Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 15

NGANTEURKEUN AKBG

( ANAK KUNTI BARU GEDE )


Mr. ROBOT
Email : wawanruswandi695@yahoo.co.id

Assalamu Alikum Wr.Wb.....


Kahatur : Kang Rey + Thomas Ucir, Kang Pras, Kang Asgo. Superna Direktur Radio El-Lugi
Pariwara FM. Sagaranten.

Nepangkeun :
Nami Abdi : Mr. Robot
Alamat : Jln. Sukabumi Km 1. Kec. Sagaranten-Sukabumi
Padamelan : Pelayan Masyarakat
Implik2na : Punten Kang Rey + Tomas Ucir Oge Fans sadayana Sim Kuring Ngiring Jabung
Tumalapung ngalangkungan Radio El-Lugi Pariwara FM,
“Salam kenal............ “ ka sadayana para pendengar di radio sewang2an, wilujeng wengi,
salam sejahtera selalu........................

Sim kuring gaduh pangalaman nyata nu karandapan Kajantenana malem salasa tanggal..........., bulan
............tahun 1988 , mangsa harita umur kuring nincak 20 tahun (umuran sakitu mah keur
meujeuhna sableng taya kasieun loba kawani dina sagala hal, tapi keur kuring mah ngan hiji soal ka
awewe eleh weleh teu bisa, loba ka era, minder da puguh kuring mah loba ka kurang............). yuswa
kuring ayeuna tos nincak 48 tahun.

Namung hapunten ka sadayana sanes bade adigung, cawokah, comel sumawona ngaboleker
keun rahasiah batur mah, terutami ka nu pernah sasarengan + sim kuring pelaku /naon bae
katelahna oge tempat nu kasebat/kaseuit tong janten bendu margi ieu mah sanes bade
mempermasalahkeun kajantenanana, ieu sadayana teu aya hubungan + matak nu jadi lantaran,
mung ieu mah bade nyarioskeun pngalaman sim kuring nyalira we. Sawangsulna sim kuring
ngahaturkeu nuhun ka sadayana anu terlibat dina lebet pangalaman ieu, malah mandar urang silih
pihanyaah, silih asih tur saling menghormati.
“ Wilujeng ngabandungan...................................!!!!!!!!!!!!
Awal carita :
Jam 20 WIB ( jam 8 peuting) ,

Kang Gusel : Boooot............., boooooot.............!!!!!!!!!, ..............siap......?????..


( Nyampeur dina motor Yamaha RX Sepecial 125 CC.)

Mr. Robot : Okeh ................, Siap lah...........!!!!!!!!!!! (kalacat naek kana motor di bonceng ku
kang gusel )

kuring miang jeung kisobat tos jangji rek lalajo wayang golek dinu hajatan di kampung Bonlap Desa
Cibitung-Kacamatan Sagaranten.

Teu kacatur di jalanna kuring + kang gusel tos nepi kanu di jugjug reg eureun terus markirkeun motor
dinu rada aman terus gabung kanu ragem bari culang-cileung ngileng-ngileng kaayaan di eta tempat
nyaeta nongton wayang golek tea Dalangna ti bandung cenah.

Nyaan we acara na tos di mulai meni rame pisan. Sora gamelan ngagemrung nayaga malincrak di
sambung ku haleuangna sinden meni genaheun. Nulalajo loba pisan duka sabarha ratus. awewe-
lalaki, kolot budak, nu goreng -jeung nu alus, aki-aki-nini-nini, nu daragang oge araya hempak
merbayaksa.

Mr. Robot : Nyaan wayang golek teh meni meriahnya.............

Kang gusel : Enya nya, rame euuuung....................( yu ah urang ka belah tengah....)

Mr. Robot : hayu.............!!!!!!! bari neangan tempat di belah tengah, gek diuk di
tengah-tengah kerumunan nu lalajo terus menikmati panglalajoan bari olohok kana panggung,
baningku anteng kuring papisah jeung ki sobat Kang Gusel teuing ka belah mana....

