Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 8

GARA-GARA SI KABAYAN

Dina hiji isuk, aya Nyi iteng nu karak brs nyeseuh, tuluy mokeun popoan, datang si Kabayan pamit arek indit gaw.
Nyi iteng : Duit teu boga, hutang loba, lieur hirup th. (sabari ngagurutu)
Kabayan : Nyi akang ark narik bca heula. Lamun aya nu nanyakeun bejakeun akang keur ngadines heula.
Nyi iteng :Heueuh jug!
Kabayan : Heueuh, jagaan imah nya bisi aya nu maok!
Nyi iteng : Kad balikna tong beurang teuing! Nyai keur butuh duit
Kabayan : Heueuh atuh nyi, lamun akang geus menang duit mah pasti balik.
Nyi iteng : Kad kos kamari balik burit, ari duit teu meunang saprak-prak acan.
Kabayan : Heueuh atuh, pan kamari mah ti isuk nepika sor th meni euweuh panumpang hiji-hiji acan. Aya ta g panumpang ngan hiji, ta
panumpang th teu boga pikiran pisan, ark mr 25.000, ku akang th geus w teu dicokot.
Nyi iteng :Ari akang, kos jelema anu lieur wae. 25.000 teu dicokot? Naa ari akang jadi jelema th ku olo-olo teuing.
Kabayan :Lain olo-olo, deuleu sia th jauh ka Surabaya nganterkeunnana. Heueuh ku akang bisa wae ta duit di cokot, ngan balik-balik suku
akang bisa-bisa tinggal sajengkal.
Nyi iteng :Eleuh eleuh ari akang, nyai th serius lain keur heureuy. Nyai th bener-bener keur butuh duit.
Kabayan :Teu kaharti aing mah, nyai mah ti mimiti ku akang di kawin nepika ayeuna angger w hirup th butuh ku duit.
Nyi iteng :Euh ari akang, nyai mah mnta duit soth keur mayaran hutang,ra ku batur kang nyai th. Jol deui jol deui nu nagih hutang th.
Kabayan :Nya alus atuh ari loba hutang mah. Cirina loba nu mercaya.
Nyi iteng :Astagfirullah ari akang, moal bener-bener ari ngomong jeung akang mah nepika iraha og. (sabari ngelus dada)
Kabayan :Heueuh komo deui ngomong jeung nyai mah nepika piraun nak bca og moal anggeus-anggeus. Geus ah akang mah rk indit
narik bca.
Nyi iteng :Heueuh ku nyai di doakeun sing meunang duit loba.

Teu lila kitu si Kabayan indit ninggalkeun Nyi iteng.

Nyi iteng :Kieu ari jelema leutik mah, hirup th loba kasusah. Kantun w pamarntah th sok ngomong mari kita berantas korupsi, tapi
angger w hirup th miskin-miskin keneh. Duit th kalah bak ku koruptor, kudunamah nu kitu kudu di beramtas th.

Teu lila si kabayan torojol dating deui.

Nyi iteung :Aya naon akang th malah balik deui? Sakuduna akang th geura-geura gaw ka ditu mingkin berang mah rezeki th mingkin di
cokot ku hayam,sakitu hirup loba hutang og, kudu namah akang th mikir!
Kabayan :Eh ari nyai akang th aya nu katinggaleun. (Kabayan indit ka jero sabari ningailkeun Nyi Iteung).
Teulila Nyai..... Nyai..... (Ngagorowok satarikna)
Nyi iteung :Aya naon akang th? Kos nu budeg wa boga pamajikan th. (Sabari nyamperkeun Kabayan)
Kabayan :Ari nyai ningali teu roda bca anu di tendeun didieu tah?
Nyi iteung :Roda? Roda bca? (Sabari ngahuleung nginget-nginget) Ohh roda bca ta, kamari th ku nyai di jual ka tukang
kokorompong, ngan saukur laku 8.000 gening.
Kabayan :Euleuh ari Nyai nanaon th man jual wa, pan Nyai g apal meren bca th banda urang hiji hiji na. Sakalian harga diri akang
tah jual. (Sabari nepak tarang da pusing kana kalakuan Nyi Iteung)
Nyi iteung :Ari geus Nyai th bingung. Akang teu mr duit wa, sedengkeun akang pan apal Ambu th olo olo, dahar g kudu jeung pais
ll.

Teu lila torojol Ambu datang.

