Khutbah Halal Bihalal

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Hadirin Ahli Jumah Rohimakumulloh !

Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran biasana umat Islam sok
disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri,
di urang mah katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi sok disebat
haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.

Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina
agama Islam. Dina acara Halal bihalal geusan silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun dihampura
jeung ngahampura. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema
dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi sareng mahramna.
Kangjeng Nabi SAW dina dawuhanana :

Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana
samemeh duanana papisah deui . { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }.

Malihan dina Al-Quran pisan:

Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun
kahadean . { QS. Ali Imron: 134 }.

Margi kitu, saha jalma nu teu ngahampura kana kasalahan batur, eta teh bakal dibenduan ku
Alloh SWT. Malahan kacida mulya sareng sakedahna saparantos urang puasa jeung zakat pikeun
meresihan diri, urang ikhlas pikeun silih hampura. Dawuhan Gusti Alloh dina QS. Al-Maidah,
ayat 13 :

Mangka Anjeun kudu hampura maranehna jeung lubarkeun dosana, saenyana Alloh mikacinta
ka jalma-jalma anu nyieun kahadean .

Pikeun saha bae, sanaos kacida beuratna hahampuraan alatan hiji masalah, tapi nyuhunkeun
dihampura jeung bakal ngahampura nu jadi cukang lantaran mampu ngalawan hawa nafsu urang
sorangan, ieu kacida mulyana mungguh Alloh Swt. Manusa nu jadi sabab tempatna hilap, moal
aya saurang oge nu teu pernah salah atawa teu gaduh dosa perdosa. Jalmi nu sae teh sanes jalma
anu tara lepat, tapi jalmi nu sae teh nyaeta jalmi anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-
kasalahan nu pernah dilakukeun ku manehna.
Kanggo emutaneun urang sadaya, aya pidawuh Rosululloh SAW nu tiasa janten eunteung dina
hirup kumbuh papada manusa. Sabab hirup di dunya moal bisa sosoranganan, pasti dina emprona
mah bakal butuh ku batur. Bag-bagan nu kitu disebatna ibadah hablumminannas. Sabab
pentingna ngariksa hablumminannas, dicarioskeun dina salah sahiji hadits nu diriwayatkeun ku
Imam Muslim, yen Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : Saha sabenerna ari jalma
nu bangkrut teh ? , para Sohabat ngawaler : jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta
!. Teras Rosululloh SAW negeskeun : Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta jalma nu balik
ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi
hanjakal anu sakitu lobana beak dipake mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok
nganyeurikeun hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi
dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka
manehna, tuluy dialungkeun kana naraka . {HR. Muslim ti Abi Hurairoh-Hadits Pembina Iman
dan Akhlak, kaca 96}.

Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna, anu sanggup
ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna kenging kanimatan pangampura
Alloh. Amiin !.

You might also like