Novel Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 18

NOVEL SUNDA

Novel mangrupa salasahiji genre sastra Sunda, datangna tina sastra bangsa deungeun, lain asli pituin
sastra Sunda. Novel nya ta carita rkaan nu rlatif panjang dina wangun prosa sarta miboga alur, carita, jeung
karakter anu kompks. Ku alatan panjang, novel biasana mah sok mangrupa buku.
Novel Sunda nu mimiti medal nya ta Baruang Kanu Ngarora nu ditulis ku D.K. adiwinata dina taun 1914,
dipedalkeun ku Balai Pustaka. Novel Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia, sabab novel dina basa
Indonesia mah kakara aya dina taun 1920 (Azab dan sengsara, Merani siregar).
Unsur-unsur nu aya dina novl sarua ba jeung dina genre saastra lianna kayaning tma, alur, latar,
penokohan, sudut pandang, jeung amanat. Carita dina novl biasana mah sok dipasing-pasing dina bab atawa
bagian.dumasar kan caritana, novel bisa dipasing-pasing jadi:
1. Novel silih asih
: nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama
2. Novel kulawarga
: nyaritakeun masalah kulawarga palaku utama
3. Novel social
: nyaritakeun atawa nyoko kana masalah sosial masarakat
4. Novel misteri
: nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah
5. Novel sajarah
: nyaritakeun kajadian sajarah
6. Novel jiwa/psikologi : nyaritakeun kayaan kajiwaan
Sababraha pangarang novel Sunda:
1. D.K. adiwinata
: Baruang kanu Ngarora
2. Joehana
: Carios Agan Permas
3. R.Memed Sastrahadiprawira
: Pangran Kornel
4. Ahmad Bakri
: Payung Butut
5. Yosef Iskandar
: Perang bubat
Unsur carita:
1. Tma: inti pikiran/puseur implengan tina carita.
2. Alur: leunjeuran carita/lumangsungna carita.alur kabagi kan tilu nya ta:

Ngaguluyur: nyaritakeun ti awal nepi ka lekasan

Bobok tengah: langsung kana masalah atawa ka tengah-tengah carita

Ti tukang: nyaritakeun ti tungtung


3. Palaku

Palaku utama

Palaku pembantu

Palaku tambahan
4. Lattar/setting
5.Sudut pandang

Ngagunakeun kuring

Ngagunakeun ngaran tokoh/jalma


6. Amanat: hal nu rk ditepikeun ku pengarang tina eusi carita.

Ringkesan Carita:
Saurang budak yatim SiWarji ngaranna. Manhna umur kurang leuwih sawelas
taun. Babarengan indungna, manhna nempatan hiji imah leutik anu geus reyot. Sanajan maranhanan
hirup dina kamiskinan, ibu Warji henteu kungsi kaleungitan asih kaasih sok nasehatan Warji
ambh jadi anak anu jujur, panyabar, mikahapunten sarta dak nglhan ukur nyiptakeun kahadean.
Cocoba anu kaalaman kudu disanghareupn Warji kalayan tabah. Manhna mindeng meunang
parlakuan anu kirang hade ku lantaranWarji lain anak jelema beunghar. Warji sok dipoyokan, teu dibaturan,
malahan mindeng diheureuyan ku barudak sjn anu diogo ku kolotna kawas Si Begu sarta Si utun.
Dina hiji sabot, Warji bisa nulungan Asep
Onon, anak Lurah anu tikusruk ka dina hiji sumur garing. Saprak ta pisan Warji jadi sobat Asep Onon
anu mimitina geuleuheun pisan. Minangka tanda hatur nuhun luhur pertolongan Warji, Pak Lurah ngangkat

Warji jadi tukang ngagon munding.


Kulawarga Pak Lurah pohara mikanyaah ka Warji, sarta Asep Onon jadi rncang akrab Warji.
Warji mindeng diajarkeun maca sarta nulis ku Asep Onon. Kulantaran Warji getol sarta otakna encer, dina
waktu anu henteu kitu lila manhna geus bisa maca sarta nulis.
Dina hiji po Asep Onon gelut jeung Si Begu sarta Si utun. Untungna weh Si Warji geura-giru datang. ku
kituna Si Begu sarta Si Utun bisa dilhkeun ku Si Warji. Sanggeus mangtaun-taun Warji hirup nuturkeun Pak
Lurah , pamustunganana manhna diangkat jadi salah saurang pagaw dsa, sedengkeun Si Begu sarta Si
Utun kagok bangor saterusna jadi penjahat.Kejahatan Si begu sarta Si utun kakara ngandeg sanggeus Si
Warji kalayan teuneung sarta pinuh kawanian nwak maranhanana sartamikeunana ka anu berwajib. Minan
gka tanda pangjn. Warji narima kado ti Bapa Lurah.
Kaleuwihan tina ieu novel nyaeta medarkeun sagala paristiwa anu hade sarta cocok pisan pikeun barudak
anu maca. Sarta salian ti eta ieu novel oge dilengkepan ku gambar-gambar anu ngawangun ieu carita. Anu
pamungkas nyaeta loba pisan nilai-nilai moral anu bisa diturutan ku urang sadayana.
Kakurangan tina ieu novel mah ngan sakedik, ngan ukur tina gambarna masih keneh kurang jelas sarta
basana oge kurang kaharti ku budak leutik.

