Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Pidato bahasa sunda 'nyambut taun baru islam'

Para Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat


Assalamualikum Wr. Wb.,
Disamping teu diselempak....
Kakuping tapi teu kompak.....
Assalamualaikum Wr. Wb.,
Alhamdu Lillahi binimatil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warusuluh.
Allahumma sholli wasallim alaa sayyidina muhammadiw waalaa alihi wasahbihi ajmain, amma badu.......
Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadzirat Allah SWT., nu parantos
maparinan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung paamprok
jonghok anu dimulyakeun mungguh Allah SWT.
Salajeungna salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyatana kanjeung Nabu Muhammad
SAW., sareng ka kulawargana, para sahabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin sadaya,
Dina dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal. Nu hartosna urang bakal ngintunkeun tau anu
ngalangkung.
Ku dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti anu tos diterangkeun dina ajaran Islam, oge
mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syiar dawahna. Sajabi ti
eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun Hijriah.
Anapon maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun sebage taun baru
islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam. Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung pertimbangan pikeun
diri urang sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu hade atawa goreng dipayuneun
Allah SWT., dina poean wawales, sapertos dina salah sawios katerangan disaurkeun kieu :

Anu hartosna :
Perhitungkeun hade goring aranjeun samemeh aranjeun ditimbang ku Allah SWT.
Supaya dina ngamimitian hirup dina taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa ditambahan jeung naon anu
tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa dipertahankeun kalawan ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu geus
kaliwat.
Ku kituna dina ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu sae,. Mungpung
meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang gunakeun ngeumpeulkeun amalan ibadah ka Alloh
SWT.
Dawuhan Rasululloh SAW dina hadistna:
.
Anu hartosna :
Geurakeun lima perkara samemeh datang lima perkara (1) meungpeung hirup samemeh datang maot, (2) meupeung cager
samemeh gering, (3) meupeung nganggur samemeh riweuh, (4) meupeung ngora samemeh kolot, (5) meungpeung benghar
samemeh sangsara.
Ku jalan ngagunakeun waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng beramal
sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di akherat mah moal
aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di alam dunya.
Rupina sakitu nu kapihatur dina raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT ngahaputen kana
sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina taun-taun nu kalangkung, sarta mudah-mudah an Alloh salamina
maparin pituduh sareng rahmat ka urang sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin
Tiada langit yang berbintang
Tiada laut yang bergelombang
Tawa dan tangis permainan cinta
Salah dan khilap permainan kata
Wabilahitaufik walhidayah. Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

You might also like