Dongeng Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 6

SAKADANG KUYA JEUNG MAUNG DINA hiji po Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir.

Manhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun! pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa og ktang, kateuteu ari, da angger bakal katwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

K heula, Sakadang Maung, ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manh. Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing! ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot og! Sabar, Sakadang Maung, sabar, ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, Lamun mmang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing th tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula. Diduruk heula? Kumaha carana? ceuk Sakadang Maung. Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk. Ari suluhna ti mana? Ngala ka leuweung! Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung nangan suluh, sia rk kabur! Aing moal bisa katipo deuleu! ceuk Sakadang Maung. Bisi anjeun teu percaya mah, pk tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal! tmbal Sakadang Kuya. Heug atuh ari kitu mah! ceuk Sakadang Maung. Tuluy nangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya th ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu pamnta Sakadang Kuya th. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh. Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero og, gedna sapaseun awakna. Tuluy manhna cicing dina luhureun ta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang. Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur ba sukuh th

diseungeut. Teu hs teurakna seuneu th, kawantu suluh gararing. Sakeudeung og seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung th, terus ba mubus kana liang anu aya di handapeunana. Sakadang Kuya! ceuk Sakadang Maung. Kuk! Can pah? Encan, seuneuna kurang ged. Suluhna ditambahan deui. Sakadang Kuya! Kuk! Can pah knh? Encan, anh di dieu mah seuneu th bet haneut! tmbal Sakadang Kuya. Suluhna ditambahan deui. Sakadang Kuya! Sakadang Kuya teu nmbalan. Ah, jigana ayeuna mah geus pah Sakadang Kuya th. Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-korh kana durukan, nangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu. Sakadang Kuya, geuning sia hirup knh? ceul Sakadang Maung kacida kagtna. Puguh ceuk uing g tadi, seuneuna th jadi haneut di lebah dieu mah! tmbal Sakadang Kuya kalem. Baruk tiis nya? ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasp euy! Sakadang Kuya msem. Pok ngomong, Sakadang Maung hayang siga kuring? Ih, puguh w, ti baheula aing th hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya! Tangtu w atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas th, bakal leuwih gagah jeung kasp. Ayeuna og cacakan corlng geus tegep. Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna? ceuk Sakadang Maung, rada sopan

ayeuna ngomongna th, teu uang-aing teuing. Nya bisa atuh, asal dak diduruk w siga uing tadi, ceuk Sakadang Kuya. Diduruk? Moal panas kitu? Moal. Apan uing og henteu nanaon, malah kulit jadi bodas, tmbal Sakadang Kuya. Lamun ark, jung atuh nangan suluhna heula! Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing. Pk ngagolr di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh! ceuk Sakadang Kuya. Sakadang Maung ngagolr, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur ba hurung, tangka ngabebela. Sakadang Maung! Heuy! Hirup knh? Hirup, euy, ngan panas geuning! Panas soth mimitina, engk mah moal geura. Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh? Hirup euy, ngan panas, tmbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan. Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh? Iup, han hanas heuy , Sakadang Maung nmbal, sorana beuki teu kadng ba. Teu talangk, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh euy? Sakadang Maung teu nmbalan. Lah, kawasna mah geus pah Si Belang th, ceuk Sakadang Kuya. Teu lila kadng sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih

bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk. Yakin geus pah Si Belang th. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik, ceuk Sakadang Kuya.

ASAL MUASAL BULU LUTUNG HIDEUNG Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabeh sasatoan hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap mush ku sasatoan teh ngan hiji, nyaeta paninggaran. Hiji poe si kuda Sebra jeung si Lutung keur ngalobrol. Tung jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya? ceuk si kuda Sebra Enya nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si Merah mah, buluna mani rupa-rupa, tembal si Lutung. Tung, kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur! ceuk si kuda Sebra. Hayu bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh, sesa eta patani ngecet saungna tembal si Lutung. Bral bae si Sebra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran di imah patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung. bae lah cek hideung oge ceuk si Sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka Si Sebra jeung si Lutung. Kacaritakeun si Sebra jeung si Lutung sasadian rek mulas bulu maranehna. urang heula ah nu dipulasna ceuk si Sebra, Sok bae lah tembal si Lutung bari prak mulas bulu si Sebra. Ari Warnana teh geus disatujuan ku duanana oge, nyaeta warna belang. Ku sabab bulu si sebra mah bodas, nya warna buluna teh jadi hideung bodas, mani alus katenjona oge. Sanggeus bulu si Sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si Sebra mulas bulu si Lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si Sebra teh rek dikatempat nu rada luhur, kakara ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit teh suku si Sebra digegel sireum. Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si Lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh warna hideung.

DI POE Ieu mah carita Si Juned jeung Si Utun. Duanana teh pasen Rumah Sakit Jiwa (RSJ). Duanana cicing di Rumah Sakit sakamar. Teu aneh mun eta dua pasen teh jadi sobat dalit. Kamamana sok babarengan bae. Dina hiji poe maranehna arulin di taman. Mimitina mah duanana caricing di sisi balong di tengah taman. Na atuh teu sabaraha lila Si Utun bet ngagajleng luncat ka eta balong anu lumayan jerona. Puguh atuh nu narempo mani rareuwas, malah loba nu ting jarerit. Untung Si Juned rikat, buru-buru manehna ngajleng ka balong. Manehna nulungan Si Utun nu katingali rorongheapan dina cai. Teu lila Si Utun bisa kaangkat ku Si Juned. Sakabeh nu ningali reueus kana tindakan Si Juned. Ahirna Si Utun dibawa ku Si Juned ka kamar tempat maranehna cicing. Isukna, Si Juned dipanggil ku dokter Kepala Rumah Sakit Jiwa. Dokter: Juned, maksud bapa manggil anjeun teh aya piomongeun. Hal ieu ngeunaan dua perkara. Nu kahiji pikabungaheun, ari nu kadua pikasediheun Juned: Naon Pa nu pikabungaheunana? Dokter: Ningali kamari kalakuan anjeun nu geus nulungan Si Utun, anjeun ku pihak Rumah Sakit geus dianggap cageur. Sabab naon anu dilakukeun ku anjeun teh jarang pisan bisa dilakukeun ku jelemajelema saperti aranjeun.. Juned: Nuhun atuh kitu mah, Pa. Da eta mah sadayana mung kawajiban abdi keur nulungan batur! Dokter: Alus atuh ari kitu mah. Hal ieu ngabuktikeun yen anjeun geus bisa kaluar ti ieu Rumah Sakit. Tah ngeunaan perkara nu kadua, nu pikasediheun Juned: Naon tah Pa? Dokter: Tadi isuk, basa anjeun keur sare keneh, di tukangeun kamar anjeun, Si Utun geus bunuh diri ku jalan ngagantung diri .. Juned buru-buru motong: Ke . ke, ke heulaanan Pa. Da ceuk rarasaan abdi mah Si Utun teh teu ngagantung diri Dokter: Ari geus ku naon? Juned: Eta teh saleresna, kamari basa abdi tos nulungan Si Utun ti kecebur tea, abdi langsung we nyandak manehna ka kamar. Ku sabab baseuh . nya ku abdi si Utun teh digantung di tukangeun kamar supados kaangin-angin . pan supados enggal garing. Karunya Pa, tiriseun!. Da pas dicandak ku abdi ka kamar teh mani ngahodhod! Dokter: !!!@#****!!!!

You might also like