Praktek Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Teks Pidato Bahasa Sunda

Assalamu alaikum wr.wb.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur kehadirat Allah swt. Nu mana
dina kesempatan ieu urang sadayana tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal afiat.

Sholawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
saw, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya selaku umatna anu insya Allah
taat kana ajarannana, Amin Ya Robal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilkan
rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang ayo didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang
sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu alif abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu
nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya
loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa
dimanfaatkeun ka anu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama.
Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah swt. Amin..

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya, kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana
kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah swt.

Wassalamu alaikum wr.wb

You might also like