Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 29

Mr.

ROBOT

Email :
wawanruswandi695@yahoo.co.id

MANGGUNG DI ALAM LAIN

Assalamu Alikum Wr.Wb.....


Kahatur : Kang Rey + Thomas Ucir di Radio El-Lugi Pariwara FM. Sagaranten.

Nepangkeun :
Nami Abdi : Mr. Robot
Alamat : Jln. Sukabumi Km 1. Kec. Sagaranten-Sukabumi
Padamelan : Huleng-Jentul, dag-dag-dig-dig, sakapeung-kapeungeun calik upami ari...............

Implik2na : Punten Kang Rey + Tomas Ucir Oge Fans sadayana Sim Kuring Ngiring Jabung
Tumalapung ngalangkungan Radio El-Lugi Pariwara FM, “Salam kenal............ “ ka sadayana para
pendengar di radio sewang2an, wilujeng wengi, salam sejahtera selalu........................

Sim kuring gaduh pangalaman nyata nu karandapan, namung hapunten ka sadayana sanes
bade adigung, cawokah, comel sumawona ngaboleker keun rahasiah batur mah, terutami ka nu
pernah sasarengan + sim kuring pelaku /naon bae katelahna oge tempat nu kasebat/kaseuit tong
janten bendu margi ieu mah sanes bade mempermasalahkeun kajantenanana, ieu sadayana teu aya
hubungan + matak nu jadi lantaran, mung ieu mah bade nyarioskeun pngalaman sim kuring nyalira
we. Sawangsulna sim kuring ngahaturkeu nuhun ka sadayana anu terlibat dina lebet pangalaman
ieu, malah mandar urang silih pihanyaah, silih asih tur saling menghormati.

“ Wilujeng ngabandungan...................................!!!!!!!!!!!! “
Awal carita :
Poe kemis tanggalna hilap mung tahunna + tahun 1995an. ( 20 tahun ka pengker rupina ).

Kira wanci jam 17.30 (jam 5.30 sore) kaayaan rada poek langit angkeub hujan ngaririncik dor-dar
gelap sing jelegur.....................

Sim kuring + mang uhe kakarak anjog ka imah mulang masang sound systm ti daerah
kacamatan pabuaran acarana hajat nikahan hiburanna Organ Tunggal kang Asor Intertainment ti
Sagaranten.

Kira wanci jam 17.30 (jam 5.30 sore) tos beberes meresan sound system kuring
ngareurehkeun kacape dina korsi tamu bari kaayaan lungse, tunduh + balideg sirah. Ma’lum tos
masang sound systm ti kamari peuting di sambung siang tadi sapoe jeput nabeuh dangdut organ
tunggal meni ngeng-ngengan kana ceuli na teh jaba di tungtungan ku hujan meni badag pisan.

Selang sawatara waktu kakarak ge, gek diuk dina korsi tamu rek ngalengut, teu kungsi lila
aya nu keketrok kana panto.

Tamu : tok, tok, tok, Assalamu Alaikum.............!!!!!!!!!!!....3 X, ( sora na handaruan


............)

Mr. Robot : gbg........ !!!!!!!!!!!!, Amang ngagebeg, Waalaikum salaaam.................... bari


jung nagtung tina korsi, terus mukakeu panto, mangga kalebet............. (eta tamu teh
pangawakanana jangkung badag jeung teu kenal deuih)
Tamu : hatur nuhun.............. punten dupi ieu leres bumi Mr. Robot....?

Mr. Robot : sumuhun pa teu lepat, abdi pisan .............ari kitu aya pikersaeun naon
atuh...........?

Tamu : aduh, kaleresan pisan atuh, punten abdi tulungan bade pesen pang masangkeun
sound system kanggo acara hiburan, tisa teu.............?????

Mr. Robot : mangga, kanggo kaping sabaraha di anggona..........?

Tamu : manawi ieu teh ngadadak pisan, hoyong wengi ayeuna acarana teh meni ½ maksa.

Mr. Robot : wengi ayeuna...............????, ( mangkaning ayeuna tos jam 6 -1/4 waktu magrib)

Tamu : muhun, wayahna we tulungan abdi nya (bari rada maksa)........sabaraha upami
nyewa sound system sakumplitna......?

Mr. Robot : ah.............. biasa we Rp. 350.000, (harga pasanan jaman harita), mung punten abdi
kedah milarian heula mobil kanggo ngakut alat2 na, rupina rada telat margi ngadadak pisan.

