Warga wargi nu araya Abah nyelang nyawer heula Antosan da moal lila
Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang Ujang masih keneh bujang Nikah kanu geulis lenjang
Ujang teh perlu bisa
Siga cara abah ka ema Ayeunamah geus waktuna Mindeng ge moal doraka
Lamun meneran parawan
Rada hese mamatahan Ku Sabab can pangalaman Ujang kudu lalaunan
Tapi mun ujang ka randa
Tangtu moal lila-lila Molompong moal sulaya Lantaran urut baheula
Bisi bojo udah-aduh
Mangkade ulah geruh Hudang bae subuh-subuh Da moal karasa tunduh Mun si nyai geus ngalempreh Ujang omat ulah leweh Sanajan nepi kasoeh Can aya nu tuluy paeh
Lamun bojo keur bungkiang
Omat ujang ulah hariwang Keureuyeuh wae titukang Dedetkeun wae sing tenang
Nyai teh kedah ngartikeun
Mun caroge geus hayangeun Ku nyai geuwat berekeun Bari rada diburukeun
Lamun nyai keur di gawe
Mangkade sing hade gawe Itung-itung mayar gawe Ngarah ngeunah kana hate
Mimiti mah rada nyeri
Nepi kana sirah nyai Tapi mun enggeus sakali Tangtu matak menta deui
Poman nyai ulah talangke
Kudu emut ka caroge Kujalan masihan gawe Najan caroge tas balik gawe
Sakitu bae ti abah
Mangkade ulah gareuwah Tangetkeun ulah gagabah Ngarah caroge teu seuhah