Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 15

WARNA KECAP

A. KECAP LULUGU
1. Kecap Barang Jeung Kecap Sulur
Kecap barang teh nyaeta kecap anu bisa nyicingan tempat jejer atawa obyek dina
kalimah.
Contona :
a. Arif keur maca buku.
b. Bu Guru nuju nyerat dina bor.
c. Patani manggul pacul.
Dina conto kalimah di luhur aya kecap-kecap : Arif, buku, bu guru, bor, patani,
jeung pacul. Dina kalimah di luhur kecap-kecap Arif, bu guru, jeung patani mangrupa
jejer subyek. Ari kecap-kecap buku, bor, jeung pacul mangrupa obyek.
Salian ti eta, aya ciri-ciri kecap barang sejenna, diantarana :
a. Kecap barang bisa nuturkeun kecap bilangan
b. Kecap barang dituturkeun ku kecap gaganti diri
c. Bisa dipiheulaan kecap pangantet
d. Bisa dituturkeun frasa nu ditambah kecap sipat
Nurutkeun hartina kecap barang teh nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa
ngaran nu dianggap barang. Tidinya bae aya nu disebut kecap barang kongkrit
(nyata) jeung kecap barang abstrak (ciciptan). Kecap barang kongkrit nyaeta ngaran
pikeun hal anu bisa ditenjo,diragap,dirasakeun. Contona meja, korsi, imah, motor,
jelema jeung sajabana. Ari kecap barang abstrak nyaeta hal anu dianggap barang.
Contona agama, poe, elmu, jeung sajabana.
Kecap Barang Kecap Rundayan
1) Tina kecap pagawean. Contona : tani + pa- → patani
2) Tina kecap sipat. Contona : susah + ka- → kasusah
Kecap Barang Kecap Rajekan
1) Tina kecap pagawean. Contona : kumbah + R → kukumbah
2) Tina kecap sipat. Contona : bersih + R → bebersih
Kecap Barang Kecap Kantetan
1) Kecap barang + kecap pagawean : Kembang goyang, putri noong
2) Kecap barang + kecap sipat : Calana sontog, kelom geulis
3) Kecap barang + kecap bilangan : Ketuk tilu, roda dua
4) Kecap sipat + kecap pagawean : Haneut moyan, lesang kuras
5) Kecap pagawean + kecap pagawean : Hakan pake
6) Kecap pagawean + kecap barang : Heuay badak, jogo anjing
7) Kecap pagawean + kecap sipat : Sila tipis, seuri koneng
8) Kecap sipat + kecap barang : Beureum panon, amis mata
9) Kecap bilangan + kecap barang : Pancabaya, Caturwarga
10) Kecap bilangan + kecap bilangan : Pancatunggal, tritunggal