RESENSI BUKU BASA SUNDA


Nulis rsnsi buku dina dasarna sarua jeung nulis anu lian. Dina nulis rsnsi buku, panulis kudu maca hela
ta buku anu ark diresensi. Dina rsnsi buku fiksi, panulis kudu nyieun hela sinopsis atawa tingkesan jalan carita
ta buku atawa ngajn aspk-aspk ditingali tina kacamata sastra. Pikeun karya ilmiah atawa nonfiksi, panulis
ngajpn aspk-aspk tina widang lmu atawa topik hiji buku. Buku-buku anu rk diajn aya hubungan, aya
mangpaatna, atawa ngabogaan kaonjoyan.
Nulis rsnsi buku atawa ngarsnsi buku, kira-kira sarua jeung meunteun (ngajn) hiji buku. Biasana lain
ba eusina, sanajan ta nu diutamakeun, tapi ngurung basana, cara/pola nulisna, sanajan, malah ilustrasi jeung sisi
artistik og tara kaliwat diajn. Ngan umumna ngeunaan ilustrasi jeung artistik mah, cukup saluwat-saliwat.

Ngarsnsi th pagawan kritikus atawa sok disebut rsnsator. Profsi anu teu lh pentingna
dibandingkeun jeung pangarang. Ku kituna kacida diperlukeunana. Hasil rsnsi bisa dipak panungtun, naha buku
ta th alus atawa gorng.
Lamun alus lebah mana alusna, lamun kakurangan sisi mana kakurangannana. Hanjakalna, utamana nu
rajin ngarsnsi buku-buku basa Sunda, beuki dieu beuki langka. Bisa jadi lantaran buku nu rk dirsnsinana og
henteu loba. Sastrawan Sunda th dipiwanoh salaku kritikeus. Utamana buku-buku (karya) sastra jeung basa.
Ngiritik atawa ngarsnsi buku, tangtu ba henteu bisa sawayah. Perlu modal pangaweruh widang anu rk
dikritikna. Kritikeus sastra kudu ngarti kana soal-soal sastra. Nya kitu deui mun urang rk ngarsnsi buku
ngeunaan basa, kudu paham heula kana soal-soal basa.
Asal rajin maca, hidep og bis jadi kritikeus. Saperti disabit tadi ngarsnsi th prinsipna mah ngajn atawa
meunteun hasil karya boh fiksi atawa nonfiksi. Conto fiksi anu bisa dirsnsi buku pangajaran atawa karangankarangan ilmiah. Conto nonfiksi anu bisa dirsnsi nya ta drama, novel, kumpulan carpon, kumpulan dongng,
sinetron, film jeung ra-ra deui.
Aya sababaraha faktor dina ngarsnsi buku, nya ta teu nutup kaonjoyan jeung kahngkran buku ta.
Ngajn hiji buku dina ngajn lain ngabebetkeun ta buku, tapi ngan saukur ngavaluasi atawa catetan pikeun
pangarang jeung anu medalkeunana pikeun ngahadan buku upama buku ta rk dictak ulang. Leuwih alus dina
ngajn kahngkranana anu dijadikeun fokus utamana ngajn sabub buku anu rk dirsnsi kudu perlu
dipertimbangkeun sabag buku anu layak dibaca. Ku sabab kitu buku anu loba kakukarangan-kakurangan alusna
teu dirsnsi. Prak-prakanana :
1. Buku nu rk dirsnsi baca heula sing taliti, alusna ulah ngan sakali. Naon judulna, saha pangarangna, medal
taun sabaraha mun aya cetakan kasabaraha, pamedalna, harga, ukuran buku, jeung kaca
2. Geus enya-enya katangkeup eusina, timbang lebah mana kaonjoyanana jeung kahngkrannana. Naha aya anu
anh/istimwa atawa sabalikna.
3. Taliti basana; tata basa, istilah-istilah, jahan, gaya basa, mun perlu nepi ka titik komana, utamana upama anu
dirsnsina buku ngeunaan basa.
4. Pola nulisna; ngeunah henteu dibacana, karasa henteu rasa basana, jeung komonikatif atawa henteu.
5. Sakira dianggap penting, titnan ilustrasi jeung tata artistikna. Naha ilustrasina merenah atawa malah tojaiah,
teu ka ditu teu kadieu. Nya kitu deui tata artistikna. Nya kitu deui artistikna, pangpangna hurup jeung
metakeunnana, nagreunah henteu katnjona.
6. Upama tujuannana hayang mr gambaran lengkep ka nu maraca, ulah poho taliti jumlah kaca jeung hargana.
7. Sanggeus kitu kakara hasil pangajn urang ditulis. Inget, dina ngasongkeun pangajn kudu enya-enya objktif.

Resensi Buku Laleur Bodas

Dina pabukon sunda aya sawatara carita anu disebut 'carita dekektip', diantaranadiarah pati beunang
margasulaksana jeung Laleur Bodas beunang samsu. Samsu teh lain ngaran anu saenyana tapi sandiasma anu
diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah
H. E Susangka). Kumaha ari margasulaksana? Wallahu'alam. Gedekamungkinan eta oge sandiasma au nepi ka
kiwari tacan kapaluruh saha jenengan anu saenyana. Eta dua carita disebut 'carita detektip', padahal urang pada
terang yen dina eta dua carita, henteu aya detektip saurang-urang acan. Bisa jadi kulantaran aya anasir rahasiahna.