Tamu : muhun satuju lah hargi sakitu mah, mung artos bayaranna engkin diditu
nya,........!. tong salempang kang perkawis mobil mah abdi nyandak treuk dobel, (bari junjuk kana eta
mobil treuk bawa na...........)
Mr. Robot : Gbg.............!!!!!!!, kuring ngagbg,.......... sabab eta mobil treuk bawa tamu teh pas
di reret geuning warna cet na sarwa hideung sakuriling bungkingna. Tapi teu loba catur sabab waktu
geus nyedek nyerelek ka magrib poek jaba hujan ngaririncik mangkaning acarana peuting ieu cenah.

Kulantaran acarana ngadadak tur waktuna nyedek ka poek harita kuring teu loba mikir
panjang gura-giru nyiapkeu 1 set sound system kumplit sanajan bari jeung awak teu puguh rasa
dungdeng sirah lalieur campur aduk teu puguh rasa.

Teu kungsi ngabejaan mang uhe babaturan nu biasa ngarencangan kuring da mang uhe na
tos mulang ka imahna tur rada anggang ti imah kuring ( can usum HP. Harita mah), Nya amang
nyuhunkeun bantuan ka tamu tea :

Mr. Robot : Punten pa kumargi abdi teu aya rencang masang sound nyuhunkeu di bantosan wenya

Tamu : tong salempang kang pasti di bantuan, kira2 sabaraha jalmi priogina ?..........

Mr. Robot : ah...... paling ge duaan we, kanggo angkat jungjung box salon + ngjagaan genset.

Tamu : oh enya siap lah. (unggelna )

Saparantosna peralatan sound system di puatkeun kana treuk, amang amitan ka indung budak bade
masang sound system deui ngadadak peuting ieu acarana.
Mr. Robot : mah........... bapa pamitan bade masang sound system deui peuting ieu, do’a keun
sing lancar tus salamet nya....????. “Assalamu alaikum..............”

Indung Budak : Enya............ sing salametnya....... (wlkum salam.................) bari nutupkeun panto.

Kira-kira wanci sareupna bari hujan ngaririncik, dor-dar gelap...............,jaba poek kuring miang ti
imah dina treuk bawa tamu tea.

Mr. Robot : Ngagerentes dina hate..............(Dina mobil tereuk teh kira-kira aya opatanna,
sajero ning perjalanan kuring heran nu dina mobil teh te aya nu karenal sa urang ge duka urang
mana maranehanana teh. Ngan anu inget mah eta mobil teh majuna kabelah kaler jeng heran eta
mobil treuk teh warnana sarwa hideung sarta trpal tutup bak na ge hideung deuih. Tapi ah keun bae
ah, naon make loba pipikiran teuing.. .... nu penting mah asal salamet we.

Teu karasa dijalanna bari jeung teu puguh rasa da puguh awak lungse jeung panon tunduh tea
kuring teu karasa ngalengut sare dina mobil treuh nu sarwa hideung ..........................................

........................ teu kacatur di jalanna da puguh sare..................................

Inget-inget tos di hiji tempat weh di hudangken ku supir treuk tea yen tos dugi ka tempat nu di tuju
amang ningali kana jam kira-kira jam 21.00 WIB (jam 9 Peuting waktu urang mah),
barang di tingali enya we panggungna tos siap agreng, mewah, hurung herang hiasannana
oge jeung lega panggungna ge, sarta di hareupeun panggung teh aya karaton meni agreng tur
mewah pisan ornamen2 na teh siga tina emas inten jumanten, orang kaya sigana nu boga ieu
gedong teh sarta digigireun eta karaton teh loba imah meni mararewah tur raresik patamanan
endah pisan.
acarana geuning nabeuh wayang golek jaba tos ngaberes pralatan saron + nayaga na ge tos
darariuk nyanghareupan alat na masing-masing mung dalangna duka saha sareng duka timana,
sindenna oge aya 4 an na , penontona oge tos loba pisan pabuis aya kana ngarebuna, nu daragang
ngahempak siga acara 17 Agustusan mun di urang mah.

Ningali kitu jeung teu mikir 2 X, Teu antaparah der we amang babaluk masangkeun sound
system tea hut het poho ka cape di bantuan ku kunu tadi dina mobil duaan.

Bari jeung tagiwur masang bari di buburu, da sieun kaboler. Ari biasana mah mun acara
nabeuh wayang masangkeun sound system teh sok ti wanci lohor-asar ari ieu langsung harita kudu
laksana.

kira-kira ngan ½ jam Alhamdulillah rengse oge sadayana set sound system kangge nabeuh
wayang tos siap langsung nyelah Genset, grebeg eta genset teh hirup mesinna kontakeun strumna
bray lampu TL ( Neon ) paranjang nga gebray caang aya kana 6 na dina luhur panggung teh trus
kuring chek sound ..........

Mr. Robot : tes....tes...., testing.....chek........1 2 3- test...............................................


teu kungsi lila panitia nyampeurkeun terus nyuhunkeum mic langsung muka acara dina
luhur panggung, .................................