Kecap sulur teh nyaeta kecap anu dipake pikeun gaganti (nyuluran) kecap
barang. Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaeta :
a. Kecap Gaganti Ngaran
Kecap gaganti ngaran nyaeta kecap anu dipake pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu oge
bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan, nyaeta :
1) Kecap Gaganti Jalma Kahiji
Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa sunda kaitung loba. Dilarapkeunana
diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (unduk-usuk
basa) sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya gaganti jalma kahiji
loba (jama).
Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah :
-Abdi
“Abdi bade angkat ka Bandung”
Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobaan (jama) sarta conto larapna dina
kalimah :
-Abdi sadayana
“Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balarea wae
2) Kecap Gaganti Jalma Kadua
Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa sunda oge loba. Dipakena
diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa sunda.
Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah :
-Anjeun
“Anjeun teh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita”
Kecap gaganti jalma kadua lobaan katut conto larapna dina kalimah :
-Maraneh
“Maraneh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan teh”
3) Kecap Gaganti Jalma Katilu
Kecap gaganti jalma katilu (nu dicaritakeun) dina basa sunda oge rupa-rupa.
Dipakena diluyukeun jeung kaayaan anu raket patalina jeung tatakrama basa sunda.
Kecap gaganti jalma katilu tunggal katut conto larapna dina kalimah :
-Anjeunna
“Anjeunna janten conto pamimpin anu wijaksana”
Kecap gaganti jalma katilu lobaan (jama) katut conto larapna dina kalimah :
-Aranjeunna
“Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah”
4) Kecap Sesebutan
Jalma kahiji, jalma kadua, jeung jalma katilu teh henteu salawasna diebrehkeun ku
kecap gaganti. Bisa oge diganti ku kecap barang, anu umumna mangrupa istilah
pancakaki. Anu kitu teh kaasup kana kecap sesebutan.
Sawatara conto kecap sesebutan katut conto larapna dina kalimah :
-Nini
“Kamari mah incu Nini geus ngajuru”
b. Kecap Gaganti Milik
Kecap gaganti milik nyaeta kecap gaganti jalma nu dipake tukangeun kecap barang
pikeun nembongkeun hubungan milik anu salian ti kecap gaganti jalma jeung kecap
sesebutan, dipake rarangken tukang –na deuih, anu ngandung harti “nu manehna”
Conto katut larapna dina kalimah :
-Kuring
“Motor kuring rek dimandian”
c. Kecap Panuduh
Kecap panuduh dina basa sunda bisa dibagi jadi dua :
1) Kecap Panuduh dina Wacana
Nyaeta anu dipake dina wacana pikeun nuduhkeun kana hal anu geus disebut
samemehna jeung anu rek disebutkeun sabadana.
1. Anu nuduhkeun hal anu geus disebut samemehna, katut conto larapna :
-Eta
“Abdi kamari meser buku. Eta buku teh hargana sapuluh rebu”
2. Anu nuduhkeun kana hal anu rek disebut, katut conto larapna :
-Ieu
“Barudak tingal ieu papan tulis kapayun!”
2) Kecap Panuduh Luareun Wacana
Nyaeta kecap anu nuduhkeun naon-naon nu aya luareun wacana. Conto larapna dina
kalimah :
-Dieu (nuduhkeun deukeut)
“Rorompok mah caket kantun ka palih dieu wae”
d. Kecap Pananya
Kecap pananya nyaeta kecap nu dipake pikeun gaganti hal anu ditanyakeun atawa
pikeun ngukuhan anu geus dipikanyahona.
Kecap pananya dina basa sunda teh nyaeta :
1) Naon
Kecap naon dipake pikeun nanyakeun barang, hal, sasatoan, jeung tutuwuhan.
Sangkan leuwih tetela, di handap aya sawatara tanya-jawab minangka conto larapna
kecap naon (T = tanya, J = jawab).
T : “Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut teh?”
J : “Landak” (sasatoan)
2) Saha
Kecap saha dipake pikeun nanyakeun jelema, malaikat, pangeran.
T : “Ieu pulpen anu saha?”
J : “Anu si Asep”
3) Mana
Kecap mana pikeun nanyakeun tempat atawa hal.
T : “Ka mana Euis teh inditna?”
J : “Ka pasar”
4) Iraha
Kecap iraha dipake pikeun nanyakeun waktu.
T : “Iraha anjeun bade ka dieu?”
J : “Ngke peuting”
5) Ku naon
Kecap ku naon dipake pikeun nanyakeun kalakuan jeung sabab-musabab hiji
kajadiaan.
T : “Ku naon baju maneh kotor?”
J : “Ku sabab labuh”
6) Naha
Kecap naha dipakena sarua jeung kecap ku naon, nyaeta pikeun nanyakeun kalakuan
jeung sabab-musabab.
T : “Naha maneh kamari teu sakola?”
J : “Geuring”
7) Kumaha
Kecap kumaha dipakena pikeun nanyakeun kaayaan hiji hal atawa cara pikeun
ngalakukeun hiji hal.
T : “Kumaha carana mun hayang pinter?”
J : “Kudu daek ngapalkeun”
8) Sabaraha
Kecap sabaraha dipake pikeun nanyakeun jumlah jeung bilangan.
T : “Sabaraha harga bawang beureum sakilo teh?”
J : “Tilu puluh rebu”
2. Kecap Pagawèan
Kecap pagawean nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah,
pagawean jalma jeung mahluk sejenna. Kecap pagawean dibagi dua nyaeta:
1) Kecap pagawean intransitif, nyaeta kecap pagawean anu teu mikabutuh
obyek, saperti: sare, seuri, ceurik, labuh, jeung nginum.
2) Kecap pagawean transitif, nyaeta kecap pagawean anu mikabutuh obyek,
saperti: nyieun, mere, meuli, pangnyokotkeun.

