun nilai siswa tapi bisa ngarusak mental pelajar.
Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa
pakakas komunikasi lainna kalawan bener bener. Bisa nimbulkeun manfaat
anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab sagala teknologi, bisa manfaat
atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena.
CALUNG
Calung nyata pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe
(purwarupa) tina angklung. Bda jeung angklung, cara mankeun calung mah
ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga
nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina
awi wulung (awi hideung), tapi aya og anu dijieun tina awi temen
(awi pulas bodas). Sajaba dihartikeun salaku
pakakas musik, calung og jadi istilah
sebutan pikeun seni pintonan. Aya
dua wangun calung Sunda anu
dipikawanoh, nyata calung rantay
sarta calung jingjing. Jenis calung
anu
ayeuna
mekar
sarta
dipikawanoh sacara umum nyata
calung jingjing. Calung jingjing
nyata jenis pakakas musik anu
geus lila dipikawanoh ku urang
Sunda, contona di wewengkon
Sindang Heula - Brebes, Jawa
tengah, sarta bisa jadi mangrupa
kamekaran tina wangun calung rantay.
Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis
popularitasnya
nalika
para
mahasiswa
Universitas
Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian
Dwan Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung
ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang
panaratasna, Ekik Barkah, yn dijieunna calung jinjing katut pintonanana
kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan rog anu ngadumaniskeun unsur
nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan. Saterusna dina taun 1963 wangun
kaulinan sarta tatabeuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku parakanca ti
Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun
1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD
minangka seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan
(Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K.,Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca),
sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk). Saterusna muncul grupgrup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970) jrrd,
nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola paman calung diantarana
Tajudin,Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran
kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal th ngabalukarkeun
ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrk, kacapi,
piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur
vokal pohara dominan dina calung, ku kituna ra muncul vokalis calung
kawntar, kawas Adang Cngos, sarta Hendarso.
ARTIKEL
BASA SUNDA
RIVAN JUNAEDI
KELAS : 3.G
SMPN 6 PURWAKARTA