Ambu :Aya naon atuh ieu th isuk isuk geus cekcok? Era atuh ku tatangga!
Nyi iteung :Tah ieu Ambu na. Tanya w ku akang.
Kabayan :Ari ambu leres hoyong tuang sareng pais ll?
Ambu :Leres.
Kabayan :Tah kamari th leres Nyi Iteung tika ngajual roda bca?
Ambu :Muhun, nya terus?
Kabayan :Na ari Ambu, ta th banda urang hiji hiji na pikeun nangan rezeki.
Ambu :Hor da Ambu mah tidak tau menau, teu nitah ngajual nu kitu deuih.
Nyi iteung :Atos w atuh ayeunamah da roda ta moal bisa balik deui. Wayahna w Akang kudu nangan pagawan deui anu sakirana
ngahasilkeun duit loba! Tong hitut wa nu di ged keun th.
Kabayan :Jadi akang th kudu kumaha?
Nyi iteung :Tuh tingali si uwa, isuk isuk geus ka sawah banting tulang jang kulawarga.
Kabayan :Sok atuh ayenamah kumpulkeun tulang tulangna, ku akang urang banting-banting keun.
Ambu :Ga ah sabodo! Ambu mah geus kusing (sabari ngaleos kajero).

Si kabayan ngahuleng mikirkeun kumaha nasibna ayeuna.

Kabayan :Nya roda geus dijual, bca teu bisa di pak, pamajikan norowco wa mnta duit, Ambu daharna olo-olo. DUTTTTTT Tah
ngeunah geuning hitut th, saeutik lega kana pikiran th.

Di tempat lain disalah sahiji imah ngarana imah Bu Imas. Bu Imas nyata jelema pang beungharna di kampung ta. Di dinya aya hiji budak ngaranna
Icih. ta budak th budak hij-hiji na. Tapi ngabogaan panyakit anu anh og tuna rungu. Budak ta th di uruskeun ku susterna nu ngaranna Surti.

Suster Surti :Icih hayoh atuh geulis, bageur, menak, jinggo kadieu ieu obatna suntikeun heula. (Sabari ngudag-ngudag mawa suntikan).
Icih :Aim auh euli ah. (Sabari jejeritan)
Suster surti :Ehh, kin bibi dicarekan ku Ibu coba, hayoh burukeun kadieu kumaha cenah budak th ih nya. (Sabari kukulutus).
Bu Imas :Aduhh Surtiiiiii, ta budak urang dikumahakeun sia nepika jejeritan kitu? Ari manhh. (Sabari melak cangkeng)
Suster Surti :Ihhh Ibuu, ieu budak na alimeun di pasihan obat. Sakitu ieu obat nu pang manjurna og, nepika ksang cur cor tiditu
tidieu. (Sabari ngusapan tarang na da sieun luntur make up na)
Teu lila datang si onw asisten Ibu Imas anu so Inggris.

Onw :Aduh Ibu aya naon ieu th? Meni rariweuh ieu th? Please dehh!
Bu imas :Naon deuih maneh th datang-datang? Manh tah nu riweuh mah!
Onw :Hmm si Ibu mah suka begitu, dont apa-apa atuh Ibu.
Bu imas :Ehh onw kumaha atuh si eneng th? Brs kaditu kadieu th geningan can cageur-cageur nya?
Onw :Iya Ibu dont hariwang, da panyakit mah pasti aya wa ubarna. Eh tapi bu,kamari abdi th meunang brosur aya dukun anu bisa
nyehatkeun sagala panyakit nu aya dina awak urang. Ngrana Dukun Jebret.
Bu imas :Ahh nu bener nw, manjur moal eta? Sugan w atuh nya si eneng cageur di bawa kadinya mah.
Onw :Ohh of course nyonya. Urang cobaan heula w atuh, sugan w little littlediakhirna mah bisa.
Bu imas :Heueuh atuh nya, nw isukan teangan nya alamatna! Kudu ka panggih pokoknamah!
Onw :Ok nyonya, dont worry!

Kaisukan na si onw nangan ta alamat, h geningan usut punya usut imah Dukun Jebret ta th imah nu dicicingan ku si Kabayan. Sabab
dukun ta th ngajual imah na ka si Kabayan. Brosur anu di panggihan ku si onw th nyata anu geus lila.

Onw : Assalamualaikum.. Punten every body home?