Ciri-ciri kecap pagawean di antarana nyaeta:


1) Kecap pagawean mah ampir mustahil kudu jadi jejer (subyek)
2) Kecap pagawean teu bisa nyicingan tempat disatukangeun kecap pangantet
di, ka, jeung ti. Upamana: di seuri, ka seuri, ti seuri, ka maca.
3) Kecap pagawean teu bisa dipiheulaan ku kecap paling, saperti paling seuri,
paling maca, jeung sajabana. Atawa dirarangken anu ngandung harti ‘paling…’
4) Kecap pagawean bisa dipiheulaan ku kecap-kecap barei, arek, keur, geus
jeung ampir. Contona keur seuri, rek maca, geus balik, ampir titajong, bari
nulis.

Rupa-rupa kecap pagawean di antarana nyaeta:


1) Kecap asal
Contona:
balik leumpang
Indit lumpat
Dahar seuri
Sare imut
Mandi ceurik
Diuk keom,
Ulin cicing
Hudang sila
Asup Emok
2) Kecap rundayan
Contona:
Ngadahar Ngadaharan
Diajar Ngajarkeun
Nenjo Nenjokeun
Nginum Diinuman
Dibawa Dipangmawakeun
Kabaca Dipangmacakeun
Mocelan Dipangmocelankeun
Salian ti eta, aya kecap pagawean nu asalna tina warna kecap sejen nu
dirarangkenan, di antarana:
(1) Tina kecap barang
Contona: baso + N-ngabaso
Pacul + di- dipacul

(2) Tina kecap sipat

Contona: geulis + N- ngageulis


Hade + N--an ngahadean

Bener + di—keun dibenerkeun

3) Kecap rajekan
Contona: bulak-balik dibulak-balik
Tunja-tenjo satenjo-tenjona
Tatajong Tatajongan
Supak-sepak kasupak-sepak

Kecap pagawean kantetan nu asalna tina warna kecap sejen, di antarana:

(1) Tina kecap barang

Contona: pacul + R pucal-pacul

Kored + R kokored

Ucing + R-an ucing-ucingan

4) Kecap kantetan Contona:

(2) Tina kecap sipat


Contona: alus + pa-R paalus-alus
Pincang + R-an pipincangan
Lemes + N-R-keun ngalemes-lemeskeun

Kecap kantetan nu mangrupa kantetan warna kecap sejen, di


antarana:

(1) Kecap pagawean + kecap barang: milang jengkol, saba desa, imut kanjut.

(2) Kecap sipat + kecap barang: oleng panganten, olah raga

(3) Kecap pagawean + kecap sipat: seuri koneng, sila ipis, gawe kasar, rempug
jukung
(4) Kecap siapat + kecap pagawean: suka seuri, samar polah, bodo alewoh.

3. Kecap Sifat
Kecap sipat teh nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang. Ciri-ciri
kecap sipat nyaeta :

1. Bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani, upamana : leuwih panjang, leuwih
alus., leuwih jangkung.

Conto kecap sipat jangkung mun dilarapkeun kana kalimah :

“Tono leuwih jangkung ti lanceuk na”.


2. Bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker, upamana : alus kacida, panjang
pisan, jangkung naker, alus pisan.

Conto kecap sipat panjang mun dilarapkeun kana kalimah :

“Sajak meunang nulis Edi panjang pisan”.

