Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

CIKARACAK Cikaracak ngarakacak leuweung dibukbak huluwotan ngoletrak caina teu ngeclak kampung burak rahayat ngoceak para

kglomerat: curak-curak sila andekak Naha kudu nungguan rahayat barontak lamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa: kudu aya tangkurak dekok dibeletak batu cikaracak nu lawas teu manggih tiisna keclak cai : cikaracak Lamun rahayat ngoceak Cikaracak ngarakacak pamingpin milu andekak naha urang ge cukup calawak

TUKEURAN IEU SAJAK Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Pating golepak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun kanu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pelor Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kalbu anu rido Keur nyebor anu balangsak (Lamun teu kitu sasaak) (Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)

WASIAT KONGLOMERAT Lamun Apih paeh pangbungkuskeun ku salambar boeh ladang ngeleketek tina rupa-rupa proyek Lamun Apih nemahan pati pangmesenkeun padung jati ladang ngumpulkeun komisi jeung rupa-rupa korupsi Kontrak-kontrak nucan diteken Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun awurkeun luhureun paesan na tetengger heug tulisan : parantos mulang ka kalanggengan Apih, konglomerat tuladan (Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)

PANGBALIKAN Iuh, iuh gunung kuring angin ulin dina embun-embunan sawaktu-waktu kuring kudu nepungan dumeh hirup halabhab cinta di maranehna nya ayana Aya sababna kuring tibelat aya sababna kuring pegat tapi nu ahir lain kaabadian kakasih dina hate ngawih deui Iuh,iuh gunung kuring nyata, nyata tanda-tanda ngabalungbung jalan hirup nepi ka nyawa rek asup ka maranehna kuring rek balik ka maranehna kuring rek pamit (Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

LEUWI sora nu tinggerendeng teu weleh saheng di leuwi aing laut nu tan istirah

LALAKON I Mangsa budak resep ulin ngarucu bulan mangsa rumaja resep wanoja ngumbar asmara nincak sawawa narik jangkar ngambah sagara geus kolot mah kari tapakur isuk sore ngitung umur! (Hadi AKS, Tina Galura No.39)

teu weleh motah di leuwi aing di leuwi aing sagala teu weleh betah sagala teu weleh motah (Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)

LAGU HIRUP Unggal poe unggal lengkah nataan tanggal dina kalender angger aya nu diarep-arep ari umur melesat henteu kajeueung Dina beja dina carita teu weleh aya nu miheulaan warna-warni kajadian. Teu kapireng da puguh katalimbeng rusiah Dina sakeclak cimata. Aya kasedih nu teu kedal. Dina kongkolak kahirupan. Aya nu miang teu mulang deui (Eddy D. Iskandar, 1992)

BONGAN KITU Bongan kitu disebutna, puguh mega dipapay di awang-awang: cek aing angin bongan kitu karasana, nyerina raheut tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina ditepungan unggal wayah: cek aing werejit bongan kitu pandena, nyarita sorangan ditataan di rs jiwa: cek aing eling

bongan kitu ayana, beda jeung nu lian diguliksek dina kamus: cek aing ibadah bongan kitu itunganana: Gusti (Juniarso Ridwan, 1992)

Tuh Saksina Tuh saksina bendungan waduk Darma anu ngembat tur weweg Tuh saksina cai anu ngaplak di waduk Darma mani herang mencrang Tuh saksina angin nu nebak tangkal sisi bendungan waduk Darma Tuh saksina langit biru di waduk Darma Naon deui anu diragukeun Naon deui anu kudu dibuktikeun Jalan aspal masih keneh hideung Kecap rasa nyaah masih keneh nempel dina biwir Tuh saksina masih nyaksian urang duaan Ngiuhan handapeun tangkal nu iuh di sisi bendungan waduk Darma

Ema Waktu ibun maseuhan buruan Aya sora anu jentre dina telepon Anaking Syukur ari calageur mah Eta nu dipenta ku ema beurang jeung peuting Anaking. Syukur ari aya dina keberkahan mah Eta nu dipenta ku ema beurang jeng peuting Anaking Syukur ari aya dina rohmat-Na Ema ngarasa bagja Anaking Hampura ema tina sagala kasalahan Maklum sikep kolot ka anak Ema hayang bebas tina sagala dosa ka anak Anaking sakali, ema menta dihampura Dungakeun ema sing sehat sing kuat nepi ka tutup ajal Duh.. Ema sawangsulna abdi nu kedah dihampunten ku salira Abdi tos nyesahkan ti lahir dugi ka ayeuna Abdi teu malire, abdi joledar kanu jadi indung Duh Ema indung abdi, hampunten abdi tina sagala kelepatan Rumaos abdi janten anak anu tos ngaraheutkeun manah Nagiweurkeun emutan Duh Ema keclakna cipanon abdi nu murudul lir ibarat dosa abdi ka ema Hapunten abdi

You might also like