Si Kabayan Dicukur

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

Si kabayan dicukur

Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop
nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.

Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan
Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan.
Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti
biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih Ngadalang. Pokna
teh, Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh.
Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray

Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan
nyarita, Pondokeun wae Mang

Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, Ari geus kitu eta
Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama

Pondokeun wae Mangceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu
bakating ku tunduh.

Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, Urang
tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana. caturkeun sri Rama. si
Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, Pondokeun Mang.

Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun
ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang.
Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan
keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem
nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si
Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita Ceuk aing ge pondokeunpondokeun
tukang cukur nembalan Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu.. ari ret si Kabayan kana
eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh
ambek, Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing si Kabayan morongos.

Tukang cukur nembalan bari nyentak, Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh,
lain nuhun diembohan ku dongeng teh

Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak
dipoyokan bari di abring-abring penjol.penjol.[]
Si kabayan meuleum lauk

Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrn di hiji lembur nu rada mencil. Masih knh tradisonal
pasantrnna th. Sarna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna
sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan.
Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana ccmph nu diamparan daun cau,
terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hs, dan dibekelan ku kolotna, surundng,
kr lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik
nu teu jauh di kobongna sakalian bari nangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah
teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah
meunang berenyit, ll, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas saged
indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing.
Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

Moal waka dibeuleum bisi babaturan mnta, engk uing moal kabagan, ceuk hatna. Atuh
baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

Can hayang dahar, teu ngarareunah awak, pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Rngs dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rk arulin, Si Kabayan hudang, terus muru
hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihsan
ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna
ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala cngk
ti pipir kobong, dirndos make uyah dina cot.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring sng. Si Kabayan muru hawu,
leungeun katuhuna nanggeuy piring sng, leungeun kencana nyekel cot. Barang diteang,
tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna
th kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikorhan.
Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna th ata tilu.

Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah
timana wa, ceuk Si kabayan dina hatna.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si
Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui
daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar knh, Si Kabayan nyiuk deui sangu,
terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum
jeung bau. Ucing bangkawarah, pokna gegelendeng, los ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh
kali. *** (AG, diropa tina carita Si Kabayan nu asalna ti Banten / Galura)

Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2012/04/si-kabayan-meuleum-lauk-


dongeng.html#ixzz2BdYK8eWl

You might also like