Puji Pujian Janary

You might also like

Download as doc, pdf, or txt
Download as doc, pdf, or txt
You are on page 1of 5

) (3






(3
)






) (3


3
3
3
...


) \ --
(

--
3
3
3


3








Eling-eling mangka eling kabeh santri


Urang di Sinapeul ayeuna keur ngaji
Hudang peuting hayu munajat ka Gusti
Nyungkeun mugia sing dicaangkeun ati

Dulur-dulur mangkade lamun diajar


Niat dina ati tong hayang katangar
Atapi sangkan beunghar sangkan tenar
Lamun ngancik dina ati gancang singlar

Ngemutan ka sadayana sobat-sobat


Urang keur ngaji kudu daek masyakat
Hudang peuting ka Alloh urang munajat
Nyungkeun elmu manfaat dunya akherat

Keur nyuprih elmu dina manah niatan


Seja milari karidloan Pangeran
Ngilangkeun kabodo diri, babaturan
Tong lali seja nanjeurkeun ka-Islaman

Seja masihan tanbeh ka santri kabeh


Keur ngaji tong rineh tunduh kudu eleh
Munajat dzikir ka Gusti tong talobeh
Mugi urang dijantenkeun jalmi sholeh

Nanjeurna ajaran Islam teh ku elmu


Matakna hey kanca ngaji masing timu
Ngaderes ngapalkeun takror ulah jemu
Munajat ka Gusti jadikeun panumbu

Hey santri mangkade keur nyuprih pangarti


Niat dina ati tong hayang kapuji
Atanapi sangkan nyanghareupna jalmi
Gancang singlar lamun ngancik dina ati

Hey Dzat nunyiptakeun langit katut bumi


Abdi sadaya nuju tolabul ilmi
Limpahan abdi sadaya caang ati
Sangkan kana pelajaran gampil ngarti

Niat manah nalika tolabul ilmi


Seja milari karidloan ti Gusti
Ngilangkeun kabodo diri, kulawargi
Niat nanjeurkeun Islam anu utami

Hey Dzat nu nyiptakeun daratan lautan


Paparinan futuh nampi pelajaran
Diwuwuh ku taufiq kana ngamalkeun
Paparinan lancar tiasa nyebarkeun

Anging ku sabab elmu nanjeurna Islam


Matak ngaji hey kanca sing bener faham
Ngaderes ngapalkeun takror tong hoream
Munajat ka Gusti sholat tengah malam

Gusti, Dzat nu nyiptakeun hideung jeung


bodas
Jantenkeun abdi sadaya jalmi ikhlas
Ka pada makhluk sing bisa mikawelas
Sangkan jaga di akherat dipiwelas

Ngilik peurih ngaraih darajat tinggi


Nu nyuprih darajat tangtos gugah weungi
Ngetang kapayah meunangna cita-cita
Nu boga kahayang tengah peuting beunta
(ngadu'a ka Nu Kawasa )

Dulur-dulur nu keur tidur


Gancang hudang tong ngalinur
Hayu babarengan dzikir
Ka Alloh nu maha ghofur
Santri-santri gancang nyaring
Manfaatkeun hudang peuting
Qiyamulel sing yakin penting
Munajat ka dzat nu murbehing
Sobat-sobat gancang hudang
Waktu ijabah sing beunang
Ngadua ka Alloh muntang
Hasilkeun maksud kahayang

)( )(
)( )( )(

Jadi tamba pikeun ati lima warna
Masamoan jalmi sholeh kahijina
Kadua maca quran peleng maknana
Kosongkeun beuteung puasa katiluna

Lima perkara nu jadi tamba ati


Masamoan jalmi saroleh kahiji
Kaduana maca quran masing ngarti
Katiluna puasa heug pusti-pusti

Opat hudang peuting laksanakeun shalat


Tahajjud ka dzat Allah urang munajat
Kalima ceurik janari kudu sempat

Opat hudang tengah peuting pikeun sholat


Tahajud sanajan ngan dua rokaat
Kalima nalangsa ku dosa maksiat

Nalangsa sabab urang loba maksiat

Keclakkeun cimata jadikeun kifarat





Gancang sholat gancang sholat
Gancang sholat memeh porot
Gancang tobat gancang tobat
Gancang tobat memeh maot

You might also like