Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. Nu kolot ngala nangka th, Kabayan! Ceuk mitohana.

Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorn bedog rk ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur ged pisan. Tuluy wa diala. Barang dipanggul kacida beuratna. Wah, moal kaduga yeuh mawana, pikir Si Kabayan th. Tuluy w nangka th ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung wa balik ti heula, da geus kolot ieuh! ceuk Si Kabayan th nyarita ka nangka. Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. Kabayan, meunang ngala nangka th? Komo w meunang mah, nya ged nya kolot, tmbal Si Kabayan. Mana atuh ayeuna nangkana? Mitohana nanya. Har, naha can datang kitu? Apan tadi th dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan th. Ari manh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan! Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan. Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik, ceuk Si Kabayan bari ngalos. (Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)

You might also like