Detektip teh pulis atawa pagawe pausahaan jasa anu tugasna kalawan rerencepan maluruh hal-hal anu ditanyakeun
ku langgananana. Lamun pulisi, biasana maluruh kajahatan (umumna rajapati) nepi ka nu ngalakukeuna kacerek.
Sabada sag detektip meunangkeun bukti-bukti pikeub ngajagragkeun panjahatna ka pangadilan, rta penjahat teh
ditangkep. Tapi ari detektip pausahaan swasta anu nawarkeun jasa pikeun mangmaluruhkrun sagalarupa hal pikeun
kapentingan langgananana, henteu salilana (malah umumna mah henteu) aya patalina jeung kajahatan. Di sawatara
nagara, aya pausahaan detektip nu diantarana mangmaluruhkeun kaayaan calon salaki atawa kulawarga calon
pamajikan anak anu menta dipangmaluruhkeun jeung pibesaneun teh. Aya oge anu menta dipangmaluruhkeun naha
enya salaki atawa pamajikanana sok nyolowedor, pangpangna pikeun dijadikeun bukti lamun ek pepegatan.
Dina pabukon kulon memang aya golongan carita anu nyaritakeun hiji tokoh pulisi anu jadi detektip
nyanghareupan rupa-rupa kasus kajahatan, pangpangna nu mangrupa rajapati. Pangarang anu geus sukses
ngajaulkeun hiji tokoh detektip nepi ka dipikaresep ku nu macana, tuluy nyieun seri carita anu nyaritakeun eta
tokoh ngabongkar rupa-rupa kasus kajahatan. Tokoh-tokoh Sherlock Holmes karangan A. Conan Doyle pangarang
ti Inggris jeung Inspektur Maigret (dina karangan-karangan pangarang Prancis George Simenon), Inspektur Poirrot
(dina karangan-karangan pangarang wanoja Inggris Agatha Christie)
Pangarangna nepatken carita laleur bodas jiga kajadian di kuningan. Sangkan jiga, patepungna lili jeung basri
peuting-peuting basa merego Sumarni bobogohan jeung Didi, disebutkeun di Haur Duni; wallahu'alam aya
heunteuna mah eta patamanan teh. Sabab sanyatana, eta carita teh bisa bae kajadian di tempat sejen, lain di
kuningan, da henteu aya kajadian atawa alur caritana anu memang kudu Kuningan. Ari Sababna matak milih
Kuningan mah, kateguhna babari, eta meureun dumeh pangarangna duanana oge tedak kuningan.
A.Identitas Buku
Judul

: Laleur BODAS

Pangarang

: Samsu

Wedalan

: PT Kiblat Buku Utama


: Jl. Gumuruh No.38, Bandung 40275

Telp/fax

: +62227330595

Surat-e

: penerbitkiblat@yahoo.co.id

Situs

: http://kiblatbukusunda.blogspot.com/2007/01/laleur-bodas.html

Perancang Jilid

: Deddy Subandi

Ilustrasi Jilid

: Yusuf Afendi

: Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-3, Yayasan Bakti Haruman, 1992; Citakan ka4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5, Kiblat Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.
: 14,5 x 21 cm.; 188 kaca
: Rp 20.000,-

B. Kapangarangan
Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran au saenyana tapi sandiasma
anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka
(ayeuna mah H. E Susangka), duanana oge tedak kuningan.

C. Tingkesan

Basri hahadan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranhna bet merego Didi
nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben
diganggu mak rupa-rupa jalan. Sajeroning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti Laleur Bodas, tepi
ka manhna remen salamet tina laku jahat panggaw deungeun. Saha ari Laleur Bodas th?
Laleur Bodas th caritana basajan, henteu pabeulit cara ilaharna carita mistri, tapi henteu welh
ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana Laleur
Bodas th.
D. Tokoh jeung Panokohan
: Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi kabogoh.
: Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,
: Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.
: Anak Buah subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah kana kahadean.
: Anak Buah Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita.
: Tokoh jahat. Watakna goreng.
Jeung sajabana.

E. Unsur Carita
1. Alur
Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.
2. Tema
Carita Detektip atawa Crita Misteri.
3. Katerangan
Tempatna di Kuningan.

F. Kaunggulan jeung kalemahan


Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos kieu :
1.

Kaunggulan
- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.
- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
- Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2.

Kalemahan

- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji kulawarga.
- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.

wawancara bahan ajar


Komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu
geus ditangtukeun sammhna.
Lngkah-lngkah wawancara:
(1) nataharkeun strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan
a. Persiapan teknis. (alat perekam, alat komunikasi, alat tulis jsb.)
b. Persiapan non teknis:
pangaweruh ngeunaan topic wawancara

profil umum (karakter) nara sumber


kaparigelan ngawawancara
etika wawancara
perjanjian dengan nara `sumber.
pertanyaan sacara runtut ( dari hal yang umum ke khusus atau
sebaliknya).
(2) ngalaksanakeun wawancara : sasadu,nanya idntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit
(3) ngukur hasil/dskripsi hasil. : berita/deskripsi
Tujuan waancara:
(1) Seleksi pagaw
(2) Panalungtikan/data
(3) Berita
(4) Jsb
Rupa-rupa wawancara:
(1) Wawancara berita, pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana
(2) Wawancara pribadi, datang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinh
(3) Wawancara ka jalma loba, pikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal
(4) Wawancara dadakan

