Cai Laut Asin: Rincian Dongeng

You might also like

Download as doc, pdf, or txt
Download as doc, pdf, or txt
You are on page 1of 2

CAI LAUT ASIN

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lanceuk. Nu cikal ngarana Jana, ari nu
bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema beunghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara
barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh
sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere
malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina
mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah
jalan aprok jeung aki-aki awakna begang leumpangna rumanggieung, atuh
karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar
bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat
ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang
ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki teh,
engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngeureunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus
benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana
ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat
eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana
carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina
kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun,
Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi
asin.

Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Alur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3
palaku utama
Palakuna : Dua urang adi lanceuk:
lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung
tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung
kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji
lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma
ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu
tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki
Jani bageur sok daek nulungan batur,
hirupna jadi senang tur tentrem

You might also like