3. Bisa dirarangkenan ku pang—na, saperti : pangalusna, pangpanjangna.

Conto mun dilarapkeun kana kalimah :

”Buuk Ica teh pangpanjangna di kelas 5”.

4. Bisa ngawangun frasa pohara....-na atawa kacida...-na, upamana : pohara


panjangna, kacida jangkungna.

Conto mun dilarapkeun kana kalimah :

”Ijah kacida jangkungna”.

Dumasar kana wangunna, kecap sipat teh aya nu mangrupa :

1. Kecap asal

Conto na : alus goreng

panjang pondok

beureum bodas
2. Kecap rundayan

Conto na : gareulis panggeulisna

babarian pikaresepeun

sieunan kasieunan

3. Kecap rajekan

Conto nageulis-geulis sageulis-geulis

anyar-anyar saanyar-anyarna

bebeakan anggeus-anggeusan

4. Kecap kantetan

Conto na : handap asor awet rajet

Mulus rahayu lulus banglus

Keukeuh peuteukeuh beres roes


Kecap sipat nu mangrupa kantetan warna kecap anu beda, diantarana :

1) Kecap barang + kecap barang :

Kembang buruan, gurat batu, kurung batok, kembang jalan.

2) Kecap barang + kecap pagawean :


Garuda ngupuk, gagak reang.
3) Kecap sipat + kecap barang :

Leutik burih, gede hate, amis daging.

4) Kecap sipat + kecap pagawean :

Pondok lengkah, panjang catur, lesang kuras.


4. Kecap Bilangan
Kecap bilangan teh nyaeta kecap nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan,
atawa tahapan. Ciri-cirina kecap bilangan teh nyaeta :
1. Bisa dituturkeun ku kecap urang, saperti : lima urang, sapuluh urang, opat urang;
2. Bisa dituturkeun ku kecap kali, saperti : dua kali, lima kali,saratus kali;
3. Bisa dituturkeun ku kecap panuduh bilangan, saperti : lima lambar, geuneup leunjeur,
dua puluh gandu.
4. Bisa dirarangken ku:
-rarangken ka- nu ngandung harti “tahapan” : kadua, katilu.
-rarangken sa- nu ngandung harti “sarua atawa hiji” : sarebu sajuta.
-rarangken –an nu ngandung harti “kumpulan” : rebuan, limaan, sapuluh rebuan.

Macem-macem kecap bilangan nyaeta :


1. Kecap Bilangan Utama
Conto kalimahna nyaeta :
-Dua
Bu Susan teh geus boga anak dua
-Sapuluh
Hayam kuring teh dijual sapuluh ka mang Udin
-Jutaan
Duit jutaan teh ku manehna mah beak ku sapoe
2. Kecap Bilangan Tingkatan
Kecap bilangan tingkatan the nyaeta kecap bilangan utama dikantetan ku morfem
ka-. Conto kalimahna nyaeta :
-Kadua
King Eze teh nu ngasupkeun gul kadua persib kamari
-Kalima
Andri teh anak kalima mang Ono
-Kahiji
Ari menang juara kahiji balap motor kamari
3. Kecap Bilangan Kumpulan
Kecap bilangan kumpulan nyaeta kecap bilangan anu nuduhkeun kumpulan jelema,
barang, hal jeung sajabana. Conto kalimahna nyaeta :
-Duaan
Manehna duaan teh adina babaturan urang
-Jutaan
Duit jutaan teh ku si andi mah bek ku saminggu
-Lima rebuan
Duit lima rebuan nu manga tang teh leungit di buruan
4. Kecap Bilangan Pecahan
Kecap bilangan pecahan nyaeta kecap bilangan nu mangrupa pecahan. Conto
kalimahna nyaeta :
-Satengah
Neng Imas teh meuli endog satengah kilo
-Saparapat
Jam tilu leuwih saparapat kuring rek lalajo maenbal
-Saperdalapan
Kuring kabagean saperdalapan tina kauntungan dagang sapatu
5. Kecap Panuduh Bilangan
Kecap panuduh bilangan nyaeta kecap anu tangtu pikeun bilangan hiji barang,
jelema, atawa hal. Conto kalimahna nyaeta :
-Awi : Leunjeur, bebek, dapur
Awi dua leunjeur teh dipake nyieun kandang hayam
-Cau : sikat, turuy
Cau anu saturuy teh leungit
-Sapatu : rampasan
Bapa kuring meuli sapatu dua rampasan