PEDOMAN WAWANCARA
Wawancara ka Pasar Singaparna
Informasi
Identitas

Rincian informasi
Ngaran- Umur

narasumber

Alamat

Kulawarga

Pagawan

Kasangtukang pagawan

Ti iraha

Kumaha ksangtukangna

Naha milih ieu pagawan

Pamadegan

Pross dagang

Kauntungan

Masalah/hambatan

Konsumen
Pindahna kabupaten-

Pangaruhna

narasumber

Relokasi pasar

Perbandingan antara pasar tradisional jeung pasar modern

Saran ka pamarntah

Bagian-bagian warta:
Headline: judul warta
Deadline: ngran media,tempat kajadina, tanggal
Lead: bubuka warta/inti warta
Body: eusi warta
Unsur-Unsur Berita
(1) What apa yang terjadi di dalam suatu peristiwa?
(2) Who siapa yang terlibat di dalamnya?
(3) Where di mana terjadinya peristiwa itu?
(4) When kapan terjadinya?
(5) Why mengapa peristiwa itu terjadi?
(6) How bagaimana terjadinya?
(7) What next terus bagaimana?
Wawancara-warta-langsung-teu langsung
Kalimah teu langsung dicirian ku kecap-kecap yn, cenah,
Conto naskah warta
INOVASI DINA GOLEK
(Bandung, 17/12/2010) Wayang golk kiwari geus loba robahna, loba inovasi nu geus dilakukeun. Nu
ngalakukeun inovasi dina wayang diantarana nya ta dalang Asep Sunandar Sunarya. Inovasi dina wayang th
aya nu panuju aya nu nolak.
Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun nangan bahan carita bisa tina sababraha jalan. Bisa tina Koran,
berita, bisa og tina kaayaan sapopo. Wayang th mangrupa alat pikeun nepikeun sagala hal ka masarakat, ku
sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang og dilakukeun sangkan
masarakat teu ditaringalkeun.
Inovasi dina wayang ieu loba og anu nolak. Sabab bisa ngabalukarkeun wayang leungiteun idntitas og
ngarempak tetekon. Asep kurang panuju kana anggapan ieu, manhna nganggap yn inovasi dina golk th lai
pikeun ngarempak tetekon tapi sangkan wayang terus dipikaresep ku masarakat. Asep og nganggap yn ari
ngaranna budaya mah dinamis salawasna robah, jadi wayang robah og teu kunanaon..

Laporan jurnalis bahasa sunda


Situs Gunung Padang
Basa nuju kelas hiji SMA abdi ngiring wisata ka gunung padang sareung murid-murid SMAN 1
KADUPANDAK anu tempatna di kampung gunung padang sareung panggulan, desa karyamukti, kecamatan
campaka, kabupaten cianjur jawa barat.

Situs gunung padang teh mangrupakeun bangunan punden berundak paninggalan zaman prasejarah kabudayaan
megalitikum. Padang teh hartosna caang, jadi gunung padang teh gunung nu caang.
Kanggo dugi ka tempat na situs gunung padang teh abdi keudah naek tanga heula ka luhur, aya dua pilihan
naek ka luhur teh , aya nu liwat tanyakan mengkol sareung aya nu leumpeung. abdi sareung rerencangan milih
tanyakan nu mengkol, eta mah meunika cape pisan sareung cangkel, bangunku luhur tangana. pas dugi di luhur
sanes bitis wae sareung pingping nu nyareuri, tapi mastaka oge meunika rieut. tapi abdi masih cenghar kulantaran
ningali pamandangan nu endah tur hawana iis. Situs gunung padang ieu di kurilingan ku lima gunung, kamana oge
ngalieuk pasti ningali gunung ti jauhan.
Di situs gunung padang aya seueur batu balok sareung batu segi lima, saur kuncen na mah nu segi lima teh aya
hubunganna sareung lima gunung anu ngurilingan situs gunung padang. seueur batu nu ngalayah , batu-batu eta teh
mun di takol bakal disada.
saur kuncenna mun weungi dinteun salasa sareung juma'ah sok aya nu disada sora gamelan. di situs eta teh aya
batu nu namina batu tapak kujang sareung batu tapak maung, jsb.
mun di pangluhurna aya peti tina kai candana nu seungit. Situs gung padang teh saur na mah umur na teh kira-kira
kurang leuwih 10.000 taun.

Impik-implik
Cireundeu Kampung Nanjung Alatan Sampeu
Inget kana raskin (beras miskin) ras ka Cireundeu? Naon pancakakina Cireundeu
jeung beas. Naha eta teh gudangna beas? Lain! Lain eta! Urang Cireundeu mah teu
kapangaruhan ku tigeratna beas.
***
Inget ka Cireundeu. Ras jig. Mangle ngajugjug eta lembur nu perenahna di
wewengkon Cimahi. Dina hawa tiris awal Maret 2009, sawatara waktu ka tukang, kirakira tabuh dua, cunduk ka eta lembur. Tangtu nyorang nanjak mudun, da eta
patempatan teh ayana di padataran luhur tatar Bandung, nu sabagian mah
'ngelewung' lir katel nangkarak upama dititenan ti luhur mah.
Cireundeu, pernahna di wewengkon pagunungan Gajahlangu. Kaasup wewengkon
luhur keur padataran Bandung mah. Eta tempat, kurang leuwih 890 meter tina
beungeut cai laut. Ti lebah dinya, bruh-breh padataran Kota Cimahi, Kota Bandung,

jeung lembur-lembur wewengkon kabupaten Bandung. Nyawang ti lebah dinya, moal


henteu baris nyesakeun pangalaman endah nu moal babari kapopohokeun.
Ngan, upama eta wewengkon jadi pada mikawanoh, nepi ka Perserikatan Bangsabangsa (PBB) katajieun ku eta wewengkon, tangtu lantaran aya pupurieunana. Kitu
teh, lantaran padumukna boga kabiasaan mandiri. Taruangna, lain sangu saperti
umumna urang Jawa Barat, tapi sampeu anu katelah rasi!

