Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 6

‫الخطبة األولى لعيد الفطر‬

‫‪.‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‬
‫الحمد هلل الذى عاد علينا نعمه فى كل نفس ولمحات وأسبغ علينا ظاهرة وباطنة فى‬
‫شريك له الذى امتن علينا لنشكره الجلوات والخلوات‪ .‬وأشهد أن ال إله إال هللا وحده ال‬
‫بأنواع الذكر والطاعات‪ .‬وأشهد أن محمدا عبده ورسوله سيد األنبياء والمرسلين‬
‫وسائر البريات‪ .‬اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى أله وأصحابه أهل الفضل‬
‫‪.‬والكماالت‬

‫هللا أكبر أما بعد ‪ :‬أيها الحاضرون ! هذا يوم العيد‪ .‬هذا يوم الفرح‪ .‬فرح المسلمون‬
‫لتوفيق هللا إياهم باستكمال بالء ربهم بفرض الصيام مع الترويحات فرح المسلمون‬
‫بوعد ربهم بغفران ما اجترحوا من السيئات واستحالل بعضهم من بعض فى الحقوق‬
‫‪.‬والواجبات‬

‫إخوانى الكرام ! فى هذا اليوم حرم هللا علينا الصيام بعد أن فرضه علينا جميع الشهر‬
‫أنه فرضه لنكون من المتقين‪ .‬فمن هذا اليوم ينبغى لنا أن نبعث فى أنفسنا وأخبر‬
‫‪.‬بارتقائها على مراتب التقوى ونهتم بدين ربنا حتى ننال ما وعدنا ربنا حقا‬

‫هللا أكبر ! إخوانى الكرام ! إن هللا شرع لنا هذا العيد لنعود الى السمع والطاعة‪.‬‬
‫ونعمل بكتابه بالجد واإلجتهاد والقوة‪ .‬ونبتعد عن التقصير واألعمال كما وقع فى‬
‫‪.‬أعوامنا الماضية‬

‫هللا أكبر‪ .‬وقال تعالى ‪ :‬ومن أظلم ممن ذكر بأيات ربه فأعرض عنها ونسى ما قدمت‬
‫يداه‪ .‬إنا جعلنا على قلوبهم أكنة أن يفقهوه وفى أذانهم وقرا وإن تدعهم إلى الهدى‬
‫‪.‬فلن يهتدوا إذن أبدا‬
.‫ إخوانى الكرام ! إعلموا أن هللا تعالى قد طالبنا فى إقرارنا أن نطيع ونسمع‬,‫هللا أكبر‬
‫فقال تعالى ألم ياءن للذين أمنوا أن تخشع قلوبهم لذكر هللا وما نزل من الحق وال‬
‫يكونوا كالذين أوتوا الكتاب من قبل فطال عليهم األمد فقست قلوبهم وكثير منهم‬
‫فاسقون‬.

‫ بادروا باألعمال قبل ان تظهر فتنا كقطع‬.‫ قال رسول هللا صلى هللا عليه وسلم‬.‫هللا أكبر‬
‫ يبيع‬.‫الليل المظلم يصبح الرجل مؤمنا ويمسى كافرا ويمسى مؤمنا ويصبح كافرا‬
‫ رواه مسلم عن أبى هريرة‬.‫أحدهم دينه بعرض قليل من الدنيا‬

Kaum Muslimin anu dimuliakeun ku Allah!

Ti payun, sumangga urang muji muja ka hadlirat Allah SWT. dina dinten ieu urang masih
dipasihan kurnia kanggo ngalaksanakeun shalat Ied, saba’da urang ngalakasnakeun
ibadah puasa. Mugia, urang tiasa syukuran kana sagala kurnia, khususna kasehatan
sareng kabagjaan.

Dintenan ieu urang lebet kana bulan Syawal ngareuah-reuah Idul Fitri. Dintenan ieu urang
balik kana fitrah anu suci, balik kana lambaran anu suci. Sadayana, dina raraga
ngaronjatkeun taqwa urang. Meresihan manah urang, estuning seja ibadah ka Allah
SWT. Aya salah sawios hikmah anu unggelna:

laisa al-îd li man yalbasu al-jadîd, wa innama al-‘îd li man taqwâhu yazîd. Hartosna,
lebaran sanes kanggo jalmi anu nganggo raksukan anyar, tapi sayaktosna lebaran eta
pikeun jalmi anu kataatanana ka Allah-na terus nambihan. Sakalihna ngamumule hablun
minallâh, Idul Fitri oge mangrupakeun cukang lantaran hablun minan-nâs.