Panitia : Sampurasuuuuuuuuuuuuuuuunnnnnn.................!!!!!!!!!!!!!!!!.( basana teh bari


handaruan).............jeung saterusna teuing naon nu di caritakeunna mah da teu merhatikeun.
saparentos acara dibuka ku panitia teu antaparah breng we acara wayang teh mulai
ngagemreng jiro bubuka gamelan, gendang , goong nayaga meni mararotah di teruskeun ku sora
sinden ngahaleuang meni rame pisan di sambung ku kidung, Saparantos kitu di sambung deui ku ki
Dalang Murwa bubukaning carita wayang, kaayaan di eta tempat meni meriah rame, surak panonton
meni euyah –euyahan bakat ku barungah mereun................................

kira-kira 1 jm ti harita amang lunta ti panggung nguliwed kanu rada anggang ka tukangeun
panggung rek neangan tempat nu rada nyingkur ti panggung da teu kuat hayang kahampangan.

beres kahampangan terus kuring indit ka hareupeun panggung rada anggang bari rek ngecek
sora sound system ti hareupeun panggung.

Mr. Robot : ah........ lumayan sakieu mah sedengan we sora sound system teh saimbang
sorana..............................

aduh............asa hayang nginum hana’ang.............. bari jeung rada tariris kieu yeuh....... ma’lum ti
tadi teu reureuh2. ( Bari terusrek neangan nu dagang kopi panas + ududeun).

Sanggeus aya di hareupeun panggung nyaan we eta acara teh meni meriah pisan nu lalajo
loba pisan meni pabuis aya kana ngarebuna kolot-budak, lalaki-awewe, nu alus-nu goreng. nu
daragang oge loba pisan rupa2 dagangan ngan daragangna kdaangan hungkul teu aya nu lian
ngahempak merbayaksa.
Ngan aneh eta nulalajo sakitu lobana saurang oge teu aya nu wawuh, jeung dangdanan
nana rada beda jeung urang sagarenten.

Ah............ teu loba catur terus kuring jalan-jalan bari neangan tukang dagang kopi, nya aya
nu dagang kopi belah kencaeun rada anggang ti panggung kita-kira 30 meter hanapen tangkal kiara
badag dauna ngarunday gomplok pisan.
Mr. Robot : sampurasuuuun .......................( ka tukang kopi )

Tukang kopi : Rampeeees................( cenah ngawaler )

Mr. Robot : Punten mang bade pesen kopi panas sagelas

Tukang kopi : mangga....................., mangga linggih kang ( walerna )

Langsung nu dagang ninyuh kopi ku cai panas sor di asongkeun ka kuring.

Mr. Robot : sakantenan sareng sesepeuna mang............... ( kuring mesen ududeun )

Tukang kopi : roko naon kang ?...........

Mr. Robot : ah............ biasa we abdi mah sok rokok keretek mang ( Sampoerna ijo Keretek)

Tukang kopi : aduh.......!!!!, punten teu aya rokok kitu didieumah kang ...............

Mr. Robot : ooooh................. sawios atuh rokok naon we asal keretek .............
Tukang Kopi ngasongkeun rokok keretek ka kuring sabungkus, ngan rada heran pas ditingali
eta sabungkus rokok teh can pernah mangihan di lemur kuring mah model kieu merek jeung
gambarna oge gambar singa merek “ Lisong ” ................

Mr. Robot : ah........ ken wae roko naon we keur kieu mah gerentes na hate, tuluy di buka eta
bungkus roko keretek teh trus nyabut sabatang sut di sunut pledug .................haseupna ngebul tina
biwir kuring ........

....... gbeg..... teh, kuring ngagebg............. sabab eta rasa udud teh asa menyan.....................,

tapi ah keun wae kieu meureun rasana, ....................

terus kuring ngaregot kopi panas anu masih keneh ngebul, ............. gebg,.............. kuring ngagebeg
kadua kalina, eta rasa kopi ongkoh ngebul siga panas tapi karasana ti’is............. meni nyecep.........
kana letah kuring, jeng rasana lain rasa kopi sabiasana, bauna oge rada hangru, hanyir jeung pait
deuih teu puguh rasana. .......................

Tapi da kagok asong jeung hana’ang tea ditambah karunya kanu dagang kopi bisi kasinggungeun
lamun kuring protes tea mah. Nya eta kopi tiis jeng teu puguh rasa teh dikeureuyeuh we bari udud
lisong tea.
Sa entos kitu tuluy kuring nyandak bandros nu bararadag nu masih keneh ngebul anyar di angkat
tina pembakaran bandros, lep di huapkeuk kana baham kuring,

gbeg..........!!!!!! kuring ngagbg .....nu ka 3 kali na, eta bandros teh meni nyecep tiis jeung rasana oge
rada hanyir bau ngangru siga kopi nu tadi tea.