B. KECAP PANĖN
1. Kecap Panambah
Kecap Panambah teh nyaeta kecap pancen nu umumna jadi panambah dina frasa.
Dumasar ka dinya, kecap panambah bisa dipasing-pasing jadi :
1. Kecap Panganteub nyaeta
Cirina :
(1) Kalimah na ditentukeun ku kalimah pertanyaanna nu eusina mah sarua, conto kalimah :
poe ayena teh kuring ngerjakeun tugas, kuring ngerjakeun tugas teh poe ayena. Kalimah
pertanyaanna : maneh iraha ngerjakeun tugas?, maneh poe ayena ngerjakeun naon wae?
(2) kecap pikeun nganteubkeun babagian kalimah nu dipentingkeun. Conto kalimahna :
kuring oge kamari teu ka sakolah, kamari oge kuring teu ka sakolah.
2. Kecap panganteur nyaeta kecap nu pikeun nganteubkeun caritaan. Kecap panganteur aya dua
nyaeta kecap panganteur pagawean jeung kaayaan.
1) Kecap Panganteur Pagawean nyaeta kecap paranti nganteurkeun kecap atawa frasa
pagawean, sangkan lewih anteub tur eces.
Cirina :
(1) Ngangge kecap nu nganteurkeun pagawaean diantarana : am, barakatak, blug, bray,
jeung nu sejenna.
Conto kalimahna : Andi berebet lumpat ka lapang.
2) Kecap Panganteur Kaayaan nyaeta kecap paranti ngantebkeun hiji kaayaan.
Cirina :
(1) Kalimahna ngangge kecap nu nyaritakeun hiji kaayaan. Diantarana berewek, bray,
jedak, jeprut, gejebur, beletek, prung, pleng, kecemplung jeung nu sejenna.
Conto kalimahna : pas ameng kuring kecemplung kana balong.
3. Kecap Panambah Aspek nyaeta kecap na teh pancenna pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji
kajadian.
Cirina :
1) Sipatna objektif, hartina lain mangrupa sikep panyaturna kana eta kajadian.
2) Ciri kalimahna aya kecap nu diantarana : geus, keur, kakara, rek, can, masih jeung nu
sejenna.
Conto kalimahna : manehna kakara ngerjakeun tugas.
4. Kecap Panambah Modalitas nyaeta mangrupa kecap panceun anu nuduhkeun sikep
panyaturna waktu nyanghareupan jalma sejen.
Cirina :
1) Sipatna subyektif.
2) Ngandung arti anu nuduhkeun : panyaram (entong, ulah, teu kenging), panolak (henteu,
lain, moal, tara), kawajiban (kudu, wajib, perlu, sawadina, sakuduna), kamampuh (bisa,
sadia, sanggup), kapastian (tangtu, pasti, enya), kuantitas (remen, kungsi, langka,
mindeng, arang), kahayang (seja, haying, menta), harepan (muga-muga, mugia, pamugi),
kacangcaya (boa-boa, jigana, bisa jadi, meureun).
Conto kalimah na :
(1) Teu kenging uih sonten.
(2) Kuring moal bisa enjing mah.
(3) Tugas teh kudu dikerjakeun