Alatan Sampeu
Basa bras ka eta lembur, ngahaja wanci kaum ibu keur nyarangu. Keur meujeuhna riweuh di dapur, nyayagikeun
tuang sore. Tapi, memang beda jeung kabiasaan urang lembur umumna di tatar Sunda, di dinya mah taya nu
napikeun beas, taya ngisikan, taya nu nyangu beas. "Nya kieu we sadidinten teh ngokolakeun sampeu," ceuk Ny.
Elis, urang Cireundeu, Kacamatan Leuwigajah, Cimahi, Jawa Barat. Ieu wanoja nu umurna 54 taun teh, geus
'manukna' dina ngokolakeun sampeu mah. Malah, Elis mah boga panggilingan sampeu sagala, minangka lahan
usahana. Enya, apan nu ngolah sampeu teh, butuh panggilinganana.
Dina ngokolakeun sampeu, urang Cireundeu geus manukna. Pakakasna rupa-rupa naker. Ti mimti parud nepi ka
panggilingan, nyampak di Cireundeu.
Keur urang Cireundeu, kabiasan karuhun mawa barokah. Dina mangsana tigerat ku beas, teu kudu nguyang
dahareun ka batur. "Ka dieu mah tara kungsi aya raskin," pokna. Elis katut para kaum ibu di Cireundeu, tara 'apal'
harega beas.
Upama ceuk iklan kompanye 'versi' pamarentah, taun ieu ngalaman swasembada pangan (beas), keur urang
Cireundeu mah geus ti baheula mula. "Alhamdulillah, tara kakurangan tuangeun," ceuk Ny. Elis.
Ngolah sampeu jadi jadi rasi di Cireundeu mah beda jeung wewengkon sejen. Sampeu teu kudu dijieun gaplek
atawa gatot (sampeu dipoe sina hideung). Geus diberesihan langsung digiling atawa di parud, caina diperes diala
acina, hampasna dipoe sina garing. "Tah hampas nu tos kenging moe disebat rasi. Kakiatanana tiasa dugi ka tilu
sasih," pokna.
Nurutkeun catetan inohong Cireundeu, mimitna mah urang dinya teh, saperti umumna urang Sunda. Katuangan
pokona sangu. Tapi, kabiasaan kitu teh robah, janten naruang sampeu," ceuk Emen Sunarya, pupuhu adat
masarakat Cireundeu.
Upama urang Cireundeu bisa ngarobah kabiasaan, tangtu teu leupas tina palsapah hirupna, nu di antarana boga
karep ngagunakeun nu bisa dimangpaatkeun. Kitu teh, luyu jeung kekecapanana nu dipuhit ku urang dinya. "Teu
nyawah, asal boga pare, teu boga pare asal boga beas, teu boga beas asal bisa nyangu, teu bisa nyangu asal dahar,
teu dahar asal kuat!" Kitu Emen nyitat kekecapan karuhunna.
Ucapan kitu, lain ukur semet lalambe. Pok dibarengan ku prak-prakanana. Atuh, dina mangsa tigerat ku beas,
saperti kaalaman taun 1918, Omah Asamah binti Haji Ali (nu ngababakan di Cireundeu), ngamangpaatkeun
sampeu jadi katuangan pokok. Sampeu nu nyampak disabudeureun eta lembur, dikokolakeun jadi tuangeun.
Paripolah Omah, ditaruturan ku tatangga sabudeureunana. Ahirna, teu boga beas ge tetep bisa nyangu!
Karancagean Ny. Omah, teu gaplah. Ti harita, kaum ibu urang Cireundeu nyarangu sampeu. Atuh, sanggeus
nyorang alam kamerdekaan, Ny. Omah Asnamah ge boga jujuluk Pahlawan Pangan.
Urang Ciereundeu, boga gaya hirup mandiri. Laku-lampahna teu weleh titen kana kaayaan alam. "Gunung kaian,
gawir awian, cinyusu rumateun, sampalan kebonan, pasir talumana, daratan sawahan, lebak caian, legok balongan,
situ pulasaraeun, lembur uruseun, walungan rawateun, jeung basisir jagaeun!" Kekecapan karuhun kitu, masih
keneh nongtoreng dina masing-masing pikiran urang Cireundeu.
Urang Cireundeu, payus bungah. Dina kaayaa ayeuna, nu disawatara tempat mah karasa sarwa werit ku
pangabutuh, malah nu taruangna sangu mah nepi ka ngalaman rawan pangan, atawa kapaksa dahar sangu oyek,