Iteung :Waalaikumsalam.. Mangga, tu aya hanbody didieu mah. (Sabari ngeleuweuh dijero)
Onw :Excusme
Iteung :Ohh sans bumi mang Engkus, palih ditu.
Onw : Hmm, I cant help you?
Iteung :Ohh pasti ys ys jawabanna vis vis pokona.
Onw : Hmm,I wont some information please talk to me about dukun jebret in here right?
Iteung :Duhh pasti yes deuih yah jawabanna.
Onw :Dasyar orang kampyung, hs og nya, nya kieu w atuh abdi mah bad langsung ka inti. Abdi kamari manggihan brosur yn
didieu th bumi na dukun Jebret. Kumaha leres teu?
Kabayan :(Datang ujug-ujug) Neng, dimana pancingan akang th? Akang rk ikhtiar sugan w meunang lauk ll.
Onw :Nahh that right! Manh dukun jebret pan? (Nunjuk si kabayan )
Kabayan :Sans, kuring lain Dukun Jebret kuring mah kabayan.
Iteung :(Ujug-ujug akal licik Nyi Itenung datang) Ohh muhun leres pisan ieu th Dukun Jebret. (Nyi Iteung medol si kabayan sabari
ngaharwos) Atos akang mah cicing w, iya iya w Nyai nu ngurus.
Kabayan :Sip atuh lah kumaha nyai wlah.
Onw :Jadi bener ini th house na Dukun Jebretnya?
Iteung :Iya bener, bah jebret th rada pikun jadi rada kitu, tapi pokona sakti manhna mah.
Onw :Wihhhhhhhh (Kagum) its great! Ibu th sahana Dukun Jebret ath?
Iteung :Abdi th juru wicarana Dukun Jebret heueuh teu? (Sabari ngalieuk ngiceupan si kabayan)
Kabayan :(Unggek)
Onw :(Ujug-ujug nyembah si Kabayan sabari ceurik nangkeup sukuna) Ohh embah tulungan majikan kuring, anakna gering misterius
tulungannya mbah
Kabayan :Eta th biasana keuna kana guna-guna. (Terus ngaharewos ka nyi iteung)
Iteung :Okh! Ceuk si mbah isukan kang kabayan ark ka imah majikan manh siapkeun w sasajen jeung duit 10jt dina krsk
hideung.
Onw :Okh! K ku kuring disiapkeun. Kuring pamit heula bye-bye.

Sanggeus si Onw balik, Nyi Iteung jeung Kabayan nyiapkeun strategi jang nyiapkeun praktk Dukun. Kaisukan nana sanggeus sagalana
siap, Kabayan datang ka imah majikan si Onw. Di imah Bu Imas geus disiapkeun sasajn nu di pnta ku si Kabayan. Maranhna geus siap nyambut
Dukun Jebret alias si Kabayan.

Kabayan :Punten Bu,Assalamualaikum.


Semua :Waalaikumsalam.

Teu lila Onw muka panto. Tuluy si Kabayan asup mak gaya ala dukun modern, anu siap ngobatan pasin.

Kabayan :Punten, ieu th sareng Bu Imas?


Bu Imas :Muhun ieu sareng Bu Imas, teras itu sareng Icih budak anu gering aneh tea. (Sabari nunjuk ka Icih)
Kabayan :Ohh muhun, Abdi Mbah Dukun Jebret ta nu sakti nu bisa ngubaran sagala panyakit.
Bu Imas :Okelah sip. Tiasa di mulai ayeuna?

Si Kabayan nyanghareup kana sasajn,biwirna komat kamit akting jiga beneran kos di
film-film.

Kabayan :Ayeuna cing kabehan turutan jamp-jamp kuring.

Kabehan nana nurutan si Kabayan anu katingali siga jelema bodo.

Bu Imas :(Ngaharewos) Nw, manh th yakin teu ieu Dukun Jebret? Ning asa kieu?
Onew :Aduh Bu, Im sure! Alamatna g sarua jeung nu na brosur.

Tuluy si Kabayan ngawurkeun hiji kembang anu pokna nyata ubar jeung budak ta, budak ta kur
cicing wa ku sarngkah pola si Kabayan.

Kabayan :Sapertina putri ibu th kana guna-guna.


Bu Imas :Guna-guna kos kumaha?
Kabayan :Anjeunna teu tiasa nyarios nya?
Bu Imas :Oh muhun, naha Mbah tiasa uninga nya?
Kabayan :Pan Mbah th maca status Fb ibu.
Onew :Kumaha nyonya, hebat pan?
Bu Imas :Nya lumayan lah.
Kabayan :Upami kitu mah kuring rk balik heula, ku sabab proses ngubaranna
geus brs, ieu sasajen ku kuring bawanya. (Sabari nyodorkeun sassajen)
Bu Imas :Oh muhun mangga, nuhunnya Mbah tos nulungan.
Kabayan :Sami-sami, manggan Bu. (Sabari sasalaman)

Kabayan teu lila balik sabari mawa duit anu 10 juta, jeung ssa sasajen anu tadi di
Suguhkeun. Sanggeusna nepi ka imah..

