Hasil Laporan Wawancara

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

Hasil laporan wawancara

Disusun oleh:

Arga muhammad rizki

Aziz iswanto eka agung nugraha

Ratu bealqis

Romadona putra

Siti sania hasna fitria

Syifa nabila
Tema: Ngawawancara tukang basreng

Narasumber: Tukang basreng

Daptar pananya

1. Saha nami lengkap amang?


2. Dupi amang linggih dimana?
3. Tos sabaraha lami janten tukang basreng?
4. Ti jam sabaraha amang mulai jualan?
5. Kumaha kauntungan tina hasil dagang eta teh?
6. Upami basreng na ngadamel nyalira atawa nyandak tibatur?
7. Kumaha cara ngadamelna?
8. Upami basreng diical hijina sabaraha?
9. Pami emang kantos rugi teu?
10.Kunaon sababna janten rugi?
11.Pami icalan sok seep sadayana teu?
Pewawancara:”Assalamualaikum wr.wb.”
Narasumber:”Waalaikum salam.”
Pewawancara:”Punten mang abdi nyuhunkeun waktosna sakedap.?”
Narasumber:”Mangga,bade aya naon nya?”
Pewawancara:”Ieu bade wawancara ka emang,kanggo tugas pangajaran basa sunda.”
Narasumber:”Oh,mangga.”
Pewawancara:”Hatur nuhun mang tos ngayogireun waktosna.”
Narasumber:”Muhun sawios.”
Pewawancara:”Langsung wae nya dikawitan wawancarana?”
Narasumber:”Mangga.”
Pewawancara:”Mang,dupi nami emang saha?”
Narasumber:”Sareng mang Ruslan.”
Pewawancara:”Dupi linggih dimana?”
Narasumber:”Linggih di kopeng.”
Pewawancara:”Emang didieu tos sabaraha lami janten tukang basreng?”
Narasumber:”Tos lami,kirang langkung aya meren 20 taun mah.”
Pewawancara:”Sok icalan ti wayah kumaha dugi ka wayah kumaha wae mang upami icalan teh?”
Narasumber:”Ti tabuh setengah tujuh dugika tabuh lima sonten,nya kumaha seepna we.”
Pewawancara:”Ngadamel nyalira atanapi nyandak tibatur mang?”
Narasumber:”Ngadamel nyalira.”
Pewawancara:”Upami cara ngadamel basrengna kumaha mang?”
Narasumber:”Biasa we kitu di aduk-aduk.”
Pewawancara:”Dupi hijina basreng diical sabaraha?”
Narasumber:”500 Rupiah.”
Pewawancara:”pami emang kantos rugi teu?”
Narasumber:”Kantos ari rugi mah.”
Pewawancara:”Kunaon sababna emang rugi?”
Narasumber:”Rugi teh mun ngadamelna gagal wae.”
Pewawancara:”Pami icalan sok seep sadayana teu?
Narasumber:”Kadang-kadang,kadang seep kadang henteu.”
Pewawancara”Oh,kitu nya.sakitu wae mang patarosan ti simkuring,hatur nuhun pisan kana
waktosna,mugi-mugi icalana sing enggal pajeng.”
Narasumber:”Nuhun,sami-sami.”
Pewawancara:”Assalamualaikum.”
Narasumber:”Waalaikum salam”

You might also like