Neuleuman inti ajaran Islam kalayan patali sareng pasualan bangsa dina wangkid
ayeuna, sarta nitenan perjoangan Rasulullah SAW. dina ngawangun masyarakat anu
damai tur sejahtera dumasar kana ajaran Islam [tamaddun], maka kalintang loyogna
upama Idul Fitri jadi momentum kebangkitan bangsa pikeun mangsa anu bakal kasorang,
sanes mung saukur ritual atanapi banalitas taunan pikeun umat Islam.
Puasa kalih Idul Fitri, sakedahna ngalahirkeun pamadegan tur kasadaran kana pasualan
bangsa anu sabenerna. Pasualan anu ku urang dipayunan, sanes mung saukur dina
widang ekonomi wungkul, misalna, nanging langkung seueur tur lega tinimbang eta.

“Laisa minnâ man lam yahtamma bi amri al-muslimîn”. Hartosna, “Teu kaasup umat
kaula, jalma anu teu malire kana urusan umat Islam”.

Memang penting ngawangun ekonomi. Tapi, sanes mung eta hiji-hijina. Bangsa anu
mibanda peradaban anu luhung, diadegkeun dina fondasi kayakinan, spiritualitas, tur
akhlak anu mulya. Kaayaan ekonomi kurang nyugemakeun, padahal di nagara anu subur
makmur sapertos Indonesia, saestuna eta akibat tina lemahna iman, spiritualitas,
kurangna elmu, tur lemahna akhlak.

Dina saking pentingna ngawangun peradaban, maka ayat-ayat al-quran dina mangsa
awal-awal Islam, anu patali sareng urusan elmu pangaweruh [nyaeta parentah maca,
Iqra!], larangan berperilaku anu teu payus. Sawalerna, Rasulullah SAW., diparentahkeun
ngawangun akhlak [bu’itstu li utammima makârima al-akhlâq].

Malihan disebatkeun: “al-dînu husnu al-khuluqi. Saestuna agama identik sareng


kamulyaan akhlak.

Puasa sareng Idul Fitri kudu mampu ngahudangkeun rasa optimism anu kuat pikeun
kahirupan anu bakal datang. Kiwari, aya kelompok ngagaduhan sifat pesimisme anu
kaleleuwihi. Ku sifat pesimisme eta, bangsa urang dilandih ku identitas anu kacida hina
na. aya nu nyebut bangsa koruptor, bangsa anu nyirorot, bangsa anu amburadul, sarta
istilah-istilah lain anu matak teu genah kana manah. Landihan-landihan sapertos eta, bisa
ngalahirkeun mental bangsa anu inferior [‘adamu al-tsiqqah], teu mibanda rasa percaya
diri, sarta guamntung kana pitulung bangsa deungeun. Bangsa urang sabenerna henteu
kitu.

Sabalikna, bangsa Indonesia teh bangsa anu untung. Kagungan tanah kepulauana anu
kalintang lega tur subur. Sagara jeung lautan anu lega, bahan tambang, sarta jumlah
penduduk anu kalintang ageungna. Eta sadayana kurnia Alloh, anu kedah disyukuran tur
jadi modal pikeun ngawangun kamakmuran bangsa & negara.

Puasa sareng Idul Fitri kudu aya pangaruhna kana tarekah ngawujudkeun Indonesia
bangkit, ngalahirkeun solidaritas sosial, sarta sumanget berjoang tur berkorban, sabab
nyata dina sejarah, Indonesia merdeka teh, buah tina kasayogian para pejoang, anu di
antawisna para ulama. Marantenan ikhlas tegapati, ngurbankeun sagala anu
dipibandana. Pon kitu deui Rasulullah SAW.salaku anutan sareng panutan Teu mungkin
mantena tiasa ngarobah masyarakat jahiliyah jadi masyarakat madani, upami teu aya
perjoangan tur pengorbanan anu kalintang rongkahna.

Luyu sareng dinamika anu aya, pamarentah sakedahna terus nyepeng pageuh prinsip
merjoangkeun kamakmuran tur kamaslahatan rahayat. Dina kaidah ushul fiqih
disebatkeun: “tasharruf al-imâm ‘alâ al-râ’iyyati manûthun bi al-maslahah.

Kabijakan pamarentah wajib ditaati, salagi dumasar kana kapentingan anu matak
mashlahat pikeun rahayat”. Malih, Imam Syafi’i ngagambarkeun hubungan antara rakyat
jeung papayung nagara, lir ibarat hubungan wali sareng anak yatim.