Kira-kira 1 jam ti harita :


Kang gusel : bot..............!!!!!! urang deuk ka beulah tukang heulannnya nganteur ieu
yeuh hoyongeun ngabaso.......................( bari nuduh keun nyi mojang meni lenjang ).

Ningali kaayaan kitu kuring olohok jadi panas.

Mr. Robot : haduh............., kang gusel geus beubeunangan yeuh make jeung rek nraktir
ngabaso sagala ka nyi mojang ari kuring teu kelemeng-kelemengna acan.....????, enya ge loba
mojang nu lalajo tapi kumaha ngamimitiannana da puguh kuring teh can boga pangalaman kana
ngaheroan nyi mojang mah rada era’an jeung minder deuih. Emang kuring teh ka telah mah wanian
kana hal-hal nu lain mah. Tapi ari kana urusan ngadeukeutan awewe mah aduh tawakup........medu.

Kuring lunta rek nuturkeun Kang gusel ka nu keur nga bararaso tea ngan teu wani ngdeukeutan da
sieun nga ganggu acara maranehan nana ngan diuk we gigireun tukang baso rada anggang bari jeung
bingung nyakumaha pilampaheun.

Barang kuring keur ngahuleng bari jeung teu puguh laku. Kukuring ka reret aya nu diuk gigireun
kuring belah kenca rada anggang meu’eusan kira-kira 3 meter anggangna saurang wanoja meni
geulis pisan pika uruyeun kira2 umuran 17 tahunan lah eta umurna teh, sok sanajan kaayaan teu pati
jelas ngan ka caangan tina lampu tempel semprong tukang baso.

Mr. Robot : sblak................!!!!!!!!!!!!!!!, jeduuud..... .!!!!!, hate kuring mani nyeblak saumur
dumelah kakarak ningali aya wanoja tangtunganna meni pikaresepeun neuteup ka kuring bari siga
nu pinuh ku pangharepan da eta karasana kana hate kuring bet asa barareda. Pedah kuring anu
GE’ER meureun.

Mr. Robot : ( ngagerentes,.........aduh.................ieu wanoja meni camperenik tur geulis lir


bidadari lumungsur ti kahiyangan.,

“Haduh............ nya kumaha ngamimitianna nya da puguh ari keur perkara ieu mah kuring
medu pisan ........ mening keneh di adukeun jeng “ MAUNG “we kuring mah wani jeung tibatan kudu
ngarayu awewe mah.

ari teu di deukeutan mengpeung aya jeung sieun kaburu ku batur we deuih, ieu mereun
pibebeneeun teh, rek di deuketan ah............. sugan we............
Dina kaayaan kitu kuring ngawanikeun maneh ngadeukeutan eta wanoja sok sanajan hate ratug
tutunggulan, tagiwur campuraduk bari teu puguh rasa.............

Mr. Robot : ehemm............. eu eu .............., neng nuju nongton.............???????,


(Gumasep puguh sidik katempo anjeuna teh nuju nongton ah Formalitas we ieu mah tamba teuing
teu aya pi caritaeun.)

Wanoja : unggeuk bari neuteup dibarengan ku imut ngagelenyu ka kuring..................

“ Muhun engkang..........................................”( soantenna mani halimpu)

Mr. Robot : seblak.........!!!!!!!!!!!!,.jedud.........!!!!!!!!!!!!, dayagdag.......!!!!, (hate


kuringmeni nyeblak, kakarak kuring ngalaman kajadian rasa samodel kieu mah yeuh...........ampir
kuring ngajengkang .)

: Eu eu ....... nyalira wae...............?

Wanoja : unggeuk deui bari imut ngagelenyu ka kuring..................

Mr. Robot : (beuki ratug tutunggulan, ah.............., nyaan.............. eces, jentre, pertela
pasti ieu pi bebeneeun teh, karasa da kana hate na oge meni merean.)

: tiasa upami di sarengan ku akang.........????

Wanoja : ( tungkul bari maledog ku kelet sarta imut ngagelenyu ka kuring..............),


mangga engkang pami kersa mah..................

