Pidato Bahasa Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Bismilaahirrohmanirrohiim,

Assalaamual'aikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina
ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tata kramana.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, katut para sepuh nu hadir di ieu tempat,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep SD NEGERI 12 JATIWARINGIN,
tipayun mangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci,
réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat
wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.

Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi


Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka
terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat
kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,


Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep SD NEGERI 12 JATIWARINGIN, seja
ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu
dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, teu karaos sim kuring saparakanca diatik
dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru
sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu
matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja
neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa
neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh
aya di bangku sakola, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu
guru. Kitu ogé ka almamater urang sadaya, mugia sakola ieu sing langkung nanjeur ku
préstasi-préstasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.


Sakitu biantara ti sim kuring, mung sakitu anu kasuhun. Ieu biantara bade dipungkas waé
ku sisindiran:

Saninten buah saninten


dipilih di parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih seueur kalepatan

Wabillahi taufik walhidayah


Wassalaamu'alaikum wr. wb.

Riski Ramandha
Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.

Sebelumnya, saya mengucapkan terima kasih kepada pihak panitia yang sudah memberikan
waktu kepada saya untuk menyampaikan sambutan di acara ini. Saya mengucapkan maaf
jika dalam pidato ini ada ucapan yang kurang sesuai, baik bahasa maupun tatakrama.

Bapak Kepala Sekolah juga Bapak dan Ibu Guru, juga para orang tua yang hadir di tempat
ini, Begitu juga teman-teman satu sekolah yang saya cintai.

Hari ini, dalam rangka perpisahan siswa kelas 6 SD NEGERI 12 JATIWARINGIN, sebelumnya
marl kita bersama-sama memanjatkan puji dan syukur ke Hadirat Tuhan Yang Maha Suci,
karena Dia-lah yang telah memberikan taufik dan hidayah-Nya, sehingga sampai sekarang
kita semua sehat wal afiiat. Semoga kehadiran kita semua di sini mendapat rido dari Allah
SVVT.

Solawat dan keselamatan semoga dihaturkan kepada Nabi kita semua Nabi Muhammad
SAW, berkat jasa beilau yang sudah memberikan fatwa kepada kita semua sehingga
mengetahui mana yang haq dan mana yang bathil. Semoga kita semua termasuk kepada
umat yang taat kepada ajaran beliau.

Bapak dan Ibu Guru, serta teman-teman semua yang saya cintai,
Saya atas nama wakil kelas 6 SD NEGERI 12 JATIWARINGIN, berniat menyampaikan rasa
rindu, melalui lisan dalam rangka perpisahan ini.

Bapak dan Ibu Guru yang saya cintai, waktu perpisahan akhirnya tiba, tidak teras saya dan
teman-teman diajar dan di didik segala ilmu dan pengetahuan yang tidak sedikit jasa dan
Bapak serta Ibu guru semua Saya sadar bahwa selama menempuh pendidikan di sekolah
ini tentunya banyak melakukan hal-hal yang kerap memusingkan dan membuat jengkel Ibu
Bapa Guru. Oleh karena itu, kami dan teman-teman menghaturkan minta maaf yang tiada
terhingga atas segala kesalahan

Selain itu, kami dan teman-teman semua meminta do'a kepada Bapa dan Ibu Guru semoga
kami bisa melanjutkan sekolah ke pendidikan yang lebih tinggi. Tidak lupa juga kepada adik-
adik yang masih duduk di bangku sekolah ini, semoga lebih rajin belajar, serta taat kepada
nasihat Bapak dan Ibu Guru.

Bapak, Ibu Guru, dan semua yang hadir, yang saya cintai.
Demikian pidato dari saya, lebih-kurangnya saya meminta maaf.

Wabilahi taufik Walhidayah


Wassalaamu’aikum Wr. Wb

Riski Ramandha

You might also like