2. Kecap Pangantèt
Kecap pangantet yaeta kecap atawa kalimat anu pikeun ngantet keun caritaan kana
katerangan, biasana aya samemeh kecap barang. Ciri-cirina kecap pangantet bisa oge
ngantetkeun kecap barang eta jeung kalimat utama. Kecap anu dipake nyambungkeun kecap
jeung kecap, atawa babagian kalimat.
Contoh kecap pangantet : Di, dina, ti, tina, gigireun, hareupeun, ditukangen.
Dina basa Sunda aya rupa-rupa kecap pangantet nyaeta :
1. ( Di ) nuduhkeun harti “ tempat cicing”
2. ( Dina ) nudukeun harti “ tempat atana”
3. ( Ka ) nuduhkeun “ tujuan atau arah”
4. ( Kana ) nuduhkeun “ tempat atau alat”
5. ( Ti ) nuduhkeun “ asal atau tempat, asal”
6. ( Tina ) nuduhkeun “asal atau bahan”
7. ( Keur ) nuduhkeun “ guna atau tujuan”
8. ( Pikeun ) nuduhkeun “guna atau tujuan”
9. ( Kanggo ) nuduhkeun “ tujuan”
10. ( Ku ) nuduhkeun “ alat atau pelaku”
Contoh kalimat pangantet :
1. Iman aya di sakola.
2. Kuring nyimpan baju dina lamari.
3. Pun rai mios ka bandung kana kareta api.
4. Rosa nembe mulih ti sakola.
5. Pun lanceuk dipasihan tuangen ku pun bibi.

3. Kecap Panyambung
Kecap panyambung téh gunana ikeun nyambungkeun kecap jeung kecap atawa bagian
kalimah jeung bagian kalimah séjénna.
1. Ciri-ciri kecap panyambung, nyaéta :
1) Kalimah anu make kecap jeung, tapi, atawa, jeung lantaran.
Contoh kalimah :
a. Maké kecap jeung :
 Wiwin jeung adina kamari indit ka Bandung.
b. Maké kecap tapi :
 Budak téh geulis, tapi hanjakal rada judes.
c. Maké kecap atawa :
 Rék milih saha Prabowo atawa Jokowi ?
d. Maké kecap lantaran :
 Kamari Mumun teu sakola lantaran gering.

2. Aya lima golongan kalimah panyambung, nyaéta :

1) Kecap Panyambung Satata


Kecap panyambung sasata nyaéta kecap panyambung anu nyambungkeun dua
unsure atawa leuwih anu mibanda kalungguhan satata.
Anggota golongan ieu nyaéta :
(1) Jeung, sarta: nuduhkeun hubungan tambahan.
“Rina jeung Rani téh singhoreng adi lanceuk”
(2) Atawa : nuduhkeun hubungan pilihan.
“Kira-kira anu rék ngawakilan rapat ti desa urang téh saha? Wowo atawa
Wiwi? ”
(3) Tapi : nuduhkeun hubungan lalawanan.
“ Baheula mah budak éta téh hideung, tapi ayeunamah bodas”

2) Kecap Panyambung Teu Satata


Kecap panyambung teu satata nyaeta kecap panyambug anu nyambungeun dua
bagian kalimah atawa leuwih, anu mibanda kalungguhan henteu satata dina
kalimah. Salahsahiji bagian kalimahna mangrupa anak kalimah.
Dumasar kana tata kalimah jeung hartina, kecap panyambung teu satata ogé
bisa dipasang-pasang, di antarana :
(1) Kecap panyambung waktu : sanggeus saméméh, sabada, basa, waktu,
bari.

(2) Kecap panyambung sarat : upama, lamun, asal.
“Kuring daék ka anjeung, asal halalkeu heula.”
(3) Kecap panyambung tujuan : ambéh, supaya, sangkan.
“Sing getol diajar, supaya pinter.”
(4) Kecap panyambung sabab : sabab, lantaran.
“Budak téh ceurik waé, sabab kamari labuh tinu sapedah.”
(5) Kecap panyambung akibat : nepi ka, nu matak.
“Salaki pamajikan téh paraséa waé, nepi ka papisahna.”
(6) Kecap panyambung pangjéntré : yén, nyaéta.
“Manéhna balaka ka kuring, yén manéhna boga niat ngalamar ka adi
kuring.”

