Professional Documents
Culture Documents
Kitab Dardir 'Ala Qishotil Isro' Wal Mi'Roj: Bubuka
Kitab Dardir 'Ala Qishotil Isro' Wal Mi'Roj: Bubuka
Kitab Dardir 'Ala Qishotil Isro' Wal Mi'Roj: Bubuka
BUBUKA
wa ba'du
Bismilah anu janten sekar pangjajap, salaksa pedar panutur sarebu catur, pangambah aworna kedal.
Dipirig ku lapad Alhamdu, anu janten panundung rambu takabur, pangusir sirik munapik anu salamina
ngahalangan jorelatna teja Al-Quran dina manah.
-
Ari Buroq teh eta sato bodas anu jangkungna saluhuren himar sahandapeun bigol. Ari lengkahna
talapok Buroq satungtung paningal (sakedet netra). Ari 2 ceulina Buroq gular giler.
Di mana-mana datang manggihan gunung sok ngajangkungan suku nu tukang, mendekan suku nu
hareup.
Di mana-mana datang manggihan jurang sok ngajangkungan suku hareup mendekan suku tukang.
Jadi eta tetep
datar tonggong Buroq.
Ari eta Buroq ngagaduhan jangjang 2 anu aya dina ping-ping 2, nambahan kuat eta Buroq ku sabab
ayana jangjang 2 aya di antara ping-ping 2.
Barang diangsongkeun di payuneun Kanjeng Nabi, eta Buroq ngadat, mangka nyerek (nyepengan)
Malaikat Jibril kana eta Buroq kana suku hareupna eta Buroq tina susurina Buroq. Teras ngdawuh
Malaikat Jibril ka eta buroq: "Heh Buroq, naha maneh teh embung di tunggangan ku Makhluk anu
parantos ngadambel Alloh ka eta makhluk anu mulya, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw?".
Mangka saparantos kitu eta Buroq kacida
isina. Bakating ku isin eta Buroq, sahingga bijil nyakclakkan cikaringetna eta Buroq.
Saparantos kitu mah kakara eta Buroq teh cicing.
Dina sapalih kaul, dina Kitab Tijanu Jawahir, sababna buroq ngadat, hoyong ditunggangan ku
Kanjeng Nabi nalika Kanjeng Nabi bade lebet ka sorga, teras nyepengkeun dampal panangan
Kanjeng Nabi kana pundukna Buroq
ciri tawis ti Kanjeng Nabi.
Kusabab kacida bungahna, sahingga eta Buroq ngajangkungan dugi ka 40 hasta.
Saparantos cicing eta Buroq, teras tunggang Kanjeng Nabi kana eta Buroq.
Sarehna, aya ti sapalih ambiya anu tunggang kana eta Buroq sateuacana Kanjeng Nabi. Ngadawuh
Sa'id Ibnu Mas'ud sareng nu sanesna: "Ari eta Buroq tutunggangan Nabi Ibrohim as nalika angkat ka
Baitul Harom.
-
KAOM SABILILLAH
Di tengahing perjalanan, Kanjeng Nabi ninggal hiji kaom nuju marelak pare. Dina poe eta melak, poe
eta keneh panen, bari teras bulak-balik eta kaum ngalaan paneneun.
Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malaikat Jibril, saurna: "Perkara naon sareng kaum nu kumaha ieu
teh?".
Mangka Malaikat Jibril ngawaler: "Ieu kaum kabeh teh pejuang dina jalan Alloh, sarta nganafkahkeun
ieu kaum kana ieu perkara dina jalan Alloh, mangka ngagantian Alloh kana eta perkara ku pirangpirang tikeleun, dugi ka 700 tikeleun.
-
Teras Kanjeng Nabi ninggal hiji tangkal nuju ngerewesan kana bajuna hiji jalma. Mangka tumaros
Kanjeng Nabi ka Malikat Jibril: "Jalma naon ieu?".
Waler Malaikat Jibril: "Ieu teh ti bagian umat anjeun anu ngahalangan ka jalma di jalan anu bari
ngancam ka eta jalma malengos tina jalan Alloh.
-
PANGGERO IBLIS
Dina hiji mangsa,
Kangjeng Nabi nuju
ngambah perjalananan, nalika keur kitu, mendakan hiji jalma kolot bari gegeroan jauh ti jalan: "Kadieu
ya Muhammad!".
"Saha eta, ya Jibril?", saur Kanjeng Nabi.
