Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

BIANTARA BASA SUNDA

Nami Panyusun : M. RAFLI FIRDAUS

Kelas : VI E

Sakola : SDN 17 KUNINGAN


No. Absen : 20
Assalamualaikum Wr.Wb.
Alhamduliliahhi robbil alamin wassholatu wassalam ala asrofil ambiayi
warmusalim Wa alaalihi wasohbihi ajmain. Robbi shrohli sodri wa yassirli amri
wahlul udatan millitsani yafqohu qauli yapattahu yaalim ammabadu.
Ti payun mangga urang panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah
SWT,nu dimana kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan
sehat walafiat.
Sholawat miwah salam mugi tetep di limpahkeun ku jungjunan urang
sadaya nabi Muhammmad SAW ,teu hilap ka kaluwargina, ka para sahabat na,
oge urang sadaya salaku umatna anu insya allah taat kana ajarana... Aamiin
Yaarobbalalamin
Bapa Kapala UPTD SD nu ku sim kuring dipihormat
Komite Sakola SD Negeri 17 Kuningan nu ku sim kuring dipihormat
Para undangan nu ku sim kuring dipihormat
Bapa Kapala Sakola SD Negeri 17 Kuningan nu ku sim kuring dipihormat
Guru-guru Sakola SD Negeri 17 Kuningan nu ku sim kuring dipihormat
Ibu / Rama orang tua siswa kelas 6 nu ku sim kuring dipihormat
Babaturan kelas 6 nu ku sim kuring dipihormat
Adi adi kelas nu ku sim kuring dipihormat
Nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo
nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas 6.
Heunteu karaos parantos genep taun urang aya di dieu. Nu mana ayeuna
puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Heunteu hilap abdi
ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti kabingahan ka
bapa miwah ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya seueur hal.
Mugia naon anu di ajarkeun ku bapa miwah ibu guru tiasa dimanfaatkeun kanu
hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Ka bapa
miwah ibu guru abdi sareng rerencangan neda di hapunteun bilih salami nimba
elmu di sakola ieu seueur kalepatan nu karaos atanapi nu heunteu karaos. Abdi
sareng rerencangan nungkeun doa sareng restuna ka bapa miwah ibu guru
sadaya, pamugi-mugi di sakola nu langkung tinggi tingkatanna tiasa langkung
tambih prestasina. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru
kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin Yaarobbalalamin
Sakitu ti abdi nu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang langkungna
neda dihapunteun, nu mana kasalahana mah milik abdi sareng kaleuwihana
mah dongkapna ti Allah SWT.
Usikum Wanafsihi Bilahitaufik walhidayah. Wassalamualaikum Wr.Wb.

You might also like