Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Adat Nikah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Loncat ke navigasiLoncat ke pencarian


Adat nikah urang Sunda di Parahyangan téh nyaéta talari paranti nu geus dilaksanakeun
ku kolot baheula dina acara nikahan nu dianggap sakral jeung sakali dina saumur hirup. [1] Dina adat
nikah aya sababaraha upacara adat anu sok dilaksanakeun,
saperti ngalamar, numbas, seserahan, ngeuyeuk seureuh, ngaras, sawér, huap lingkung,
munjungan, buka panto, jeung ngunduh mantu.[2]

Runtuyan Upacara Adat[édit | édit sumber]


Dina adat sunda nalika nikahkeun aya sababaraha adat anu dilaksanakeun boh ti saméméh prung
nepi ka réngséna dina poé anu geus ditangtukeun nyaéta:

 Neundeun omong atawa ngalagat


Neundeun omong nyaéta prosés di mana ti pihak lalaki neundeun omong atawa talatah anu eusina
boga niat jang hahadéan. Neundeun omong bisa dihartikeun ogé méré jangji. Prosés neundeun
omong atawa ngalagat biasana teu dibarengan ku upacara anu geus tangtu Ku kituna, teu kaasup
kana runtuyan upacara nikah, tapi saukur mangrupa prosés wawanohan antara lalaki jeung awéwé
atawa prosés anu ngamimitian ayana upacara nikah

 Narosan atawa Ngalamar


Narosan atawa ngalamar nyaéta salah sahiji prosés anu dilakukeun ku pihak lalaki ku cara datang
ka kulawarga pihak awéwé bari ménta budak awéwéna jang dijadikeun pamajikan Lamun ditarima,
tuluy aya dituluykeun kana tukeur cingcin, tapi aya ogé anu tuluy nikah sabada dibadamikeun di
antara dua pihak kulawargana, Nalika narosan ti pihak lalaki biasana méré sajumlahing duit ka
pihak awéwé sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut upacara narosan atawa nanyaan,
ku sabab kanyataanana pihak lalaki datang ka pihak awéwé demi maksudna téh pikeun nanya ka
kolot awéwé budakna geus aya nu nanyaan atawa teu acan. Sabenerna hal éta mangrupa adat
hungkul ti pihak lalaki, sanajan pihak lalaki geus nyaho yén budak awéwé téh masih kénéh
léléngohan, can boga kabogoh malah kadang-kadang duanana geus papada wanoh

 Seureuh Euleus
Seureuh euleus mangrupa prosés sabada pihak lalaki nanyaan. Seureuh euleus dilaksanakeun ku
pihak awéwé nu datang ka kulawarga lalaki, maksudna téh ngabales kunjungan ti pihak lalaki waktu
narosan. Kulawarga pihak awéwé datang ka imah lalaki téh babawaan anu eusina dahareun, sangu
sapuratina, jeung kuéh-kuéh séjénna.

 Seserahan
Seserahan hartina masrahkeun, maksudna masrahkeun calon pangantén lalaki ka pihak kulawarga
anu bakal jadi mitohanaNgeuyeuk SeureuhNgeuyeuk atawa ngaheuyeuk hartina ngatur, ngurus,
atawa migawé Ngeuyeuk seureuh nyaéta migawé jeung ngatur seureuh anu dicampurkeun jeung
barang-barang pangabutuh sapopoé kawas béas, uyah, gula, jeung alat-alat dapur ogé perhiasan

 Akad nikah atawa walimahan


Perkawinan dianggap sah nalika geus ngaliwatan akad nikah, boh
nurutkeun agama, hukum jeung masarakat. Akad nikah biasa disebut walimahan Akad nikah nyaéta
jangji nikah, sedengkeun walimahan nyaéta salametan atawa syukuran pikeun ngado’akeun
pangantén anu karék gé ngadahup diistrénan dihareupeun naib atawa disebut ogé dirapalan

 Sungkem
Sungkem nyaéta salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén Dina acara sungkem
pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya Maksudna nyaéta ménta
restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan

 Nyawèr/Sawér
Nyawér asal kecapna tina kecap awér atawa sawér nu hartina cérét. Nalika nyawér pangantén diuk
babarengan pagigir-gigir bari dipayungan nyanghareup ka tukang sawér anu sakali-kali
ngalungkeun bèas, konèng anu dikeureutan,duit récéh ka pangantèn. Duit anu dialungkeun téh
diparebutkeun ku panongton, utamana barudak Inti tina nyawér téh nepikeun naséhat ngeunaan
kahirupan rumah tangga, kawajiban salaki ka pamajikan jeung sabalikna anu ditepikeun ku tukang
sawér

 Buka panto
Buka pintu hartina mukakeun panto, dina prak-prakanana pangantèn awéwé saméméhna asup
heula ka jero imah, sedengkeun pangantén lalaki nungguan dihareupeun panto. Sabada pangantén
lalaki geus nedunan syarat anu dipénta ku pangantén awéwé, nyanggupan sarta nyebutkeun salam
tuluy panto dibukakeun, pangantén lalaki asup dibagéakeun ku pangantén awéwé anu satuluyna
duanana diuk babarengan di tempat anu geus disadiakeun

 Huap lingkung
Huap lingkung nyaéta silih huapan bari leungeunna ngaléng atawa ngalingkung kana tenggek
pasanganana

 Munjungan
Munjungan hartina datang bari silaturahmi ka jalma-jalma anu dipihormat, utamana ka kolot jeung
dulur-dulur anu geus mantuan dina upacara nikah nepi ka acarana lungsur-langsar. Biasana salaki
pamajikan munjungan bari méré parcel atawa sangu sapuratina.

 Ngunduh mantu
Ngunduh mantu atawa munduh mantu hartina nyokot atawa narima minantu Upacara ngunduh
mantu maksudna upacara anu dilakonan pikeun narima minantu awéwé ku pihak kolot lalaki.
Upacara ngunduh mantu temaptna di imah kolot lalaki, biasana dibarengan ku pesta lamun di
kulawarga anu kurang mampu, ngunduh mantu ngan saukur narima salaki pamajikan (pangantén) di
imah kolot salaki anu disakséni ku kulawarga jeung dulur-dulurna

 Numbas
Numbas mangrupa upacara anu dilakonan nalika salaki pamajikan geus laki rabi atawa hahadéan
Upacara ieu tujuanana nyaéta pikeun ningalikeun yén maranéhna akur , ogé ningalikeun ka kolot
boh ti pihak awéwé boh ti pihak lalaki yén si awéwé saméméhna masih parawan kénéh atawa
sabalikna geus teu parawan

You might also like