Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Kawih

1. Harti kawih
Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga ( seniman ) sarta miboga birama anu
ajeg ( angger ). Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ).

Unsur-unsur Kawih :
Rasa : Ngagambarkeun Sikep
Nada : Sikep anu nulis ( sedih, nalangsa , adigung jsb )
Amanat : Pasualan nu haying di tepikeun
Tema : Ide Pokok

Conto Kawih :
Bubuy Bulan
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe , panon poe di sasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe,, unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese di pancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

Conto kakawihan :
cingcangkeling
Cingcangkeling manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Perbedaan Kawih, kakawihan , jeung tembang
Kawih : lalaguan sunda anu teu ka uger ku pupuh waditrana modern tur wirahmana bebas.
Conto : es lilin , bubuy bulan.
Kakawihan : anu Sok dilagukeun ku barudak bari arulin.
Contona : cingciripit
Tembang : lagu sunda anu k auger ku aturan.
Pupuh : nyaeta rakitan puisi tradisisonal anu kauger ku rupa2 patokan boh wanguna boh eusina.
JENIS KAWIH
1. Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula.
Contona ; banjar sinom
2. Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es
lilin, balon ngapung.
3. Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern.
Contona ; anggrek japati , angina priangan.

Tambahan : Rumpaka kawih mah teu beda jeugn rumpaka wangun puisi ngan kawih mah geus di
lengkepan ku wangun titi laras ( tangga nada ).

You might also like