Laporan Kegiatan

You might also like

Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 2

LAPORAN KEGIATAN

PEDULI KORBAN BENCANA PALU JEUNG SAKITARNA

A. Bubuka
Sabaraha bulan kapengker ieu, Allah azza wa jalla masihan seeur ujian jeung
peringatan ka sapalihna penduduk Indonesia mangrupa bencana alam nu terjadi di
sababaraha daerah di Indonesia sangkan manusia balik ka Allah azza wa jalla. Jeung
diantarana daerah nu beunang ku bencana nyaèta kota Palu jeung sakitarna. Bencana èta
terjadi pas tanggal 28 September 2018 pas maghrib. Jeung ceuk kabar mah bencana èta tèh
terjadi pas Kota Palu keur ngarayakeun ulang tahunna jeung keur ngayakeun upacara adat
nu ngandung kamusyrikan.
Kusabab eta, SMKN 1 TALAGA hayang berusaha ngalakukan upaya pamulihan
jeung rehabilitasi saparantos bencana boh tina segi logistik, rohani, jeung spiritual.
Saparantos ngalakukeun penggalangan donasi salami 1 bulan, SMKN 1 TALAGA
ngirimkeun babaraha tim rèlawan ti kalangan guru jeung siswa nu diberangkatkeun secara
bertahap kanggo ngalakukan misi kamanusiaan kanggo para korban bencana Palu jeung
sakitarna. Jeung dina laporan pertanggungjawaban ieu bakal dijelaskeun secara rinci
bentuk kagiatan kamanusiaan nu dilakukeun ku para rèlawan jeung rincian alokasi dana nu
disalurkeun tina hasil donasi.

B. Tujuan Kagiatan
1. Nyalurkeun donasi bantuan ti para muhsinin kanggo para korban bencana.
2. Mangrupa upaya kanggo ngawujudkeun parentah Rasulullah shallallahu ‘alaihi
wasallam sangkan saling tulungan ka sasama manusia.
3. Numbuhkeun rasa solidaritas jeung jiwa sosial

C. Eusi
1. Niinjau titik-titik bencana paling parah diantarana daèrah Pantai Talise (dampak gempa
jeung Tsunami), kampung Balaroa, kampung Petobo, kampung Jono Oge (dampak
gempa jeung liquifaksi).
2. Pambagian bantuan logistik ka para pengungsi di dua dèsa binaan; dèsa Lero Tatari
jeung desa Wombo, kabupatèn Donggala nu totalna 1500 paket sembako.
3. Konsolidasi dakwah bersama ikhwah Palu ngaji jeung ngahasilkeun babaraha poin
program dakwah.
D. Panutup
Sakieu laporan pertanggung jawaban ieu urang tulis. Mugia Allah azza wa jalla nampi
amal ibadah urang sadaya sareung mugia Allah azza wa jalla senantiasa masihan taufik
jeung kaistiqomahan ka urang sadaya. Aammiinnn...

You might also like