urang dinya mah teu ngalaman tigerat ku dahareun, sabab masarakatna ngabiasakeun tuang "Rasi" (beras
singkong).
Urang Cireundeu, gugon kana adat talari kahuruh. Ngan, upama urang dinya ngeukeuhan kabiasaan, lain hartina
nutup diri tina pangaruh luar. Jinek, padikana ge sakur nu hade ti luar moal burung dibageakeun, kalayan moal nepi
ka nyilih kabiasaan karuhun nu mangpaat keur kahirupan balarea. "Nya atuh upami nutup diri, kumaha bade
majuna. Ti kapungkur sesepuh di dieu teu nutup diri, pangaruh luar ditampi. Ku kituna Cireundeu mah tiasa
disebatkeun kampung adat nu modern," pokna.
Kabiasaan tuang sampeu, keur warga di dinya mah loba untungna. Najan beas 'mahal' moal aya pangaruhna kana
kahirupan sapopoe. Kitu teh, lantaran teu gumantung kana beas. Atuh keur nyumponan pangabutuh tuangeun,
sampeu mah ngalayah di mana-mana. Lahan keur melak sampeu, sadia di saban tempat. Rek di lahan datar, rek di
nu dengdek, sampeu mah teu weleh jadi. Urang Cireundeu, biasa marelak sampeu dia lahan 25 hektar. Sagigireun
eta, lahan sejenn ge kacida legana. Lahan di Pasir Panji, Gunung Jambul, Gajahlangu, Puncaksalam, Gunung
Cimenteng nepi ka lahan nu tapel wates jeung Kacamatan Batujajar, kurang leuwih 800 hektar. Ari lahan nu dipake
padumukan mah ukur kurang leuwih lima hektar.
Urang Cireundeu, teu boga karep hayang pindah kana beas. "Sanes wungkul lantaran beas langkung awis, tapi,
memang kirang cocog kanggo urang Ciereundeu," pokna. Kungsi kaalaman ku budak nu sakola di luar Cireundeu,
heug tuturuti ngabiasakeun tuang sangu, tapi kalah gering!
Urang Cireundeu, tara kakurangan ku tuangeun. Najan ti mimiti melak nepi ka panen butuh waktu nepi ka 12
bulan, panen mah bisa saban bulan. Lantaran tina lahan nu 25 hektar ge bisa diatur melakna, nepi ka panen teh bisa
sabulan sakali. Rata-rata saban bulan teh sakali dua hektar nu hasilna 34.000 kg. Upama leukeun diitung, memang
moal burung nyesa. Pihak Kelompok Tani Kampung Cireundeu boga itung-itungan saperti kitu. Upama jumlah
penduduk nu 266 kepala keluarga (KK) 75 persen tuangna rasi, kabutuhan sabulan mah ukur 1560 kilogram.
Sesana, bisa keur rupa-rupa kataungan olahan. Tina aci sampeu, rupa-rupa kadaharan bisa diolah ti mimiti kue
bolu, kurupuk sampeu, talem sampeu, opak, rangining nepi ka peuyeum mutiara nu dibungkusanana ku daun cau,
malahan tina sesa panamperanana oge bisa keneh kaarah, dijieun 'elod'. "Sampeu di Cireundeu mah teu aya nu
kapiceun, sadayana tiasa ka arah dugi ka kulit sampeunana oge sok didamel kere," ceuk Ny. Elis teu weleh mesem.
Sanajan kadaharan pokona sampeu, urang Cireundeu teu 'tinggaleun' ku daerah sejen. Ieu wewengkona nu
perenahna deukeut pamiceunan runtah atawa nu katelah tempat pembuangan ahir (TPA) Leuwi Gajah, teu weleh
jadi pangjug-jugan nu ti mana nu ti mendi. Loba nu ti luar pulo Jawa, saperti ti Balikpapan, Singkawang jeung
sajabana, ngahaja datang ka Cireundeu 'sakola' ngeunaan cara ngolah sampeu jeung cara melakna sangkan hasilna
nyugemakeun. "Komo pami nu ti Papua mah,salian ti hoyong terang cara ngadamel rasina, oge ngahaja nyandak
bibit sampeu ti dieu saurna kanggo dipelak di ditu," ceuk Pupuhu adat kampung Cireundeu, Emen Sunarya.
Emen nu umurna 73, salah saurang incu H.Ali ngajentrekeun, sampeu Cireundeu ka bula ka bale, rek dielodkeun,
rasi atawa dijieun bolu jeung peunyeum oge tara karasa pait atawa keutar. Ku lantaran kitu, teu aneh teu sing
upama loba nu ngahaja datang ti jauhna hayang apal kana cara ngokolakeun sampeu di eta tempat. "Malihan PBB
mah nyuhunkeun sangkan Cirendeu teh tiasa 'nepakeun' cara ngolah sampeu da daerah sanes, kumargi saurna
ayeuna teh nuju kajantenan krisis pangan janteun upaya 'diversifiikasi' pangan sapertos di ieu daerah kedah
langkung dimasarakatkeun," ceuk H. Emen semu bungah..
Kahirupan di Cireundeu teu beda jeung masarakat di daerah liana. Nu ngabedakeun masarakat di ieu daerah, ceuk
Emen, kabiasaan tuangna, kadahran pokona sampeu tea. Ari deungeun sanguna mah saperti di daerah sejenna we,
tahu- tempe, ditambah sayur lodeh. Aya nu jeung sop, rendang, asin atawa pindang tongkol, ceplok atawa dadar
endog. Cindekna, kadaharan sejennna mah prah jeung nu lian. Ku lantaran kitu, sual kasehatan ge sarua we jueng
di lembur-lembur sejenna. "Mangga tingal, abdi tos 73 taun tapi masih keneh kiat ngurus domba, bulak balik ka
pasir ngurus kebon sampeu ti ngawitan mupuk, manen dugi ka ngalana," ceuk Emen nyontokeun.
Kiwari, memang lain bihari. Lobana warga Cireundeu nu geus robah kabiasaan. Lurah Leuwigajah, Ustaman,