3) Kecap Panyambung Papasangan


Kecap pangambung papasangan nyaéta kecap panyambung anu
nyambungkeun dua kecap atawa dua bagian kalimah; sarta duanana mibanda
kalungguhan anu satata dina kalimah.
Nu kaasup ka dinya, di antarana :
(1) Boh … boh …
“Boh kuring boh salaki kuring sarua waé bedegongna.”
(2) Lain baé …, tapi … ogé …
“Lain baé kuring nu haying ka Makkah téh, tapi batur ogé sarua.”
(3) Boro-boro …, … ogé …
“Boro-boro hayang dahar, nningali na ogé teu resep”
(4) Duka … duka …
“Duka kasaha, duka iraha ari jodohmah euweuh nu apal.”
(5) Rék … rék …
“Rék dating Rék moal okona kuring geus mere ondangan.”

4) Kecap Panyambung kalimah


Nyaeta panyambung anu nyambungkeun kalimah jeung kalimah séjénna. Nu
matak ieu kecap panyambung téh cicingna sok di awal kalimah.
Nu kaasup kana golongan ieu, di antarana :
(1) Tapi sanajan kitu
“Kuring teu resep ka manehna, tapi sanajan kitu tetep rék ditanya mah.”
(2) Salian ti éta
“Kabeh barang geus di beli, tapi salian ti éta aya deui nu di pikahayang
téh.”
(3) Ku kituna, ku sabab kitu
“Kuring téh geus teu kuat nandanganana, ku sabab kitu kuring rék indit ti
dieu.”
(4) Sabalikna
“Adi namah ramah, sabalikna lanceuk namah judes.”
(5) Malah
“Pas pisan rék indit sakola téh, malah cur téh hujan.”
(6) Sanggeus kitu, sateurusna, saméméhna
“Maranéhna balanja ka pasar baru, sanggeus kitu, tuluy we balikna meuli
baso.”

5) Kecap Panyambung Paragraf


Kecap panyambung paragraph nyaéta kecap panyambung anu nyambungkeun
dua paragraf. Dituliskeunna mangrupa awal paragraph anyar. Pasambungna jeung
paragraf saméméhna dumasar kana harti anu dikandung ku paragraf saméméhna
éta.
Sawatara kecap panyambung paragraf, diantarana :
(1) Kocapkeun, kacarioskeun, sigeung
“Kacarioskeun di hiji desa aya hiji awewe anu kabina-bina geulisna. Ku ka
geulisannana awewe éta népi ka di pikahayang ku kabéh lalaki di desana.”
(2) Hiji mangsa, hiji poé
“Hiji mangsa raja ulin ka pasisian, dibarengan ku para patih na.”

4. Kecap Panyeluk
Kecap panyeluk atawa disebut oge kecap bituna rasa nayeta kecap anu ngebrehkeun
rarasaan.
Ciri-ciri :
Kecap ieu digunakeun pikeun ngantebkeun naon naon anu karasa ku hate (sedih,
bungah, kuciwa, ambek, keheul, kaget atawa heran
Contona :
1. Eleuh-eleuh, eta si ujang mani geus gede deui (heran)
2. Ey, mang Acim hitut! (Keuheul)
3. Huh, aing mah, kakarasa oge di kepel geus di tincakan deui (ambek)
4. Adeuh, mani duaan bae (bungah)
5. Na, ujang kalakuan teh kawas nu atah warah bae (kuciwa)
6. Innalillahi, gening nu ngantunkeun teh emana si ujang (sedih)
7. Hah, piraku si Dede maling duit (kaget)
Umumna kecap panyeluk nuduhkeun sikep jeung rasa :
1. Nuduhkeun sikep negatif (ey, iy, huh, waduk, ih, na)
2. Positif (alhamdulillah, sukur, adeuh)
3. Kaget (hah, masyaallah)
4. Netral/campuran (aduh, jih, yeuh, tah, lah, oh, ah)

You might also like