Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

SASAKALA CAI LAUT ASIN

Kacatur jaman baheula, aya dua jelema, adi lanceuk. Lanceukna ngarana Ki Jana, ari
adina ngarana Ki Jani.
Kawas nu meunang nyetelkeun, si Ki Jana teh hirupna ma’mur, rea ketan rea keton.
Pacabakanana jadi sudagar nu sok jual beuli rupa-rupa barang ka mancanagara. Mun ayeuna
mah meureun pangusaha ekspor impor. Ngan hanjakalna, anjeuna kumed leuwih ti misti.
Estuning beda jeung adina anu ngaran Ki Jani tea. Sanajan anjeunna miskin, tapi masih
keneh daek tutulung ka batur. Anjeuna katotol jalma sabar jeung tawakal. Boga lanceuk
beurat beunghar oge, tara ieuh dipake pananggeuhan. Keur mah lanceukna kitu deui, cap jahe
merengkel ka hate-hate. Ari pacabakan sapopoe Ki Jani teh kana tani jeung kula-kuli.
Pareng hiji mangsa, datang usum paila, lantaran halodo panjang. Tatanen si Ki Jani
gagal. Anu ahirna, anjeuna kapaksa ngadatangan lanceukna. Maksudna taya lian, rek lahlahan
nginjeum duit atawa naon bae anu bisa dipake dahareun. Piraku sugan lanceukna henteu haat
nulungan.
Barang datang ka imah lanceukna, disampakkeun bubuden haseum.
“Aya naon ka dieu, Di, tara-tara ti sasari?” lanceukna nanya.
“Nu mawi Kang, adi teh aya kaperyogian”
“kaperluan naon? Sok pok caritakeun buru-buru, Akang masih keneh loba gawe.”
Barabat atuh si Ki Jani nyaritakeun pamaksudanana.
“Duit mah euweuh, maksud teh euweuh anu nganggur. Aya oge ku aknag rek dipake
balanja. Jeung deui lamun ku akang di bere nginjeum,kumaha mayarna? ” da akang mah
jalma usaha, sakur duit anu kaluar kudu balik deui bari aya untungna keur akang. Ayeuna
mah kieu bae, akang rek mere ka Adi, beas dua kilo mah, da sakitu oge untung atuh, sabab
ayeuna mah euweuh nu haratis.”
Bari hatena peurih leuwih-leuwih ti digerihan ku hinis, beas teh ditampa. Lumayan keur
ngaganjel eusi beuteung manehna jeung anak pamajikanana. Pamere ti lanceukna
ditarimakeun pisan, tuluy bae balik ka imahna.
Teu lila ti harita, ka imah si Ki Jana aya anu uluk salam, nyaeta aki-aki anu awakna
begang tur piwatireun. Anjeuna arek menta dahar. Tapi manan dibere malah diomongan tur
dititah indit ti imahna Ki Jana.
Teu lila ti harita oge, aki-aki teh geus nangtung hareupeun panto imah Ki Jani. Terus
uluk salam. Ditembalan ku pribumi, terus dibukakeun pantona.
Pok pribumi nanya, “aki teh anu ti mana sareng bade ka saha?”
Si aki nembalan, “lembur aki mah jauh, Nu mawi kadieu, aki teh neda pitulung,
manawi aya sih piwelasna”.
“mangga aki, carioskeun bae, manawi abdi tiasa ngabantuan,” ceuk pribumi daredeh.
“mangga ka lebet atuh, aki.”
“Sawios ujang. Aki teh bade nyuhunkeun sangu, manawi aya,. Tos dua dinten teu
kararaban sangu. “
Ku bager-bagerna Ki Jani, sanajan anjeuna boga beas saeutik. Anjeuna tetep nulungan
eta aki-aki anu kalaparan.
Rengse dahar, aki-aki amitan. Teu bisa ditahan maksa hayang indit bae. Tapi samemeh
indit anjeuna mere jimat ka si Ki Jani, anu mangrupa lulumpang leutik jeung haluna.
Anjeuna nyaritakeun yen ieu teh lain lulumpang jeung halu samanea, tapi aya hasiatna.
Hasiatna nyaeta naon anu dipikahayang ku urang bakal ditedunan. Jeung cara
ngeureunkeunana, lulumpang teh awuran ku taneuh saeutik. Tuluy si aki-aki teh kaluar ti
imah. Les bae teu kanyahoan kamana inditna.
Gancang carita si Ki Jani geus benghar, tapi anjeuna tetep resep ngabantu jeung
tutulung kanu susah. Barang si Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga
niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang ka si Ki Jani, ku Ki Jani kalah
dicaritekeun kabeh ka si Ki Jana, yen carana make lulumpang. Anu ahirna dibawa minggat si
lulumpang teh ku lanceukna ka alas pentas.
Kocapkeun si Ki Jana, kapalna geus ngangkleung di tengah laut. Hate si Ki Jana
bungah taya papadana. Teu panasaran ninggalkeun pakaya dilemburna oge, sabab baris
kagantian. Manehna boga lulumpang aheng. Sagala kahayangna baris timekanan.
“aing bakal jadi jelema pangbeungharna sadunya”, gerentes hate si Ki Jana. Barakatak
atuh seuri.
Tempona dahar, brak sarerea dalahar. Dahar ngeunah sukan –sukan. Ngan aya nu aneh,
kabeh kadaharan teh bet henteu mirasa. Karasana calawerang.
“Naha kadaharan teh bet kurang sari?” ceuk si Ki Jana, dienyakeun ku nu sejen. “Cing,
tanyakeun ka juru masak, naon sababna?”
Anu dititah nanyakeun indit, teu lila geus datang deui.
“saurna teh juragan, teu aya uyah. Tadi sateuacan mios teu kabujeng meser uyah heula.
Janten sadaya kaolahan teh yeu nganggo uyah”.
“Paingan atuh cawerang. Geus tong loba omong. Ayeuna tenjokeun kusarerea, kula rek
ngadatangkeun uyah,” ceuk si Ki Jana. Kusiwel ngaluarkeun lulumpang jeung haluna.
Terus bae si Ki Jana teh menta uyah ka lulumpang, uyah teh kaluar teu ereun-ereun,
sabab si Ki Jana pohoeun teu mawa taneuh. Beuki lila, uyah teh beuki loba bae minuhan
kapal cai. Kapl beurateun ku uyah. Jalanan oleng. Antukna lep bae karem ka jero laut. Jelema
patingkoceak menta tulung. Bororaah nulungan batur, masing-masing nyalametkeun dirina
sorangan. Kapal karem, kabeh panumpangna, kaasup si Ki Jana jeung kulawargana, taya nu
salamet.
Ari lulumpang aheng tea, ceuk dongeng mah nepi ka ayeuna oge terus bae digawe, teu
eureun eureun ngaluarkeun uyah. Nu matak cenah, cai laut mah asin, lantaran ngandung uyah
tina lulumpang tea.

You might also like