Dongeng Anak Sunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CAU

SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak.
Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus
nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.

“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk
Sakadang Monyét

“Piraku Sakadang Monyét?”

“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”

“Heug, isukan mah urang ala.”

“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu
bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana
nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”

Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.

Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna
geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé Sakadang
Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur, Sakadang Kuya mah
moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku sorangan.” Tayohna mah
Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka kababawa ngalindur.

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna
henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri sorangan.
Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna téh
dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus dibolongan.
Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.

Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang
Kuya.

“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”

“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék
ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”

“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.

Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan.
Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna bakal
meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.

Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus
karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.
Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé
metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh puguh
wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau anu murag
téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé didahar.

Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu
jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku
hayang buru-buru anggeus ngala cauna.

Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang
Monyét.

“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”

Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.

“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”

Sakadang Monyét hare-haré.

Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau.
Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg baé
lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur.
Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang
Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali koja téh
handapna bolong.

Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan
beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau
meni ngabayak.

Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”

“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.

“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.

“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna
wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.

Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré, asak
dina tangkal deuih.

Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.
Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.

SAKADANG KUYA MENTA TULUNG KA SAKADANG KEUYEUP

SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang


Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka
pamatuhanana di sisi walungan.

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.

“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Kasusah naon?”

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung,
boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.

“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana
mah kudu diwarah.”

“Enya, ngan kumaha carana?”

“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”

“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”

“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”

“Naon atuh, nya?”

“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku
munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.

“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup,
asal suling beunang deui.”

“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét.
Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.

“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét
bari ngarenyohan.
“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék
kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki deukeut, beuki deukeut baé.
Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.

“Rék dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.

“Moal!” témbal Sakadang Monyét.

Bérés ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang
Keuyeup. Sakadang Monyét kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

“Oaduh, oaduuuh, oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa


nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap
ku Sakadang Kuya.

Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup.


Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari
nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak,
cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyét mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah
éraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé
areuweuh buntutan. Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung,
“Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih
SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA

PEUTINGNA dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét
saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu
pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya
nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.

Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”

“Aya naon Sakadang Monyét?”

“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”

“Di mana?”

“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”

“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk
Sakadang Kuya.

Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah
rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan
mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar
kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy
néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu
burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.

Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan
tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.

“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk
Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét,
ayeuna mah isuk kénéh!”

“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”

“Apal henteu jalanna?”


“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”

“Hayu atuh!”

Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab
Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu
dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka
sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.

“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang
Monyét.

“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun
nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih
jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang atuh
ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus
asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.

Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan.
Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék
didahar di luhur ku sorangan.” Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-
plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari
ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak,
naék ka dieu!” cenah.

Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna,
malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah.
Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana
ngagepluk, lain ngageplék.

“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés,
lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.

Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé
ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak,
tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.

Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku
Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk
Sakadang Monyét.

“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang
Kuya.

“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.

Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah,
amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh
da geus béak.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud.
Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang
Monyét téh pundung tayohna mah.

Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki
ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.

You might also like