Professional Documents
Culture Documents
Artikel Sunda
Artikel Sunda
Sabenerna ta anggapan th bisa dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan had tur
daria. Contona ku cara ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara
kitu, masarakat baris ngabagakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa nyiptakeun
arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana,
henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.
Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui iwal
ti ngayakeun gaw bareng antara pamarntah jeung sakumna masarakat. Lamun ukur
ngandelkeun pamarntah, nepi ka iraha og moal aya rngsna. Sakali deui, kudu aya
rampak gaw anu harmonis antara pamarntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna
pamarntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyata pikeun
runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad man bal anu jumlahna miliaran
bisa kahontal, piraku ba henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna og kudu diimbangan ku
nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah garing. Ku cara
kitu, anu sok mulungan runtah og bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari
ngumpulkeun barang-barang anu payu knh kana duit. Apan ta th kaasup pagawan
mulya anu mugia ba aya dina karidoan-Na.
Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya
deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah
baseuh jeung runtah garing. ta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang
mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu
dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamarntah bbakan ngurus runtah, moal aya
anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina ngokolakeun
runtah. Lain ba pasualan pamarntah anu tacan bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara
mntal masarakat og henteu kurang pentingna.
Jajampan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian
papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: ciwit heula diri
sorangan, sammh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, sammh
neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau, pk pikiran carana sangkan batur
henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau ta.
Pikeun sing saha ba anu irungna masih knh normal, pasti bakal milu titn kana
pasualan runtah, sakaligus mibanda tkad pikeun milu partisipasi dina mulangkeun deui
citra Bandung jadi kota kembang.***
Sunda nu teu kabagan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi sjn,
ra nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha makeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung sasama
th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku
kituna, lain ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara
ajn inajn jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina kahirupan
sapopo.
Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan
sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah alamna, ndah kahirupanana. Hirup
basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda th ndah. Rk
ditarjamahkeun kana basa naon og, Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy
kahadan.***