Download as doc, pdf, or txt
Download as doc, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Pemkot Tasikmalaya Ngahankeutkeun

Pangwangunan Jalan Mangin


Ku Amra Iska

Wali Kota Tasik nalingakeun pangwangunan jalan. [Potret: jabar.tribunnews.com]

(SundaNews, Tasikmalaya) Geusan nyingkahan karuksakan jalan akibat pulang


antingna treuk nu ngakut keusik, Pamaréntah Kota Tasikmalaya ngahangkeutkeun
pangwangunan jalan Lingkar Barat Mangkubumi-Indihiang (Mangin). Pikeun tahap
kahiji, numutkeun rencana mah kudu réngsé ahir taun 2013. Dina tahap kahiji, lian ti
ngawangun jalan téh nyieun jamatan deuih. Kabéhna lima, jamatan téh. Jamatan
Ciloséh minangka nu pangpanjangna.

“Pangwangunan Jalan Mangin teras dikebut. Simkuring gé unggal dinten ngalongokan


ka tempat pangwangunan, mah kalan-kalan mah dina sadinten téh tiasa sababaraha
uihan. Ka nu mancén tugas tos meupeupeujeuhan deuih, pami perelu lembur damelna
téh, supados udagan réngsé ahir taun tiasa laksana,” cék Wali Kota Tasikmalaya, Budi
Budiman, ka wartawan.

Mémang, treuk nu sok ngakut keusik ti galian C di Kacamatan Bungursari jeung


Indihiang—boh pikeun kabutuhan urang Kota Tasik boh ka luar kota—téh kawilang
réa. Katambah deui supir treuk sok teu merhatikeun jalan nu diliwatanana. Sangkan
téréh, treuk téh remen motong jalan ka jalan-jalan nu heurin ku pamukiman. Atuh teu
saeutik nu ngaku ngarasa kaganggu, da jalanna kaheurinan jeung babakuna mah téréh
raruksak.

Sabenerna, nu naratas pangwangunan Jalan Mangin téh Wali Kota Tasikmalaya jaman
Bubun Bunyamin. Ngan kungsi kandeg jaman Wali Kota Tasikmalaya Syarif Hidayat.
“Simkuring mah mung neraskeun wungkul. Anapon waragadna, tahap kahiji
meryogikeun kinten Rp 38 miliar nu sumberna tina bantosan ti provinsi,” cék Budi
ngécéskeun.

Mun nepi ka réngsé pisan mah—numutkeun rencana pangwangunan—Jalan Mangin


téh kudu anggeus jero taun 2014. Saterusna ngalakukeun rékayasa lalu-lintasna. Mun
geus layak paké, nu baris asup ka éta jalan téh lain treuk-treuk nu ngakut keusik
wungkul, tapi ogé gedé kamungkinan angkutan-angkutan umum nu jolna ti kiduleun,
wétaneun jeung kuloneun kota. Harepanana, sangkan jalan-jalan jero kota leuwih
tumaninah.

You might also like