Mr. Robot : neng, ................ na teu sieun angkat-angkatan nyalira............?????????

Wanoja : “ panginten we ari sieunna mah kang .................”

Mr. Robot : dupi rorompok teh dipalih mana neng....?????

Wanoja : “ palih ditu kang.................”(bari nunjuk ka beleh kaler)

Mr. Robot : Oohhhh....................., naha kinten-kintena moal aya anu nyeuseulan pami
akang nyarengan............... .???

Wanoja : “ ah...... saha anu bade nyeseulan akang da abdi mah teu acan gaduh .........

Mr. Robot : seblak.................!!!!!!!!!!!!!!!!!,.jedud....................!!!!!!!!!!!!,


golencen.................!!!!!!!!!!!, dayagdag....!!!!!!, rumpuyuk.............!!!!!!, sakedet netra hate kuring
luluh ku eta wanoja nu aya di gigireun kuring. (ngagebray..................hate asa ngagebray , dunia jadi
caang asa caang bulan 14, beengggg kuring asa ngapung............yen nyata teu kabeh wanoja
ngewaeun ka kuring kakarak kuring ngalaman kajadian samodel kieu mah yeuh................... )
: “ Nepangkeun abdi wasta pun robot............. katelah mah,............ (bari
ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman ), linggih di jln sukabumi KM 1, Sagaranten, ......dupi nami
eneng saha ..........??? gep lengeun kuring di tampanan ku eta wanoja.................. jedud.......!!!!!!!!!!
kuring mani nga jedud serrrrrrrr............. hate ratug tutunggulan teu puguh rasa, kakarak saumur
dumelah kuring nyabak leungeun awewe geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, jeung meni
lembut tur seungit kembang meni melenghir deuih. Tapi panangan eta wanoja mani tiis karasana ku
kuring. ( ah rarasaan we meureun da puguh kaayaan hawa geus peuting kieu )

Wanoja : “ nami abdi ............Nengsih........................ “

Mr. Robot : hatur nuhun tos di tepangkeun di ieu tempat .............( bari terus guneng
catur ngaler-ngidul).

Kira-kira aya kana dua jam na kuring + nyi mojang nu anyar panggih uplek ngobrol teu karasa waktu
sakitu teh da kuring baningku sono.

Wanoja : engkan hapuntennya abdi mah bade wangsul ka rorompok bilih pun biang
deudeupeun.............

Mr. Robot : ooohhhhh.............. bari pinuh ku rasa nhanyelu,

: kersa upami di jajapkeun ku akang neng....?????

Wanoja : mangga engkang pami teu kaabotan mah.................

Mr. Robot : ah ka abotan naon neng, abdi mah siap pisan kanggo nemonan sagala rumi
pamaksadan eneng, bujeng hingga ngajajapkeun kapalay naon wae oge akang siap nga jalankeun
nana......................

Bari terus kuring nepungan kang gusel anu keur dariuk duaan di tukang baso tea belah katuhu, kira-
kira 10 meter anggangna.

Mr. Robot : kang.................. kuring amitan heula sakeudeungnya rek ngajajapkeun hela
awewe.
Kang Gusel : nganteurkeun awewe.................??????????? ( bari kerung ningali polah
kuring bangun nu heran), enya sok we atuh, ka belah mana nganteurkeuna....??, jung pake we
motor bisi jauh.............( bari mikeun konci kontak motor).

Mr. Robot : nuhun atuh kang............... ( kuring sumanget ), tuluy nyokot motor gujleg
di selah, goak eta motor ngagoak di gas ku kuring ....... mangga neng naek............, kalacat nu geulis
naek kana motor di bonceng ku kuring gep nyepengan kana cangkeng..........., geuleuyenung motor
maju ngajugjug ka belah kaler ninggalkeun tempat hiburan wayang golek.

sa jajalan kuring bungah nu taya bandingan nana najan poek hate mah mengebugebu we pinuh ku
pang harepan.

Mr. Robot : neng............... bagja temenan akang mah tiasa sasarengan sareng eneng teh.