Mangka marentah Malaikat Jibril: "Indit anjeun, ya Muhammad!".
Dawuhan Kangjeng Nabi: "Naon ieu teh?".
Malaikat ngawaler: "Ieu teh musuh anjeun, tegesna iblis anu maksud megatan eta iblis kana
perjalanan anjeun".
-
Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi Ibrohim as: "Tina sabab anu dicarioskeun ieu, jadi ngunggulan
Muhammad ka aranjeun kabeh".
-
Mangka uluk salam Kangjeng Nabi ka Nabi Idris as kalawan ngawaler anjeuna kana eta salam.
Ngadawuh Nabi Idris: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".
Mangka ngadu'akeun Nabi Idris ka Kangjeng Nabi kalawan kasaean.
-
BAETUL MA'MUR
Dicarioskeun Kanjeng Nabi saw pendak sareng umatna dua jajar. Sajajar marake baju anu bodas
kaya kertas, jeung sajajar deui marake baju karuleuheu.
Teras Kanjeng Nabi lebet ka Baetul Ma'mur sareng jeung anu nganggo anggoan barodas. Ari anu
ngangge anggoan anu karuleuheu mah dihalangan.
Salajengna Nabi saw netepan sasarengan golongan mu'min di Baetul Ma'mur.
Salajengna lalebet ka eta Baetul Ma'mur tiap-tiap dinten 70.000 malaikat anu henteu kaluar deui nepi
ka yaomal qiyamah.
Saenyana Baetul Ma'mur teh lempengan Ka'bah. Lamun aya nu murag batu ti Baetul Ma'mur,
mangka pasti muragna teh di Ka'bah.
Dina sapalihna riwayat, diasongkeun ka Kanjeng Nabi 3 wadah. Mangka nyandak Kangjeng Nabi
kana cai susu, teras ngabenerkeun Malaikat Jibril kana padamelan Kanjeng Nabi sakumaha anu tos
diriwayatkeun dina riwayat ti payun.
Ngadawuh Malaikat Jibril: "Ari ieu agama anu dicepeng ku salira sareng umat salira.
-
kawasa hiji jalma nyipatan kana eta Sidrotil Muntaha tina alusna Sidrotil Muntaha.
Dina eta Sidrotil Muntaha aya kasur tina emas.
Dina asalna, Sidrotil Muntaha aya opat bangawan. Dua bangawan anu sifatna batin, dua bangawan
deui anu dohir.
Teras ngadawuh Kanjeng Nabi: "Bangawan-bangawan naon ieu teh, heh Jibril?".
Diwaler ku Malaikat Jibril: "Anapon bangawan anu dua anu bangsa batin eta ayana di sorga. Ari dua
deui anu bangsa dohir eta bangawan Nil jeung bangawan Purot".
Dina sapalihna riwayat dicarioskeun, saenya-enyana Kanjeng Nabi ningal Malaikat Jibril nalika di
Sidrotil Muntaha kagungan 600 jangjang. Saban-saban jangjang eta temen-temen nutupan kana
pajajahan. Gumelar tina eta jangjang perkara-perkara anu sararae, nyaeta inten mutiara jeung yakut,
tina perkara anu henteu uninga anging Alloh Ta'ala.
-
TALAGA KAUTSAR
Teras Kanjeng Nabi angkat
ka Talaga Kautsar, tuluy lebet ka sorga.
Nalika anjeuna lebet ka sorga, di lebetna teh pinuh ku kani'matan anu panon can pernah ningali, ceuli
can pernah ngarungu, jeung henteu bisa dibayangkeun ku hate hiji jalma.
Di dinya Nabi saw ninggal kana tulisan luhur panto:
"Ari Shidqoh Eta Ditikelkeun Kalawan Sapuluh, Ari Ngahutangkeun Eta Kalawan Dalapan Belas".
Tidinya Kangjeng Nabi ngadawuh: "Ya Jibril, naon sababna ari nganjukeun make leuwih utama
tinimbang shodakoh?".
Diwaler ku Malaikat Jibril: "Karana anu menta eta lolobana di manehna masih bogaen keneh. Ari anu
nginjeum mah tara nginjeum anging tina sabab butuh".
Teras Nabi saw angkat deui. Anjeuna ninggal pirang-pirang bangawan tina cai susu anu rasana
henteu robah, jeung bangawan tina arak anu ngeunah keur anu ngarinumna. Sarta pirang-pirang
bangawan tina madu anu murni.
