Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Batu-batu Kinyang di Wahangan Cimerang

Kacaritekun sanggeusna mangbulan-bulan Nyai Putri Laran Pandan Layung kabur tina di
udagan musuh. Anjeuna anjog ka hiji darah Gunung Buleud, nya ta tempat padumukan
Panembahan Girang Madenda. Nempo kadatangan Nyi Puti, Panembahan Girang Madenda
ngarasa bungah. Sabab duanana nya ta buronan tantara musuh. Sanggeuna nepikeun salam
sakumaha anu sok dipilampah ku masarakat Pajajaran, tuluy Nyi Putri nyaritakeun
lalampahanana.
Pun Bapa geus tiwas, yang. Nyai meunang pituduh pikeun nepungan yang.
Tuluy kumaha maksduna Nyai?
Taya deui tempat pikeun ngiuhan, Eyang. Indung jeung bapa geus tiwas duanana. Nyai
hayang nuturkeun arinyana. Tulungan yang.
Nyai hayang ngilu ka alam baka?
Leres yang.
Hirup geus aya nu ngatur. Tong miheulaan kayang Hiyang Maha Tunggal.
Lain maksud pikeun bunuh diri. Nyai hayang tilar dunya salaku warga Pajajaran nu
terhormat. Ceuk Nyai Putri.
Sakedapan mah Sang Panembahan ngahuleng, ngimut ngimeutan ta omongan Nyi Putri
Laras Pandan Layung, tuluy jasmedi pikeun mnta pituduh ka Hiang Maha Tunggal. Teu lila
kitu, tuluy Panembahan Girang Madenda cumarita.
Kieu Nyai. Urang teu bisa ngalawan kahayang Hyang Maha Tungal. Saperti datangna
Nyai ka ieu patempatan, ta th geus diguratkeun ku Hiyang Maha Tunggal. Anu kudu
dipikanyaho, kahayang Nyai bakal cumpon, sabab ditatapakan ku rasa hayang babakti ka nu jadi
idung bapa katut raja. Maotna Nyai tangtu moal sia-sia.
Panembahan eureun cumaritana, tuluy nempo ka sakuliahna. Huma nu ngaplak dina sisi
tegal pasir. Ngajadikeun ndah tetempoan. Teuteupanana eureun nalika nempo Nyai Putri nu
keur ngadagoan omonganana.
Jaganing geto, jasad Nyai bakal tilem, bakal mirupa sumber pakasaban rahayat. Sacara
turun-tumurun maranhna inget ka Nyai. Dina engk tatapa, Nyai kudu tuluy mnta ka Hyang
Maha Tunggal sangkan naon anu dipikahayang bisa sumpon. Inget naon anu ku yang
ditepikeun ta kalayan pituduh ti Hyang Maha Tunggal.
Dimana Nyai kudu tapa yang. Ceuk Nyai Putri teu sabaran.
Teu jauh ti ieu tempat
Nyai leumpang turun gunung. Lamun saupama engk Nyai manggihan wahangan leutik
anu ngamalirna ka belah kulon. Tah didinya pisan Nyai th tapana. Iraha Nyai bakal miangna?
Ayeuna knh yang. Tapi sammh Nyai miang. Nyai titip pusaka nu jadi kolot
sangkan teu milu tilem. Mugya yang teu nolak ieu titipan.
Naon ta th, Nyi?
Ieu benten (beubeur), pamr pun biyang
Nyai Putri Laras Pandan muka beubeurna, nu pinuh ku batu-batu kinyang. Sakedapan ta
beubeur diilikan ku Ki Panembahan. Tuluy cumarita, Lain Nyai, yang lain jalma nu pantes
pikeun nyekel ieu barang. Pak wa ku Nyai. Hyang Maha Tunggal mikahayang Nyai nu
makna. Jung geura miang. Saupama Hyang Maha Tunggal mikayang, yang bakal nyusul ka
tempat Nyai tapa.
Sangeusna nepikeun nuhun kana pituduh ti Panembahan Girang Madenda. Nyai Putri
miang ka tempat anu geus dituduhkeun.

Sanggeusna Nyai Putri Laras Pandan Layung nepi ka wahangan leutik nu ngamalirna ka
belah kulon. Tuluy inyana mapay sisi wahangan tug nepi ka girangna.
Sanggeusna mnta widi ka Hyang Maha Tunggal. Tuluy Nyai Laras Pandan Layung diuk
dina luhur batu badag anu aya di tengah ta wahangan, nya ta pikeun ngamimitian tapa.
Po ka po, bulan panggih bulan, teu karasa Nyai Putri geus sataun lilana tatapa di ta
tempat. Dina hiji peuting nalika bulan purnama tembong taya aling-aling. Aya soara teu jirim
rupa cumarita.
Nyai geus kadng naon nu dipnta ku anjeun. Pamnta anjeun bakal cumpon.
ta wangsit nu jirimna sora ti Hyang Maha Tunggal. Nu geus lila didadoaan ku Nyai
Putri Laras Pandan Layung.
Sammh hidep ngahyang, inget ieu talatah. Benten nu ku hidep di pak bakal milu
tilem bareng jeung raga hidep. Batu kinyang anu ngahias dina ta beubeur bakal anakan tina po
ka po. Kitu kahayang alam. Tah, kiwari anejun tatahar, jasad anjeun bakal ditarima.
Teu lila kitu, ta sora ngaleungit. Nyai putri Laras Pandan Layung maca mantra-mantra
satuluyna ta jasadna ngahyang tina teuteupan. Benten nu pinuh ku batu-batu kiyang tetep cicing
dina batu tempat inyana tapa. Tapi cai wahangan nu asalana leutik jadi ngabadagan.
Panembahan Girang Madenda datang pikeun nyumponan janjina. Ngan nalika inyana
nepi ka ta patempatan, kasampak cai wangan geus ngamalir badag. Inyana tuluy ceurik bari
nyarita sorangan.Anak incu kahareupna bakal nelah ieu Ci Merang, sabab ieu wahangan bakal
mr kasejahteraan ka arinyana.
Sanggeuna kitu, Panembahan Girang Madenda maca mantra, teu lila kitu jasadna
ngahyang.
Nepi ka kiwari darah anu kaliwatan ku ngamalirna wahangan Ci Merang mangrupa darah
subur pinuh ku pasawahan. Batu-batu anu aya di ta wahangan CiMerang mangrupa salasahiji
pakasaban pikeun masarakat di sabudeureunana. Kiwari kampung anu aya di sabudeureun ta
wahangan katelahna kampung Cimerang.

You might also like