Wanoja : sami engkang abdi oge bingah ...................nemean aya pameget anu kersa
nyarengan ka abdi ..............., ( bari muntangan pageuh pisan kana cangkeng kuring)

Mr. Robot :

mudah-mudahan we atuh urang duaan teh sing di parengkeun ngahiji, ..................kapalih mana atuh
jalan ka rorompok eneng teh, margi ieu aya jalan cagak. Ka kenca atanapi ka
katuhu..................??????????

Wanoja : ka palih kenca kang,.................. ka palih lebak ( saur eta wanoja junjuk ka belah
lebak bari kaayaan poek ngan ka sinaran ku reyem-reyem caang bulan anu sa pasi).
Mr. Robot : oooh.......enya atuh.

Bari terus kuring nga jalankeun motor mengkol ka belah lebak, .............. baras di belah lebak teh aya
sasak awi luhureun wahangan terus kuring nyaimbangkeun motor nyorang eta sasak awi tea.

Barang nepi ka tengah2 sasak awi di tukang bet asa hampang siga nu teu mawa panumpang, kuring
terus nga gas motor ka belah peuntaseun rada naek tina sasak teh, pas di lieuk eta wanoja anu tadi
di bonceng teh bet teu aya duka kamana ngilesna.

Mr. Robot : gbeg.......................!!!!!!!!!!!!!, kamana mojang geulis teh teu aya boa-boa ragrag,
bari terus kuring ngeureun keun eta motor, jrut turun lempang muru kana sasak awi deui belah
tukangen kuring terus gogoroan.

“neeeeng ....................., neeeeng ....................., neeeeng ....................., (bari terus neangan eta
wanoja nu teu puguh ngilesna sabab bisi labuh kana jungkrang handapeun sasak, baningku
panasaran terus kuring turun kana wahangan bisi aya di handap di senteran ku senter tina korek gas,
tapi weleh eta wajoja teu ka panggih.
Sabat kuring keur neangan eta wanoja..................gebeg.......!!!!!!!!!!, kuring meni ngagebeg....... aya
sora luhureun papalang jamatan aya anu diuk ucang-ucangan bari se-seurian meni
nyirihiiil................buukna ngarewig panjang acak-acakan, bajuna bodas panjang rada kucel
mencrong ka kuring nu keur aya di wahangan hanapeun jamatan tea bari terus nyirihiiiiil
seuseurian.................

Mr. Robot : gbeg.......................!!!!!!!!!!!!!, reyyyyyyyy............!!!!!!!, puriding ......muridingkak


bulu punduk mani kukurayeun, eeeeeyyyyyyyyyy................gening eta teh siga aya kunti............

Kunti : hihiiiihihhiiiiih..............., hihiiiihihhiiiiih..............., hihiiiihihhiiiiih...............,

Mr. Robot : hey............ ari anjeun saha.............?????????? (ngawanikeun nanya)

Kunti : hihiiiihihhiiiiih.........!!!!!!!!!!., hihiiiihihhiiiiih...............,


hihiiiihihhiiiiih...............,engkang................. abdi teh pan anu tadi di bonceng ku engkang tea,
hihiiiihihhiiiiih..............., abdi nengsih,...............engkang............... hihiiiihihhiiiiih...............,

Mr. Robot : emh..........., eneng ............. deudeuh teuing...........lebar temenan geuning nu tadi
wanoja sakitu geulina teh ayeuna berubah bet jadi kunti.......geuning.
Bari terus kuring hanjat ti wahangan ngajugjug kana luhureun sasak awi ( da puguh mangsa harita
kuring dedegler teu aya kasieun bujeng ku jalma najan ku jurig nyiliwuri setan nu newo-newo ge teu
sieun. Komo ieu jeung kunti anu jelmaan tadi wanoja gelis pika uruyeun panasaran we nu aya rek di
udag kamana bae oge mun beunang rek di tangkeup kukuring moal di leupaskeun deui.

