Fikminsunda

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Fikmin # Ngélébét #

HIJI lalaki, rarémpo. Nangtung sisi jalan. Ngawih halon, sorana kalindinih ku haseup jeung
klakson mobil. Gurat gagah nyésa dina unggal sikluk urat leungeunna. Komara sinatria ngempur
kénéh nyorot tina panonna nu sawaréh geus kalimpud lamad bodas, sanajan awak gumeleter
kundang iteuk. Lar, karnaval jampana ngaliwat. Angkaribung ku sagala rupa. Dipapaés bandéra
laleutik beureum bodas. Sigep ngahurmat. Disarurakan ku barudak nu ngabandaleut. “Nu gélo-
nu gélo...!” cenah. Teu ieuh miroséa, ceulina geus torék kahakan sora ngajelegurna mitlayur
baheula. Tetep ngahurmat bari teu eureun ngawih semu peura. Sab, pikeun manéhna,
ngélébétna bandéra nyimpen rupaning carita jeung cimata. Ogé getih jeung késang. Tetep satia
ka lemah cai, sanajan kamerdikaan teu kungsi mulang tarima. Rénghapna ngerepan, guligah.
Hariwang tur cangcaya, nepika iraha bandéra bisa ngélébét perténgtang gagah. "Sekali merdéka
tetap merdéka! Selama hayat di kandung badan...!" Cenah, laju ngajéwang rangsel kuleuheu
luhureun tilam daluang, urut ampar saré tadi peuting hareupeun émpér toko Babah Liong.***

You might also like