Sinopsis Lembur Singkur

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

SINOPSIS LEMBUR SINGKUR

Judul : Lembur Singkur


Pangarang : Abdullah Mustappa
Katgori : Roman
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun terbit : 2001(Citakan II)
Tempat terbit : Bandung
Ukuran : 11,5 x 18 cm
Jumah Kaca : 60 kaca
Nomor Buku : 068/KBU-G/2001
Ilustrasi Buku : Dasar jilid warna hideung,
Panulisan Judul warna beureum,
wasta pangarang wana konng

Novel ieu nyaritakeun hiji kulawarga, anu tokoh kuring minangka budak
lalaki anu ancik babarengan jeung dua lanceukna, sareng Ema (indungna)
di lembur singkur . kulawarga ieu ngandeulkeun tanaga kang Hadi sareng
kang Ahmad minangka tulang tonggong kulawarga, kusabab tokoh bapa
minangka jadi alatan nu biluk kagunung.

Dina hiji peuting, lembur singkur di serang ku gorombolan batur. Tentara


OKD(Organisasi Keamanan Desa), nyangka yn anu nyerang ta lembur
th aya patalina sareng nu jadi tokoh bapa. Jadi waktos gorombolan
tarurun ti gunung ka lembur singkur, si budak lalaki nu hayang tepang teu
panggih sareng bapana, anu di arep-arep th saenyana geus lestari.

Kamampuan pengarang maparkeun plot/ galur kawilang sa, anu


mangrupakeun salah sahiji kakuatan dina buku. Alur nu nampak dina novel
nyata alur maju, kusabab kitu pembaca moal bingung ngabayangkeun
carita dina novel ieu.
Panokohan antara protagonis jeung antagonis teu jelas anu mangrupakeun
kelemahan buku ieu, kusabab ta pembaca kudu mikir deui saha tokoh nu
jahat sareng tokoh nu bageur. Saperti aya tokoh bapa, OKD( Organisasi
Keamanan Desa), jeung anggota kulawarga dina ta carita. Pambawaan
konflik teu jelas, teu dijelaskan kunaon aya gorombolan anu tiba-tiba
nyerang lembur singkur nu akhirna aya tuduhan ka tokoh bapa anu aya
patalina sareng kajadian ngalemahhirengkeun lembur.

Kulantaran kitu, teu ngurangan keunggulan novel ieu dina segi konflik anu
dimunculkeun. Sudut pandang nu didugikeun dina novel ieu tiasa
ngadukung kasaluruhan carita. Pengarang bertindak jadi salah saurang
budak nu hayang tepang sareung nu jadi bapa, Watak kuring tos jelas dina
novl ieu.
Novl kentel ku amanat, amanat anu tiasa dicandak, nyata :
1. Salilana Jalma nyumput pasti bakal kapanggih,
2. Urang kudu bakti ka ka kolot.
3. Kajujuran bakalan ngadatangkeun kabaikan
Amanat ta jelas pisan basa Kang Ahmad sareng Kang Hadi dipiwarang
mersihkeun kandang.

Lamun Anjeun maca novel ieu, Anjeun moal bisa eureun di tengah. Novel
ieu tiasa nyieun pembaca panasaran nepi kana ahir carita. Latar jeung galur
carita tos jelas tiasa nyieun pembaca laput kana eusi carita. Konflik ieu
menarik. Novel ieu kudu kuurang baca, kusabab seueur mangpaat anu tiasa
urang candak.

You might also like