S.Sos nu harita dibarengan ku Sekretaris Kelurahan Asep. S, netelakeun, urang Cireundeu teh 600 KK. Nu biasa
keneh tuangna sampeu ukur 70 KK. " Cireundeu lebet ka RW XI. Nu masih keneh mertahankeun adap talari
karuhun kantun 70 KK deui. Seuseueuna mah tos robih, margi rupi-rupi sabab,sapertos nu narikah sareng urang
luar kampung Cireundeu," ceuk Pa Lurah.
Cireundeu, memang hiji kampung. Tapi, kampung nu nanjung. Kakoncara ka jauhna, jadi tempat panalungtikan
para ilmuan ti saban tempat. Lain wungkul ti universitas-universiats di urang, tapi deuih ti luar nagri, saperti ti
Australia. Malah, PBB mah nyatet ieu tempat minangka kampung budaya nu misti ditalingakeun. Kabiasan urang
Cireundeu, jadi conto keur nu boga karep nyinglar kamiskinan alatan kuranna pangan. *** (nunk/ensa)
Katgam:
1. Ustaman, S.Sos., lurah Leuwigajah
2. Mesin pengolahan sampeu
3. Cireundeu, lembur pangjugjugan
4. Sampeu katuangan utama urang Cireundeu
Sumber : http://majalah-mangle.com/content/detail/38.html

DRAMA SUNDA

Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nya ta:


1)

Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa lancaran

2)

Puisi, basa nu digunakeunna umumna basa ugeran

3)

Drama, basa nu digunakeunna umumna kalimah langsung dina wangun paguneman

Istilah drama asalna tina basa yunani nya ta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika
mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah ta dibawa ku urang walanda, dina basa
Walanda drama th toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi
Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti

pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara th pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya
deui istilah sjnna nu padeukeut jeung drama nya ta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina
tempat pintonan/panggung. Istilah teater og digunakeun pikeun nyebut drama modern.
Drama th kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali pross. Kahiji ayana nasakah drama, kadua ta
naskah th dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama th actor/aktris/palaku nu baris merankeun
karakter nu aya dina drama, hartina maranhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu
mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog th wangunna kalimah langsung.
Unsure-unsur nu aya dina drama nya ta:
1. Babak
Babak dina drama biasana ditandan ku setting tempat. Hartina mun ganti setting ta tandana ganti babak
2. Adegan
Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku
3. Dialog/paguneman
Dialog mangrupa bagian utama drama
4. Pituduh teknis
Pituduh teknis nya ta pituduh laku lampah palaku sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita
5. Prolog
Prolog nya ta bubuka panganteur kana eusi drama
6. Epilog
Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.
7. Solilokui
Solilokui mangrpa bagian carita eosin apaguneman nu dikedalkeun ku palaku ka diria sorangan
8. Tema
Tema nya ta puseur carita nu ngajiwaan sakabh eusi carita
9. Galur carita
Galur ny ta runtuyan kajadian dina drama
10. Latar/setting
Eusina tempat, waktu, jeung suasana
11. Palaku

12. Amanat
Hal-hal nu rk ditepikeun ku pangarang mangrupa ajn-ajn moral

Contoh drama bahasa sunda si kabayan jadi boyband


Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna
duaan.Sateuacan eta,manehna duaan ngikrarkeun janji satia.
Geus lima taun teh Kabayan balik ka kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana
Kabayan :Nyokap!Nyokap! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus keur
Nyokap.(Gogorowokan bari
lulumpatan)
Ambu
:Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas
keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna sakampung.
Kabayan
:Huuuu,si Ambu mah da mahiwal wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu
apal.
Ambu
:Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah maneh
istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.
Kabayan
:Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah
Kabayan bade ka Nyi Iteung heula.
Ambu
:Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.
Kabayan
:Maenya Ambu,Nyi Iteung can balik?
Ambu
:Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.
Kabayan
:Ah nya tos weh,Kabayan rek istirahat heula.(Asup ka kamar sabari cirambai cai panon)
Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang
jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV gratis di
imah si Kabayan.
Cenang
:Kabayan..!Kabayan..!.
Nanang
:Kabayan..!
Ambu
:Sabar-sabar.(Sabari mukakeun panto)
Nanang
:Kabayana aya?
Ambu
:Aya sok weh lebet.
Cenang Nanang:asik.(Sabari asup ka imah Kabayan)

