Professional Documents
Culture Documents
ANALISIS NOVEL SUNDA Fadli
ANALISIS NOVEL SUNDA Fadli
ANALISIS NOVEL SUNDA Fadli
Judul
: Payung Butut
: T 1968 Jupumarik
Citakan
: 1, 2009
Kandel
: 48 Kaca
Rangkuman
Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa. Naib nu di pandang
darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna teu sombong sareng teu mandang
darajat.Tapi naib anyar ieu beda, Naib ieu sombong kusabab katurunan ningrat jeung sok
mandang darajat.
Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat sombong Naib teu
diturunkeun ka anak sareng istrina. Naib anyar ieu gaduh putri nunamina Siti Habibah nu sok
dipanggil Ebah, 17 taun. Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda, salasahiji anak
kuwu atawa kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos ngagaduhan hate. Duanana
ngagaduhan niat keur kawin, Suganda nyobaan dek ngalamar. Basa bapana Suganda
ngalamar hanjakal ditolak ku pa Naib kusabab Suganda lain katurunan ningrat jeung teu
pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan, namina R.
Wiraatmaja. Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja papendak Siti Habibah. Wiraatmaja
bogoh ka Siti habibah tuluy Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan ku hate bungah
pa Naib narima lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina nu aya R na,
marukankeun raden nu katurunan ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul Wiraatmaja apekteh
Wiraatmaja sanes katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta.
Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu, geus dioperasi tapi
kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantren titah ngadonorkeun getih kanggo neng
Ebah. Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda sareng nu lainna nu
satuju. Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda sareng nu lain di
ngadonorkeun getihna kanggo neng Ebah. Neng ebah sehat deui tuluy, Suganda jadi deukeut
deui sareng neng ebah sakaligus kulawargina. Eta kasempatan moal disia-siakeun ku Suganda
kusabab aya peluang keur Suganda kawin sareng neng ebah. Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy
nyatujuan lamaran suganda. Akhirna Neng ebah sareng Suganda kawin tuluy bahagia
salamina.
1. Tema
Kanyataan hidup sapopoe hiji jalma anu agul tuluy nyadar
2. Galur
Maju
3. Sudut Pandang
Urang kahiji
4. Setting atawa latar
latar tempat : Imah si naib, kantor kapala desa, rumah sakit
latar waktos : beurang
latar suasana :
Conto :
Sikep Naib nu agul jeung milih-milih mantu nu benghar
Bungah
Conto :
Pas Siti Habibah papanggih jeung Suganda duduana ngaganduhan hate.
Milih-milh
Conto :
Siti Habibah teu meunang kawin jeung Suganda sabab manehna lain ka turunan ningrat jeung
teu pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Haru
Conto :
Aya cimata ngeclak dina panon Siti Habibah
Sedih
Conto :
Pas Siti Habibah atau Neng Ebah geuring usus buntu
Conto :
Akhirna Pa Naib sadar jeung ikhlas narima Suganda jadi minantuna, lantaran geus
ngadonorleun getih keur anakna.
5. Panokohan Utama
Pak Naib geus jadi bahan omongan batur sa Desa Naib nu di pandang darajatna
kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna nu sombong jeung mandang darajat. Tapi lila
kalilaan manehna sadar.
Siti Habibah atawa Neng Ebah anakna Pak Naib manehna nurut ka kolot , misalkeun
manehna nyeri hate lantaran teu direstui manehna tetep weh patuh
Suganda anak kapala desa, manehna lain katurunan ningrat ngan boga hate nu bageur
jeung tulus
6.
Amanat
Jadi jelema teh ulah ngabeda-bedakeun da kabeh jelema mah sarua boga kelebihan
sareng kakurangan masing-masin.
Dina ngajalankeun hirup kudu sabar , lantaran aya hikmah dina sagala kajadian