Di eta sorga Kanjeng Nabi mendakan dalima anu gedena lir ibarat kulit-kulit onta anu di momotan,
sarta manuk-manukna sagede-gede onta bukhoti.
Mangka tumaros Abu Bakar Shidiq ka Kanjeng Nabi nalika ngahikayat anjeuna ka Abu bakar: "Ya
Rosululloh, naha eta manuk teh sok dianggo nini'matan di Sorga?".
Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Kaula ngadahar kana manuk anu leuwih ni'mat. Jeung saenya-enyana
kaula ngarep-ngarep anjeun bisa ngadahar kana eta manuk".
Kanjeng Nabi ningal Talaga Kautsar dua sisi-sisina aya kubah-kubah tina inten anu ged anu bolong.
Ari tanah eta talaga tina kasturi anu meleber seungit.
-
NARAKA
Salajengna diasongkeun ka Kanjeng Nabi Naraka.
Di eta naraka pinuh ku bebendon jeung panundung sarta siksaan Alloh Ta'ala.
Lamun dialungkeun kajero naraka batu jeung beusi, yakti ancurna.
Di eta naraka Nabi saw ningal aya kaom anu ngadaharan bangke, mangka ngadawuh Kanjeng Nabi:
"Saha maranehna teh, ya Jibril?".
Ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh jalma anu sok ngadahar daging jalma".
-
kanu maot ku idzin Gusti, sareng ngaraksa ka anjeuna oge ka ibuna tina syetan anu dirajam sahingga
henteu aya jalan ka syetan kana ngagoda ka Nabi 'Isa sareng ibuna".
Dina Kitab Taorot ditulis Allah swt ngadawuh: "Geus ngajadikeun Kami ka maneh kana pangkat
Habiballoh (kakasih Alloh). Jeung Kami ngutus ka maneh pikeun jalma-jalma sakabehna, halna kanu
ngabubungah jeung nyingsieunan, jeung ngajembarkeun Kami ka maneh kana dada maneh. Jeung
ngagugurkeun Kami ti maneh kana dosa maneh. Jeung ngangkat Kami ka maneh kana gelar maneh
henteu disebut Kami anging disebut ngaran maneh sarta ngaran Kami. Jeung ngajadikeun Kami ka
umat maneh kana pangalus-alusna umat di antara jalma-jalma. Jeung ngajadikeun Kami ka umat
maneh kana umat anu nengah-nengah. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh umat-umat anu ti
hareula jeung anu ti palaneuri. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh yen henteu meunang ka
maranehna khutbah sahinga kudu nyaraksian heula kana saenya-enyana maneh ieu Abdi Kami jeung
Utusan Kami. Jeung ngajadikeun Kami ti sawareh umat maneh kana pirang-pirang kaom hate-hatena
teh pirang-pirang wadah elmu. Jeung ngajadikeun Kami ka maneh kana pangheulana nabi kabeh
didambelna jeung pangakhirna diutusna, jeung pangheulana jalma dihukuman ka manehannana.
Jeung Kami mere ka maneh "Sab'al Matsaani", anu henteu mikeun kana eta Sab'al Matsaani ka hiji
nabi oge memeh maneh. Jeung Kami ge mere ka maneh kana pirang-pirang tungtung surat AlBaqoroh tina gudang handapeun arasy, anu henteu dibikeun ka hiji nabi ge samemeh maneh. Jeung
mere Kami ka maneh Talaga Kautsar. Jeung mere kami ka maneh kana 8 perkara, nyaeta Islam
(salamet), Hijrah (pindah tinu goreng kanu alus, Jihad (merangan nafsu angkara mungkar)
Sidiq (bener), Shoum (puasa bulan Romdon), Bil Ma'ruf (marentah kalawan ka alusan), Nahi
Mungkar (nyegah kana kagorengan), Sholat jeung Dzikir. Jeung ngahampura Kami kanu te
musyrik ka Kami ti umat maneh oge kana hiji perkara anu ngaruksak".
-
ngaliputan ka Kanjeng Nabi mega, sareng ngajungkel Kanjeng Nabi halna sujud.
Teras unjukan Kanjeng Nabi: "Nun Gusti Pangeran abdi, mugi ngahampangkeun Gusti ka umat abdi,
karana saestuna umat abdi eta pangapes-apesna umat".
Mangka ngadawuh Alloh Ta'ala: "Ngagugurkeun Kami ka umat maneh kana 5 shalatan".