Cenang
:Hey Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.
Kabayan
:Ah,urang oge nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.
Nanang
:Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..
Kabayan
:Geuslah maraneh naronton ditu,urang mah lieur.
Cenang
:Eheh Kabayan,naha eta teh asa siga.,Iteungnya ?(Sabari nunjuk-nunjuk ka TV)
Nanang
:Mana ? oh enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.
Kabayan
:Mana? mana? Oh beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?
Nanang
:Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok
Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.
Cenang
:Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.
Kabayan
:Ohheeuh nya bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?(Sabari
nyepengan tarang)
Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana
keur malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang tinggal.
Reporter Risis:Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung Eksis.Aranjeun
hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan audisi Boyband di
Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal ngiringan. (Sabari manehna kaluar tina layar TV
sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan)
Kabayan
:Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa
patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?
Nanang
:Asyik,jadi artis.
Cenang
:Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring satuju.
Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung
ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.
Ambu
:Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening aya oge si
Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah. (Sabari ningali TV)
Komentator
:Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.
Kabayan
:Perkenalkeun wasta abdi David.
Nanang
:Wasta abdi Kevin.
Cenang
:(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran)Nami abdi Cecep.
Kabayan
:Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David jeung Kevin,eh ari
maneh cecep.Pamaeh dasar(Sabari ngajitak tarang si Cenang)
Cenang
:Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.
Nanang
:Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.
Cenang
:Tah,beneur ceuk si Nanang teh.
Komentator
:Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.
Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh
langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu urang tinggal
adegana.
Kabayan
:Uhuk-Uhuk-Uhuk.
Ambu
:Jahe jang, jahe,jahe.
Kabayan
:Naon Ambu ?(Sabari kaluar ti layar TV)
Ambu
:Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.(Sabari mere jahe ka Kabayan)
Kabayan
:Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.(sabari asup deui ka layar TV)
Ambu
:Enya sami-sami.
Cenang
:Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.
Komentator
:Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)
Nanang
:Tuh pan bener ceuk si Cenang.(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)
Komentator
:Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.
Hotts
:Nuhun bu!!!(Sabari ngabentuk formasi)
Sanggeus audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan,
Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana Boyband Hotts.Kabayan
Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.
Reporter
:Kunaon nami anjeun Syahlacin?
Iteung
:Kusabab saya alay cin..
Reporter
:Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa naek daun?
Iteung
;OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.

Reporter
:Anjeun yakin?
Iteung
:Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.
Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin.
Kabayan
:IteungIteung anjeun teh Nyi Iteung pan?
Iteung
:Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.
Nanang
:Astaghfirulohnya.!
Iteung
:Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.
Nanang
:Keun welah.
Kabayan
:Iteungbener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek ngagentos ngaran naon
ge !
Iteung
:Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!
Cenang
:Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge poho.
Iteung
:Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh siga saha eta
Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.(Sabari malingkeun sirah)
Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh paadu omongeun,ku sabab
Iteung datangna telat.
Ayanti
:Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.(Sabari ngadelekan Syahlacin)
Iteung
:Enya urang telat kunaon kitu?
Ayanti
:Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh mah.
Iteung
:Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu lain heula,you now?
Ayant
:Enya,enya,enya.Up to you lah!(Sabari ninggalkeun iteung)
Iteung
:Huuuuh,dasar jalma gelo.!
Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si
Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.
Koreografer
:Hiji,dua,tilu mulai.
Hotts
:(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener)
Koreografer
:David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi. (Sabari neggeul suku si Kabayan make
mistar)
Kabayan
:Hampura bu korek.
Cenang
:Koreografer lain korek.
Nanang
:Tumben maneh pinter.
Koreografer
:Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !(Sabari ngangkat mistar)
Hotts
:Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)
Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti.
Ayanti
:Eh David ti mana ?
Kabayan
:Ti tempat latihan.
Cenang
:Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.
Ayanti
:Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.
Nanang
:Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?
Ayanti
:Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.
Cenang
:Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh!,henteu heureuy ketang.(Sabari seserian)
Kabayan
:Ehgeus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh
Nanang
:Tah..heeuh bener, hayu atuh.
Kabayan
:Ti payun nya neng Ayanti.
Ayanti
:Enya.(Sabari seuri isin)
Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the
ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan ieunya.
Reporter
:Ayanti,david.(Sabari ngungudag Ayanti)
Ayanti
:Punteunnya aya urusa naon?
Reporter
:Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung David the nuju
caketnanya?
Ayanti
:Hmmm.
Kabayan
:Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .
Ujug-ujug Syahlacin datang.
Iteung
:Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!
Ayanti
:Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti baheula.
Kabayan
:Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di mobilnya.

Saentos si Kabayan angkat Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.
Ayanti
:Heh syahlacin kadieu.(Sabari narik leungeun si Iteung)
Iteung
:Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni siga aya
sesuatunya.
Ayanti
:Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.(Sabari seuri sinis)
Iteung
:Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..
Ayanti
:Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh paribahasa, maksadna teh
si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka maneh.
Iteung
:Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka Syahlacin salamilamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit deui ka acara salanjutna.
Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka
Syahlacin.
Iteung
:Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?
Kabayan
:Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya? (Raray kapedean)
Iteung
:astagfirulohnya meuni geer pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti pan urang jeung
ayanti geulisan urang.(Raray narsis)
Kabayan
:Ikh,meni so pisan.(Sabari nutup telepon)
Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras
isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.
Syahlacin
:Punteun Kabayan(Suara anu lembut)
Kabayan
:Aya naon?(Raray sarius)
Iteung
:Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh keneh ka
maneh.
Kabayan
:Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.
Iteung
:Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung isin ka
infotaiment,punteun nya Kabayan.
Kabayan
:Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon ka dieu?
Iteung
:Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.
Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna duaan ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih
teras mutuskeun angkat ka luar kota.
Ayanti
:Aww.(Sabari nabrak Cenang)
Nanang
:Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.
Ayanti
:Ah,awas maneh banci.(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang)
Cenang
:Ihh,meuni kaktus pisan.
Nanang
:Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!
Cenang
:Oh enya-enya.
Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna
mutuskeun ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga baheula.
ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA

You might also like