Mr. Robot : hey............... neng...........!!!!!!!!, keur akang nu ka telah si Robot tea ti Chiko moal
sieun ku model kieu............!!!!!!!!!!!, komo urang duaan teh pan geus jangji pasini rek babarengan,
kajeun teuing eneng wujudna siga kitu akang moal arek mundur satujang beas ge..............!!!!!!!!!!!!!,
rek di ayonan ............., kagok asong lah.

Bari terus kuring ngadeukeutan eta kunti nu cicirihilan..............................


Kunti : hihiiiihihhiiiiih.........!!!!!!!!!!., hihiiiihihhiiiiih...............,( bari terus ngalayang ka
belaheun tonggoh eta sasak awi.

Kuring nyelah motor deui durugdug..............terus ngudag eta kunti anu kakalayangan di luhur
.............. bari eweuh kasieun panasaran we nu aya.............. eta kunti teh ngalayangna kabelah
tonggoh ..............terus ku kuring di udag make motor.......... ari bras teh kuring nepi ka palataran pas
di sorotan ku lampu motor sidik pisan kaayaan di eta tempat teh geuning kuburan hungkul................

Mr. Robot : Astagfirulloooohaladziiiiim.................. gening ieu teh loba kuburan. Bari terus
nyidik nyidik sakuriling bungking kaayaan di eta tempat.

Aduhhhhhh............ kamana lumpatna kunti teh, da sidik ka lebah dieu bieu mah, (boro-boro sieun
panasaran we hayang papangih deui jeng wanoja geulis, nupi ka uruyeun tadi sok sanajan geus
robah jadi kunti............)
Mr. Robot : heeyyy..................!!!!!!!!!!!!!, neng..........anjeun dimana...........????????????

Kupingkeun ku eneng.............!!!!!!!!!!!, sok sanajan eneng berubah jadi kunti akang moal
mundur.........rek terus mikacinta ka eneng............... bari teru susumbar...............( tah eta adat mr.
Robot teh. Mun geus kaluar wawanennamah............tunggul di parud, catang di reumpak asal kana
bebeneran)

+ aya kana 1 jam na kuring dagdag-digdig di eta tegal kuburan neangan anu tadi cicirihilan tea, weleh
teumanggihan deui ka kuring. Tiap kuburan di senteran ditempoan batu nisan na , sugan aya
kuburan anu ngaran nengsih tea. Weleh te ka panggih.

Kulantaran nu di teangan teu ka panggih kuring naek deui kana motor terus balik deui naka sasak
awi sugan jeung sugan aya dina sasak deui tapi weleh teu aya.

Tungtungna kuring putus pang harepan ningalkeun eta sasak awi balik deui ka jalan anu tadi rek
ngajugjug ka kang gusel anu di pang lalajoan wayang . ngan heran eta jalan anu tadi weleh meni teu
kapanggih,

Mr. Robot : haduhhhhhhhhhhhhh...............!!!!!!!!!!!!, nya dimana ieu teh.......????????, jeng ari


jalan nu tadi teh kabelah mana nya jadi ngadak-ngadak teu puguh ieu teh ( bari terus ngajalankeun
motor sa kadungsang- dungsang. Sabot ker kitu ti kajauhan aya imah nyengceling dina luhut pasir .
Mr. Robot : e’e’ehhh.......... geni itu aya imah di hareup............. bari terus di sampeurken

Terus nyidik-nyidik kaayaan eta imah ditoong tina bilik anu carang di jero imah teh jararempling
ngan katingali aya centir ngetit nyaangan eta jero imah.

Sabot kuring ker luha-leho................

Gbg...........!!!!!!!!!!!!, kuring nngagebeg........... sabab teu puguh2 aya nu nangtung tukangeun..........

Sihoreng geuning aya aki-aki terus nanya ka kuring

Aki-aki : bageaaaa............ujang, nuju naon didieu......................

Mr. Robot : (bari jeung reuwas kuring ngawaler)...... haduhhh............sampurasun aki, punten
abdi ngiring reu reuh di dieu tiasa..???