Saterasna ti eta ngabulen mega kana salirana Kanjeng Nabi, teras mulih ka nabi Musa as.
Mangka ngadawuh Kangjeng Nabi: "Ngagugurkeun Alloh Ta'ala ti kaula kana 5 sholatan".
Lajeng ngadawuh Nabi Musa as: "Mulih deui bae ka Pangeran anjeun teras suhunkeun ka entengan
deui ka Mantena. Karana saenya-enyana umat anjeun eta moal kuateun keneh kana diturunkeun
sakitu mah".
Mangka henteu eureun-eureun bulak-balik Kanjeng Nabi antara Nabi Musa sareng Pangerannana.
Mangka nurunkeun Alloh Ta'ala ti Kanjeng Nabi lima-lima, saahingga ngadawuh Alloh Ta'ala: "Heh
Muhammad!".
Unjukan Kanjeng Nabi: "Sumuhun ieu abdi seja tumut sareng ngakhodaman ka Salira Gusti".
Ngadawuh Alloh Ta'ala: "Eta kabehna teh 5 sholatan dina saban-saban poe jeung peuting. Ari sabansaban sholat ditikel kalawan 10, mangka anu 5 teh sarua jeung 50 sholatan. Jeung moal diganti
ucapan mungguh Kami, jeung moal disalin kitab Kami. Saha jalma anu neja kana kaalusan tuluy
henteu migawe kana eta kaalusan, mangka dituliskeun ka manehna 1 kaalusan. Lamun migawe
manehanana kana kaalusan, mangka dituliskeun kalawan 10 kaalusan. Jeung saha anu neja kana
kagorengan, tuluy eta kagorengan henteu dipigawe ku manehannana, mangka henteu dituliskeun eta
kagorengan ka manehannana sanajan
1 kagorengan ge. Terus lamun mah maranehna migawe kagorengan, mangka dituliskeun eta ka
gorengan ku 1 kagorengan".
-
Teras nyarita eta kaom ka Abu Bakar: "Naha anjeun ngabenerkeun ka Muhammad, kana saenyaenyana anjeuna indit peuting tadi ka Baetal Muqodas jeung geus datang deui memeh subuh?".
Ngadawuh Abu Bakar: "Enya, saenya-enyana kaula yakti ngabenerkeun ka Muhammad dina perkara
anu leuwih jauh ti kitu, ngabenerkeun kaula ka anjeuna kalawan berita langit dina waktu saisuk-isuk
atawa sasore-sore".
Ku alatan ayana kitu, di jenengan Abu bakar teh aya As-Sidiq (Jalma anu banget benerna).
-
Cek kapir Quresy: "Bener Wuled (jalma anu mimiti nuding sihir ka Kanjeng Nabi)".
Tidinya Alloh swt nurunkeun ayat anu sundana kieu: "Jeung henteu ngajadikeun Kami kana titingalian
'alam malakut anu Kami ningalikeun ka maneh anging jadi fitnah ka jalma-jalma.
-
PANUTUP
Parantos rengse ieu qishoh kalawan puji Alloh sareng pitulung Alloh Ta'ala.
Mugi Rohmat Allah salalawasna ka Kanjeng Nabi Muhammad sareng ka para kulawargana sareng
kasadaya sahabatna kalawan Rohmat sareng Kasalametan nu saseueur-seueurna.
Kalawan nyebat "alhamdulillah" mangka ieu risalah ditutup ku puja-puji ka Allah swt.
Tamat
Beranda
Langganan: Entri (Atom)
Home
2010 (45)
Agustus (45)
BUBUKA
KAOM SABILILLAH
PANGGERO IBLIS
BAETUL MA'MUR
TALAGA KAUTSAR
NARAKA
PAN U TU P
Mengenai Saya
Abdul Ghoets
Banyak sekali hal yang perlu kita benahi, dari setiap sudut kehidupan kita. Salah dan
benar hanya sebuah penilaian atas dasar pengetahuan yang dimiliki, yang hakikatnya
sangatlah sedikit kita memahaminya. Kita tidak tahu, siapakah diri kita ini hari esok. Kita
hanya berjalan mengikuti alur takdir. Oleh karena itu mulailah kita melangkah, berjalan di
antara benar dan salah, di antara siang dan malam, di antara atas dan bawah, di antara
suka dan duka, sampai kita memejamkan mata.
Lihat profil lengkapku
Template Awesome Inc.. Diberdayakan oleh Blogger.