Kabayan :Nyai..... Alhamdulillah ieu akang meunang duit 10 juta. Jeung ieu tah akang mawa kadaharan. Ambu, Nyai!!!
Nyai Iteung :Wah alhamdulillah tah kitu atuh akang th.
Ambu :Saha heula atuhhh, budak ambu ta.
(Sabari agul)

Teu lila geus sababaraha po kaliwat, si Kabayan didatangan ku Bu Imas jeung polisi.
Ngan imah si Kabayan keur kosong, ku sabab si Kabayan jeung kulawargana keur liburan.
Pas si Kabayan balik ka kampungna, tatanggan mr nyaho yn kamari aya ibu-ibu jeung
polisi datang ka imah si Kabayan.

Tatangga :Kabayan... Kamari th aya ibu-ibu jeug polisi neangan manh,ngan manhna euweuh jadi w balik deui.
K abayan :Alahh siah, ark naonnya?
Tatangga :Atuhh da teuing, mnkth.
Kabayan :Oh kitu nyah. Nya enggeus atuh, nuhunnya geus mr nyaho.
Tatangga :Sami-sami (Sabari ngaleos ti hareupeun si Kabayan)
Kabayan :Aduhh... Bahaya!! Pasti Bu Imas ta mah. Kuring kudu kabur eung... Tapi kamananya? Aduhh otak mikir-mikir (Sabari nakolan
sirahna)
Nyi Iteung :Kunaon kang Kabayan, bangun siga nu bingung jeung sieun kitu?
Kabayan :Ah henteu.. Hayu ah nyi urang kalebet.

Peuting-peuting Kabayan ngahuleung, tekadna geus buleud yn manehna rk kabur, Kabayan teu mikiran Nyi Iteung jeung Ambuna.

Kabayan :Ah ieu mah, kuring kudu bener-bener kabur. Mun henteu th kuring pasti di kurung dina panjara. (Ceuk Kabayan sabari
ngaberesan baju) padahal manhna teu mikiran rk kabur kamana.

Lalaunan Kabayan kabur, bari mawa gembolan anu eusina baju. Teuing kamana Kabayan rk kabur euweuh tujuan. Henteu karasa
manhna geus leumpang jauh. Panon po geus moncorong, manhna geus nepi di darah anu kacida ramna jeung bangunnana mararegah teuing
naon ngaranna. Tijauh manhna ningali prajurit datang mawa kabar anu judulna sayembara.
Prajurit :Pangumuman..... Pangumuman...... (Bari keukeuleuweuhan) Sang raja ark mr sayembara ka saha ba, saha anu bisa
ngaleungitkeun kutukan putri raja, yn putri raja teu bisa seuri. Cig saha wa anu bisa ngajieun puri raja seuri, lamun jelema ta aww maka ku raja
ark diangkat jadi putri anu ka dua, lamun jelema ta lalaki maka ta rek dijadikeun salaki putri.

Kabeh anu aya didinya sing alemprak kacuali si Kabayan ngan ngahuleng da teu
Ngartieun naon maksudna. Kaisukan nana rakyat geus rame,nampilkeun tingkah laku anu lucu,jeung harepan supaya bisa ngajieun puri raja seuri,
sabab loba anu ngaharepkeun bisa dikawinkeun jeug putri.

Aya nu nampilkeun Badut, pantonim, jeung nu nyayi.


Mimiti badut nu tampil, putri raja masih can sueri. Mangkaning tingkah laku eta
badut pikaseurieun. Kitu oge nu pantonim, nu nyanyi, eeeuweuh anu bisa ngajieun putri raja seuri.

Geus tampil kabeh,tapi putri raja acan seuri-seuri. Tuluy prajurit nawarkeun deui saha nu
rek tampil ka hareup. Teu lila si Kabayan tampil,

Kabayn : (rek nyobaan nari ah, rada karesel oge yeuh) dina jero hate Kabayan.

