Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang


Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Tandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Ref:
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia

CING CAKELING

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten


Blos ka kolong bapak satar buleneng
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos ka kolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng

PANON HIDEUNG

Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abdi resep
Ka anjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geulis
Panon Hideung

BUBUY BULAN
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe disasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngamplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

KARATAGAN PAHLAWAN
Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas rido keur korban merdeka

SABILULUNGAN
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sifat silih rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong
Tohaga rohaka
Teguh tangguh perbawa sabilulungan
Sadia sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

You might also like