Analisis Novel Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

Analisis Novel Sunda “Payung Butut” karya Ahmad Bakri

Judul : Payung Butut

Pengarang : Ahmad Bakri

Pamedal : T 1968 Jupumarik

Citakan : 1, 2009

Kandel : 48 kaca

Unsur Intrinsik

Tema : Kanyataan hidup sapopoe hiji jalma anu agul tuluy nyadar

Galur : Maju

Sudut Pandang : Urang kahiji

Setting\latar : Tempat : Imah si Naib

Kantor Kapala Desa

Rumah sakit

Waktos : Beurang

Suasana : - Rasa di pikageleuh ku batur


(conto: Sikep Naib nu agul jeung
milih-milih mantu nu benghar.)

- Bungah (conto: Pas Siti Habibah


papanggih jeung Suganda duduana
ngagandung hate.)

- Milih-milih (conto: Siti Habibah


teu meunag kawin jeung Suganda
sabab manehna lain ka turunan
ningrat jeung teu pantes kawin jeung
katurunan ningrat.)

- Haru (conto: Aya cimata ngeclak


dina panon Siti Habibah.)
- Sedih (conto: Pas Siti Habibah
atau Neng Ebah geuring usus
buntu.)

- Sadar jeung ikhlas (conto: Akhirna


Pa Naib sadar jeung ikhlas narima
Suganda jadi manantuna, lantaran
geus ngadonorkeun getih keur
anakna.

Panokohan Utama : -Pak Naib geus jadi bahan omongan batur sa Desa Naib nu
di pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi
sifatna nu sombong jeung mandang darajat. Tapi lila
kalilaan manehna sadar.

-Siti Habibah atawa Neng Ebah anakna Pak Naib manehna


nurut ka kolot, misalkeun manehna nyeri hate lantaran teu
direstui manehna tetep weh patuh.

-Suganda anak kapala desa, manehna lain katurunan


ningrat ngan boga hate nu bageur jeung tulus.

-R Wiraatmaja pasrah pas teu direstuan ku Pak Naib


manehna narimakeun.

-Barudak pasantren barageur lantaran ngadonorkeun


getihna keur Neng Ebah.

Amanat : Jadi jelema teh ulah ngabeda-bedakeun da kabeh jelema


mah sarua boga kelebihan sareng kakurangan masing-
masing.

Dina ngajalankeun hirup kudu sabar, lantaran aya hikmah


dina sagala kajadian.
Sinopsis Novel “Payung Butut”

Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa. Naib nu di
pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna teu sombong sareng teu
mandang darajat.Tapi naib anyar ieu beda, Naib ieu sombong kusabab katurunan
ningrat jeung sok mandang darajat.

Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat sombong Naib teu
diturunkeun ka anak sareng istrina. Naib anyar ieu gaduh putri nunamina Siti Habibah
nu sok dipanggil Ebah, 17 taun. Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda,
salasahiji anak kuwu atawa kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos
ngagaduhan hate. Duanana ngagaduhan niat keur kawin, Suganda nyobaan dek
ngalamar. Basa bapana Suganda ngalamar hanjakal ditolak ku pa Naib kusabab Suganda
lain katurunan ningrat jeung teu pantes kawin jeung katurunan ningrat.

Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan, namina R.
Wiraatmaja. Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja papendak Siti Habibah.
Wiraatmaja bogoh ka Siti habibah tuluy Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan
ku hate bungah pa Naib narima lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina
nu aya R na, marukankeun raden nu katurunan ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul
Wiraatmaja apekteh Wiraatmaja sanes katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta.

Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu, geus dioperasi
tapi kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantren titah ngadonorkeun getih
kanggo neng Ebah. Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda
sareng nu lainna nu satuju. Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda
sareng nu lain di ngadonorkeun getihna kanggo neng Ebah. Neng ebah sehat deui tuluy,
Suganda jadi deukeut deui sareng neng ebah sakaligus kulawargina. Eta kasempatan
moal disia-siakeun ku Suganda kusabab aya peluang keur Suganda kawin sareng neng
ebah. Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy nyatujuan lamaran suganda. Akhirna Neng ebah
sareng Suganda kawin tuluy bahagia salamina.

You might also like