New 2

You might also like

Download as txt, pdf, or txt
Download as txt, pdf, or txt
You are on page 1of 3

KEMENTERIAN AGAMA

MADRASAH ALIYAH NEGERI (MAN) 1 BANDUNG


PENILAIAN HARIAN MADRASAH ALIYAH
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Daerah Diujikan Pada
Kode : - Hari, Tanggal : R Agustus
2019
Kelas : XI (Sebelas) Lamanay : 90 Menit
Program : MIA/IIS/IIK Pukul :
________________________________________
I. Pilih jawaban anu bener ku cara nyakra (X) dina salah sahiji kolom lambaran
jawaban anu geus disadiakeun.
1. Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa
informasi anu penting disebut …
Ceramah
Kampanye
Hutbah
Sawala
Biantara
2. Ieu di handap anu heunteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam …
Religius
Akurasi
Agiator
Didaktik
Kinvérsasi
3. Ieu di hadap eusi bagéan bubuka tida biantara, nyaéta nepikeun …
Ucapan hatur nuhun
Ucapan ménta dihampura
Muji syukur ka Gusti Alloh SWT
Salam pangwilujeng
Ucapan dunga
4. Nyarita dina biantara mah meredih pasaratan anu tangtu, upamana bae, iwal …
Kudu mibanda kamampuh makena basa.
Ngawasa situasi, wanter, tenang.
Ngawasa eusi nu rek ditepikeunana.
Gerak-gerik nu matak narik ati.
Nu utama mah ka hareup we heula, masalah eusi kumaha engke.
5. “Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat, Bapa miwah Ibu guru
hormateun sim kuring, rerencangan sapapait samamanis anu ku sim kuring
dipikacinta”.
Ungkara di luhur kaasup kana bagian naon tina biantara teh?
Salam bubuka
Bubuka biantara
Eusi biantara
Salam panutup
Panutup biantara
6. “Bismillahirrohmannirohim. Assalamu’alaikum wr. Wbr”
Ungkara di luhur teh mangrupa ...
a. Salam pamuka
d. Bubuka
b. Eusi sawala
e. Salam panutup
c. Panutup biantara
7. Palanggeran dina biantara anu eusina mangrupa kacindekan pasualan nu dipedar
nya eta …
a. Bubuka biantara
d. Pedaran biantara
b. Argumentasi biantara
e. Panutup biantara
c. Panglengkep biantara
8. Metode impromtu dina biantara teh nya eta metode nu digunakeun dina biantara
ku cara …
Ngapalkeun heula
Maca kana teks
Ditalar
ngadadak
Langsung nyarita
9. Sedengkeun metode biantara ku cara nuliskeun gurat badagna wungkul disebut
metode …
a. Naskah
d. ekstemporan
b. Ngapalkeun
e. Impromtu
c. Kacindekan
10. Anu kaasup kana bagian eusi biantara ieu di handap nya eta …
a. Ngawanohkeun sareng ningkatkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para
nonoman wungkul, tapi tos kedah diajarkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya
ku Basa Sunda.
b. Assalamu’alaikum Wr.Wb. Hadirin anu sami-sami linggih, kersaning Gusti Nu
Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paaprok jonghok dina ieu acara.
c. Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah
sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar
sihaksamina.
d. Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-dig-dug rasaning
ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos tea mah etang-etang lauk
buruk milu mijah.
e. Ngadegna Sim Kuring dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu
sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.

11. Assalamualaikum Wr. Wbr


Hadirin anu sami-sami linggih,
Hadirin, kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung
paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara the lungsur-langsar kahontal sagala
anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami
rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.
Ungkara basa dina sempalan wacana di luhur kaasup kana kelompok …
a. biantara
d. artikel
b. sawala
e. essay
c. paguneman
12. Maksud jeung tujuan biantara teu ngan saukur jadi tontonan tapi kudu jadi
tuntunan, ngandung maksdud atawa tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran
anu kudu kaharti ku pangregepna.
Mana dina conto biantara di handap anu eusina ngajak paregep hirup sehat …
a. “Hadirin, salaku umat Islam anu taqwa mah cirina teh ngalaksanakeun sagala
parentah jeung ngajauhan sagala rupa pagawean nu dilarang ku Allah SWT”.
b. “Ka warga anu teu acan KTP elektrik dipiharep saenggaalna ngadamel serat
panganteurnka RT anu ditawis ku RW sateuacan disanggakeun ka kalurahan”.
c. “.....Ku margi kitu, sangkan hasil ulangan hidep alus nepi ka cita-cita urang
kahontal, hayu ti ayeuna urang ningkatkeun diajar leuwih daria”.
d. “Mangga ti kawit ayeuna urang ningkatkeun kaimanan urang ka Allah SWT. Mugia
urang sadayana kagolong kana umat anu iman sarta taqwa”.
e. “Sangkan hirup urang sehat, di antarana kudu merhatikeun kasehatan
lingkungan....”.
13. Dina prakna biantara hadena mah anu dipilampah teh, iwal …
a. dedegan kudu rapih tur sopan saluyu jeung acara
b. nepikeun biantara kalawan tenang, pinuh ku rasa percaya diri dina
nyanghareupan paregep
c. nepikeun biantara sacara sistematis, paroman anu bangkenu, nepika kaayaan
jadi geueuman
d. medar masalah sacara eces jentre, argumentatif, sarta bisa diregepkeun tur
kaharti ku para hadirin
e. ngatur jeung merhatikeun waktu cumarita
14. Hadirin hormateun sim kuring
Atuh upami nyukcruk galur ti karuhun, ngudag laratan sepuh baheula di Tatar Sunda,
ciri nu jadi tali paranti, sateuacanna upacara akad nikah biasana diayakeun
seserahan. Jalaran ayeuna parantos ninggang kana mangsana, sim kuring maksad
nyanggakeun ieu pun anak, Jang Dede Somantri. Ilang-along margahina; tangtungna
sakujur, adeg satikelna, paripaos ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal,
rambutna salambar getihna satetes kalih ambekanana sadami.
Sempalan biantara di luhur mangrupa bagean tina …
a. salam
d. panutup
b. bubuka
e. du’a
c. eusi
15. Sempalan biantara diluhur mangrupa biantara …
a. seserahan panganten
d. upacara adat
b. seserahan calon panganten lalaki
e. seren sumeren babawaan
c. panarimaan ti calon panganten istri

You might also like