Tapi manehna rada bingung, da arek nari jaipong da teu bisa, teu lila si Kabayan diserang ku grup pantonim, nepika si Kabayan muak eta grup
Pantonim ku hitutna anu gede. Nepika grup pantonim th pararingsan. Teu lila putri raja seuri nepika ungkel-ungkelan.
Si Kabayan reuwas,bari ngahuleng. Raja ngilu bungah sabab budakna bisa seuri
deui. Terus si Kabayan ku raja di kawinkeun jeung putrina.

Di tempat anu lain,di imah si Kabayan geus pinuh ku polisi, Ambu jeung Nyi Iteung
Bingung teu bisa walakaya neangan si Kabayan kudu kamana.

Polisi :Assalamualaikum. Punten, kami ti pihak kapolisian nuju milari nu namina bapak Kabayan,leres ieu bumina?
Nyi Iteung :Muhun leres, ieu pan Iteung istri anu panggeulisna?
Polisi :Kami ti pihak polisi bade nangkap Bapak Kabayan ku sabab Bapak Kabayan tos ngalakukeun panipuan.
Nyi Iteung :Aduhhh...ehh.. Pak Polisi, Iteung ge teu terang Kang Kabayan di mana.
Polisi :Ah itu mah derita lo, wayahna Nyai Iteung kedah milarian Kabayan dugika kapendak, salami milari si Kabayan, bumi ieu ku
abdi disita heula. Sakumaha parentah Bu Imas.
Nyi Iteug :Aduhhh alah siah,kumaha atuh ambu ieu th.(Iteung ngareret Ambu sabari ceurik)
Polisi :Nya mung sakitu anu kapihatur ti sim kuring,hapunten bilih aya kalepatan.Wassalamualaikum warrohmatulllahi
wabarokatuhh.(siga dakwah)

Nyi Iteung jeung Ambu tatangkeupan sabari ceurik sabab bingung teuing kudu kumaha.
Disisi lain si Kabayan mah keur bungah, manehna cicing di Istana meunangkeun pamajikan anyar anu geeeuuulis tur katurunan Raja, mun katurunan
raja, nya tangtu beunghar sagala kacumponan. Si Kabayan teu inget saeutik oge ka Nyi Iteung jeung Ambuna, padahal Nyi Iteung jeung ambuna keur
neangan si Kabayan, keur susah, sabab imahna oge di sita jadi bingung rek cicing dimana.
Ambu : Iteeuung, geuning budak ambu teh kitu. Doraka siah maneh Kabayan!
Iteung : Tos we Ambu percuma da ayeunamah, urang teangan we si Kabayan teh.

Iteung jeung Ambu indit ti imah eta, antugna Nyi Iteung jeung ambu teh rek neangan si Kabayan. Leumpang Ambu jeung Nyi Iteung mapai jalan
satapak. (lagu mapai jalan satapak)
Basa Ambu jeung Nyi Iteung leumpang, teu kahaja ngadangu warga didinya ngaromong sing harewos

Warga : Enya ceunah eta teh si Kabayan nu kawin teh.

Teu lila Nyi Iteung langsung malik sabari nyampeurkeun eta warga teh

Nyi Iteung : Haah?? Naon naon ieu teh? si Kabayan? Kawin? Jeung saha?.
(Nyi Iteung sabari hariweswes, ambekna aya Itung teh).

Ambu :Eh.. eh, teumeunang kitu nyai!, Punten nya teteh. (Ambu langsung menta hampura)
Warga :Oh muhun teu sawios atuh. Eh eh Ambu, teurang teu Putri Raja anu di sebrang teh ayeuna mah tos nikah, cenah mah jeung si
Kabayan. (sabari rada ngalieuk ka Nyi Iteung)
Nyi teung : Aah teu mungkin Ambu, teu mungkin pisan kang Kabayan kitu!! Teu mungkin kang Kabayan hianat ka Nyai. (sabari ceurik
nangkeup Ambu).
Ambu : Keheula Nyai keheula, bisi lain si Kabayan budak Ambu nu kasep tea. Na leres kitu eta teh teteh si Kabayan teh?

Saacan dijawab ku warga eta, teu lila aya si Kabayan jeung pamajikan nu anyar na keur jalan-jalan sabari dikawal ku Prajurit.

Nyi Iteung : Ambu, itu geuning bener kang Kabayan. Ambu tinggali! (sabari ceurik jeung ngagesek panon)
Ambu : Alah siah bener geuning ituh, ke urang sampeur.....

Saacan beres Ambu nyarita Nyi Iteung geus tiheula nyerenteng nyampeurkeun Kabayan.

