Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

ULANGAN HARIAN BAHASA SUNDA

PANGAJARAN 1 JEUNG PANGAJARAN 2


KELAS 6 SEKOLAH DASAR

Nama : Kelas :

No Absen : Hari/ Tanggal:

I. Jawablah pertanyaan dibawah ini dengan benar!

1. Sebutkeun jeung jelaskeun unsur – unsur anu aya diana carpon!


2. Tulikeun 10 conto ngaran – ngaran sasatoan!
3. Artikeun babasan dihandap!
a. Amis budi
b. Bodo alewoh
c. Hampang birit
d. Awak sampayan
e. Hejo tihang
4. Jieun kalimah tina babasan dihandap ieu!
a. Buntut kasiran
b. Beurat birit
c. Handap asor
5. Tuliskeun pakakas anu sok dipake nutu pare dijaman baheula!
6. Lamun ngomong henteu ngeunah didenge kusabab ucapana kasar, disebut ...
7. Sato anu awakna gede, ceulina rubak jeung tulalean nyaeta ...
8. Anak penyu disebut ...
9. Terjemahkeun kalimah dihandap kana bahasa sunda!
a. Kakek udin mempunyai domba garut yang tanduknya sangat gagah
b. Anak – anak paling senang dibawa jalan – jalan ke kebun binatang
10. Analisis unsur – unsur carpon dihandap!

HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta
oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning
arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago
haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga
ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun
tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh
balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok
sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok
satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi
teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh
wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi
ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Kunci jawaban ulangan harian kelas 6

I. SOAL ISIAN
1. Unsur – unsur carpon nyaeta
a. Tema
b. Palaku
c. latar
d. Galur
e. Amanat
2. Ngaran – ngaran sastoan

Hayam, Embe, Sapi, Kelenci, Maung, Gajah, Munding, Meri, Manuk japati, beurit

3. babasan
 amis budi : someah, ramah
 bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
 hampang birit : daekan
 awak sampayan : selalu terlihat pantes dalam berpakaian
 hejo tihang : sering berpindah – pindah tempat tinggal
4. Kalimah babasan
 Buntut kasiran = pelit
Asa wegah rek menta sumbangan ka jalma buntut kasiran mah.
 Beurat birit = kedul, pemalas
Kalah cape ngomong ari nita digawe ka jalma anu beurat birit teh.
 Handap asor = rendah hati
Sanajan beunghar ge, pa haji mansur mah angger handap asor
5. Lisung
6. Heuras genggerong
7. Gajah
8. Tukik
9. Terjemahkeun kalimah
a. Aki udin ngabogaan domba garut anu tandukna gagah pisan
b. Barudak bungah pisan lamun dibawa ulin ka kebon binatang
10. Unsur – unsur carpon
a. Tema :
b. Palaku : hayam jago, titinggi, jeung oray naga
c. Latar : hiji tempat jaman baheula nyaeta di leuweung
d. Galur : maju
e. Amanat : Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah
sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi
kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

You might also like