Puasa sareng Idul Fitri sakedahna ngalahirkeun sifat sapertos amanah, ‘adalah,
istiqamah, sareng salam. Sadaya sifat eta peryogi pikeun ngawangun masyarakat anu
langkung adil tur maju. Langkung ti eta, puasa sareng Idul fitri sakedahna ngalahirkeun
kondisi batin anu syukur, ikhlas, tawakkal, sarta istiqomah. Numawi, peryogi
ngaregepkeun makna “al-dînu huwa al-nashîhah lillâhi wa li rasûlihi wa li al-mu’minîn.
Saestuna agama mibanda nasehat”.

Kaum Muslimin anu dimuliakan ku Allah! Akhirna, ngalangkungan momentum Iduf Fitri
ieu, hayu urang sasarengan ngemutan, kalintang pentingna sadaya komponen bangsa
saget kalayan mibanda tekad, pikeun rempug jukung sauyunan dina ngawangun bangsa.
Pon nyakitu deui, NU anu mangrupikeun organisasi Islam pangageungna di negara ieu,
anu parantos masihan warna dina kahazanah kaberagamaan, sosial, politik, tur budaya
di Indonesia, tinangtos bakal ngupayakeun ngetrukkeun sadaya kamampuan maksimal,
kanggo ngemutan tur ancrub, dina enggoning ngawangun bangsa. Sanes mung saukur
fisikna, tapi langkung utami ti eta, ngawangun peradaban [al-tsaqâfah wa al-hadhârah].
Hal ieu, pikeun ngawujudna impenan Indonesia jadi “negeri anu mibanda peradaban
adiluhung” [al-madînah al-fadhîlah].

‫بارك هللا لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بفهمه إنه هو البر الرحيم‬

‫الخطبة الثانية لعيد الفطر‬


‫‪Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Singkat‬‬

‫‪.‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‪ ,‬هللا أكبر‬

‫علينا وأعظم‪ .‬وإن تعدوا نعمة هللا ال تحصوها‪ ,‬أشهد أن ال إله الحمد هلل أفاض نعمه‬
‫إال هللا وحده ال شريك له‪ .‬أسبغ نعمه علينا ظاهرها وباطنها وأشهد أن محمدا عبده‬
‫ورسوله‪ .‬رسول اصطفاه على جميع البريات‪ .‬ملكهاوإنسها وجنّها‪ .‬اللهم صل وسلم‬
‫على سيدنا محمد وعلى أله وأصحابه أهل الكمال فى بقاع األرض بدوها وقراها‪,‬‬
‫‪.‬بلدانها وهدنها‬

‫هللا أكبر أما بعد ‪ :‬إخوانى الكرام ! استعدوا لجواب ربكم متى تخشع لذكر هللا متى‬
‫نعمل بكتاب هللا ؟ قال تعالى ياأيها الذين أمنوا استجيبوا هلل ولرسوله إذا دعاكم لما‬
‫‪.‬يحييكم واعلموا أن هللا يحول بين المرء وقلبه وأنه إليه تخشرون‬

‫هللا أكبر‪ .‬اللهم صل على سيدنا محمد وعلى أل سيدنا محمد‪ .‬كما صليت على إبراهيم‬
‫وعلى أل إبراهيم‪ ,‬وبارك على محمد وعلى أل محمد‪ ,‬كماباركت على إبراهيم وعلى‬
‫‪.‬أل إبراهيم فى العالمين إنك حميد مجيد‬

‫هللا أكبر‪ .‬اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات األحياء منهم‬
‫واألموات‪ .‬إنك سميع قريب مجيب الدعوات وقاضى الحاجات‪ .‬اللهم وفقنا لعمل صالح‬
‫يبقى نفعه على ممر الدهور‪ .‬وجنبنا من النواهى وأعمال هى تبور‪ .‬اللهم أصلح والة‬
‫أمورنا‪ .‬وبارك لنا فى علومنا وأعمالنا‪ .‬اللهم ألف بين قلوبنا وأصلح ذات بيننا‪ .‬اللهم‬
‫اجعلنا نعظم شكرك‪ .‬ونتبع ذكرك ووصيتك‪ .‬ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى األخرة‬
‫حسنة وقنا عذاب النار‪ .‬ربنا ال تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا وهب لنا من لدنك رحمة إنك‬
‫‪.‬أنت الوهاب‬
‫هللا أكبر‪ .‬عباد هللا ! إن هللا يأمر بالعدل واإلحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن‬
‫الفحشاء والمنكر‪ .‬يعذكم لعلكم تذكرون‪ .‬فاذكروا هللا يذكركم واشكروا على نعمه‬
‫يشكركم‪ .‬ولذكر هللا أكبر‬

You might also like