Aki-aki : mangga ari kersa mah.........., ari ujang teh ti mana.......?????????, sareng bade
kamana.................??????. (bari terus eta aki-aki ngajak calik dina golodog.)

Mr. Robot : kieu aki lalampahanamah...............(bari kuring nyaritakeun kajadian timimiti dugika
ayeuna di tetek taya nu kaliwat).......” tah kitu aki kajantenan na mah,punten ari ieu teh lembur naon
namina aki...????

Aki-aki : oooohhh......., kitu nyah nu karandapan ku ujang teh............, ujang da didieu mah sok aya
wae kajadian kitu teh pan sasakalana mah eta teh kira-kira aya kana 1 mingguna aya awewe nu
ngagantung maneh diditu tuh caket sasak awi palih handap, duka urang mana eta aweweteh nya ka
pendak ku nungarit teras su warga didieu eta layon teh di kureb keun di tegal pakuburan palih ditu
tuh. Ari nami ieu lembur nyaeta perbatasan Desa cibitung + desa margaluyu ari katelah na
kampung..........................( di rahasiahkeun ku kuring............)

Mr. Robot : ooooooooooohhhhhh............kitu kajantenana teh nya aki........, punten upami abdi
bade ka daerah cibitung kanu hiburan wayang kedah ka belah mana abdi lumaku......?????

Aki-aki : tuh tuturkeun we eta jalan tuh ka belah wetan..............(si aki nuduhkeun jalan)

Mr. Robot : muhun., hatur nuhun kana petunjukna aki, abdi bade permios .........punten we
tos ngawagel ka aki.........

Aki-aki : munuh mangga bral atuh ari mol nginep mah didieu ( nawaran ngendong ka kuring)

Mr. Robot : hatur nuhun aki bade teras we kaditu margi rerencangan abdi ngantosan rupina
diditu.

Kuring amitan ka si aki bari terus naek kana motor terus di selah gerengdeng motor hirup terus
kuring uruk salam ngalieuh ka si aki, pas di lieuk les............. et si aki teh teu aya, jeung imah si aki nu
tadi teh berubah jadi kuburan tua teu di tembok kacaangan ku lampu motor,

Mr. Robot : Gbg...........!!!!!!!!!!!!, kuring ngagebeg........... ningali kaayaan kitu, bari terus
ningalkeu eta patempatan ngajugjug ka nu hiburan wayang golek rek tepungan babaturan nyaeta
kang Gusel tea.

Tekacatur di jalana enya we lancar sakumaha petunjuk si aki tea tadi, nepi we ka nu di jugjug kira-
kira jam 3 janari, katingali kang Gusel keur diuk dina nagku tukang baso.

Kang Gusel : tah geuning datang , kamana wae nganteurkeun teh bot ...???, meni ampleng
hasil meureun nyah..????? (bari seuri ngagonjak)
Mr. Robot : haduh.......................!!!!!!!, boboro hasil kang nupuguh mah apes we nu aya ...........

Kang Gusel : nyeta tadi oge kuring teh ngahuleng besa mr. robot bebeja rek ngajajapkeun
awewe ........... da titadi ge ku saya mang robot katempo nyorangan teu jeu sasaha ................
mastikeu sakumaha pangalaman nu katempo ku kang gusel, rengkak paripolah kuring di gigireu
tukang baso ngan rada anggang dinu poek, ngan kadengena cenah mr. Robot ngomong sorangan
teuing jenung saha ngawangkongna da teu katenjo aya jalma nu lian iwal ti mr. Robot sorangan.

Mr. Robot : kieu kang lalampahanamah...............(bari kuring nyaritakeun kajadian timimiti


dugika ayeuna di tetek taya nu kaliwat).......” tah kitu kang kajadianna teh.

Kang Gusel : hahahahah.................!!!!!, mr. Robot mah nganteurkeun kunti meurennyah.......


hayu ah...... urang balik geus janari ieu teh...........

Terus kuring jeung kang gusel mulang ka lebur padumukan di kampung chiko tea.

Tamaaaaaat.................

MR. ROBOT

You might also like