Nyi Iteug : Akang! Akang Kabayan! (sabari leumpang nyerenteng ninggalkeun ambu).
Ambu : Nyai keheula tungguan Ambu! (sabari ngudag Nyi Iteung)
Kabayan : Ituh.. Nyai Iteung, kadeudeuh akang. (sabari lumpat rek nangkeup, tapi teu keuna)
Iteung : Akaaaang. (sabari lumpat oge)
Kabayan : Eh geuning Nyai, kumaha Nyai damang? Ambu damang? Akang teh sonoooo ka Nyai.
Iteung : Alhamdulillah akang, akang teh kamana wae? Nyai teh geus cape neangan akang jeung Ambu. Akang mah kitu teu tanggung
jawab! Nya imah teh rek disita. Kamana wae atuh akang teh?
Putri : Ssstoooop! Aya naon ieu teh? Kabayan ari eta saha?
Kabayan : (ngahuleng)
Iteung : Ih didinya sugan saha?! Cunihin teuing ka salaki Iteung teh.
Putri : Ih didinya nu cunihin! Dasar cewek kampyung! KAM--SEU--UPAY!!!
Kabayan : Sstoooop! Heup ayeuna mah hayu urang bereskeun di Karajaan!
Putri : Eh keheula atuh akang, naha make dibawa ka Karajaan? Emang eta saha? (sabari rada ngambek)
Kabayan : Cicing eneng teh pamajikan akang, jadi ayeuna mah kumaha akang we.

Tuluy kabehanana ngabring ka Karajaan, si Kabayan hate na bingung kudu ngajelaskeun kumaha ka Nyi Iteung. Nyi Iteung geus teu kuat hayang
ngedalkeun amarah na ka Kabayan.
Satepina di Karajaan, dikumpulkeun sadayana. Diantarana aya Nyi Iteung, Ambu, jeung Putri. Kabeneran ratu jeung Raja nuju teu aya di Kerajaan.
Kabayan nyobaan rek muka cacaritaan sanajan dina jero hate na hariwang.

Kabayan : Nyai,...
(saacan Kabayan nyaritana beres, Nyi Iteung geus miheulaan nyarita ka Kabayan)
Iteung : Akang na kumaha ieu teh sabenerna teh? Akang mah ngaleungit teh kalah kawin deui!! Teu mikiran hate nyai kumaha? Hancur
akang hancur? Ningali jelema nu dipika cinta kawin deui teh euhhh asa kumaha mah tidak biasa di jelaskan oleh kata-kata (sabari camberut)
Kabayan : Keheula atuh Nyai, pan ku akang bade dicaritakeun. Kieu,,, sabenerna akang ge teu ngarti naha bet jadi kieu.
Putri : Helooowwwwwww..... jadi Kabayan teh teu serius nikah jeung saya teh?
Kabayan : Tahan atuh tahan ieu teh! Bere waktu kuring jang nyarita!
Putri : Nya atuh sok mangga rengsekeun heula ku duaan
(Putri ninggalkeun Kabayan jeung Nyi Iteung)

(Kabayan jeung Nyi Iteung Parasea, Putri ninggalikeun, lagu melanggar hukum diputer)

Kabayan : Neng putri cobi kadieu! (Putri nyampeurkeun) Kumaha upami kieu we ayeuna mah, Nyi Iteung teh belahan jiwa akang.
Sedengkeun Ambu teh nu ngalahirkeun akang. Kumaha lamun Nyi Iteung jeung Ambu cicing didieu, Neng Putri ridho teu?
Putri : Mangga kang. sing lautan saat, bumi ngabeulah jadi 2, 4, 8, 10, 16, sabaraha wae eta, gunung ngarapung Eneng rela kang, sabab
Neng tiasa kieu seuri deui kawas ayeuna berkat hitut akang.
Iteung : Keheula, jadi Nyai teh dicandung kitu?
Kabayan : Nya atuh da sekarang mah harus gimana lagi? Kumaha Nyai kersa henteu?
Iteung : Nya atuh ayeuna mah Nyai rek berusaha narimakeun kanyataan. (Biarpun saya didua, tapi saya teh bakal jadi orang kaya)

Nyi Iteung jeung Putri akhirna daek dicandung. Sadayana jadi cicing di Karajaan, Ambu ayeuna mah bisa dahar sapuasna jeung pais lele, Raja jeung
Ratu teubisa nyaram kana kalakuan si Kabayan sabab eta mangrupakeun kahayang ti Putrina nu di pika nyaah.
Akhirna maranehna hirup senang di Istana ...

You might also like