Professional Documents
Culture Documents
Wawa Can
Wawa Can
Wawacan anu mangrupa karya anonotem diantarana wae wawacan Ogin, Ahmad
Muhamad, Samaun, Ranggawulung, Surianingrat, Suriakarta, Amir Hamzah,
Darumaya, Indra Bangsawan, Abdulu Muluk, Johar Manikan, jeung Nabi Yusuf.
Wangenan
Kecap wawacan asal kecapna tina "waca" nu hartina "maca" atawa dibaca.
Wawacan th mangrupa karya sastra sampeuran anu wangunna nuturkeun pola
patokan pupuh. Eusina ngbrhkeun hiji gunggungan carita anu ngandung hiji
tma. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan
caritana loba bagianana.
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyata naon-naon anu dicaritakeun
sagemblengna ukur rkaan atawa imajinasi pangarang.
Ku lantaran ngagunakeun patokan pupuh, tangtu dina macakeunana og
dihaleuang -keun/ditembangkeun mak lagam pupun anu 17, kauger ku ku guru
lagu, guru wilangan. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk.
Pengertian / Hartos Wawacan
Wawacan dina sastra sunda wawacan teh nyaeta hiji karangan anu ditulis dina
wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema.
Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan
caritana loba bagianana.
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun
sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang.
2. Gelarna Wawacan
Gelarna wawacan nyaeta jol na tina kasusastraan Jawa dina abad ka tujuh belas.
Mimiti ayana ti lingkungan menak, santri, bupati, sareng lingkungan pasantren.
Conto-conto wawacan anu aya di lingkungan pasantren nyaeta :
Wawacan Amir Hamzah.
Wawacan Nabi Paras.
Wawacan Gusti Patimah di babarkeun.
3. Cara Nembangkeun Wawacan
Struktur Wawacan
Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur saperti
Manggalasastra (alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu
Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna ta wawacan
Conto Manggalasastra
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya ta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
(wawacan Rengganis)
Conto Kolofon
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna
kaleresan bulan April
taun Kangjeng Mashi
sarwu dalapan ratus
jeung genep puluh dua
marengan hijrahna Nabi
sarwu dua ratus tujuh puluh dalapan
(Wawacan Panji Wulung)
Ciri-Ciri Wawacan
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
Dipidangkeun di nu hajatan, saperti salametan orok, khitanan, gusaran,
kawinan, jeung salametan sabada pann.