Tapi nyakitu tea dikeureyeuh deui we da puguh rada lapar beuteng teh, seep weh 2 pepeg ½ eta
bbandos teh, kulantaran rada eungap eta bandros nu ½ deeui kukuring di bungkus di asupkeun kana
pesak jaket jang engke di panggung.............. cek kuring.

+ ½ jam di tukang kopi kuring amitan bari mayar kopi, ududeun + bandros 3 pepeg

Mr. Robot : sabarahaeun : kopi sagelasi, ududeun sabungkus + bandros 3 pepeg mang ............?

Tukang kopi : sadayana janten salikureun kang ............... ( cenah )

Mr. Robot : ( bari rada ngahuleng.............. ari salikur teh sabarahanya ........?, da sieu salah
kuring ngasongkeun we duit Rp. 50.000.

Mr. Robot : mangga mang ieu nyanggakeun ieu artosna

Tukang kopi : nampi nuhun kang .................................

nya di pulangan ku tukang kopi teh terus eta duit pamulangan ku kuring teu di iitung deui da gengsi
di asupkeun we kana saku jaket. Terus kuring amitan ka tukang kopi ngajugjug dei kana panggung
neruskeun nga operatoran nu ngawayang .
sajero ning ngaoperatoran kuring pirajeunan nelek2 panayagan weleh saurang oge teu aya
nu wawuh, ............padahal mangsa eta kuring mineng masang sound system jeung grup wayang boh
ti kabupaten Sukabumi atawa ti daerah bandung ataw Bogor kuring sok warawuh jeung wajah2
nayaga na. Katut dalang + sindenna. Ari ieu mah sadayana teu karenal bengeutna teh. Dangdanan
nana oge rada beda jeung nu biasa di pake ku grup wayang biasana ieu mah pakean nu di parakena
ala karajaan jeung kelirna rada boreleng barelang koneng hideung hurung herang.

Tapi kuring teu loba catur asal di bayar we sasuai perjanjian tadi.

Mr. Robot : ngagerentes..................(lain ari ieu teh di daerah manaaaaanya ............... jeung ari
ieu teh hiburan dalam rangka acara naon deuih ...............? tepuguh. Asa barareda ieu teh. Ah.......
keun bae asal lancar + salamet we ah. )

Sabat kuring keur ngahuleng bari ngadengekeun sora gamelan nu ngagemrung sindeng
ngahaleuang + Dalang murwa ngalakonkeun carita wayang bari jeung aneh eta wayang na oge rada
beda jeung wayang golek nu sok di paenkeun ku grup wayang biasa di urang, euweuh si cepot,
dawala, gareng, semar + gatot gacajeung sajabana.

Barang ker ngahuleng , bari jeung balideg sirah teu kuat panon 2 nana tunduh kabeh
lelengutan sereu-reupeun sare Kuring aya nu noel ti tukang.......................

gbg...............!!!!!!!! kuring ngarenjag................!!!!!!!!!, pas di lieuk eta nu noel titukang


teh...........................

Awakna jangkung badag himar dada bu’ukna panjang ngarwewig, kumisna baplang, janggotna
panjang make mahkota dina sirahna teh sorana badag handaruan, ngagerem mentak kukurayeun.
Ngomong kieu kakuring :

Nu jangkung badag : hey.............. kang, kuring kajurungan ku dunungan titah masrahkeu ieu duit
bayaran sound system sakumaha kasepakatan tadi nyaeta Rp. 350.000. saurna sora sound system
katampi pisan cnah ku dalang + sinden + nayaga katut dunungan kula genaheun pisan, alus jeun
lancar cenah.

Mr. Robot : ......................!!!!!!!!!!!!!!!.... ( teu bisa nyarita............. olohok, buncelik, reuwas


tapi atoh da sound systemna lancar kalayan kapake ku nu ngawayang )

Nu jangkung badag : kang, tah ieu duit Rp. 350.000, jeung ieu bonusna ti kuring ( bari
ngaluarkeun deui duit ditamahan Rp. 150.000jadi jumlhna Rp. 500.000, + bedog letik dibiken ka
kuring).

Mr. Robot : ......................!!!!!!!!!!!!!!!.... ( teu bisa nyarita............. olohok, buncelik, reuwas )

Nu jangkung badag : nuhunnya kang, ulah kapok...... lain waktu ku kuring di ondang deui nya.
(bari terus amitan, less.....teuing kamana leosna ).
Eta duit di itung ku kuring, nyaan we gening jumlahna Rp. 500.00, di asupkeun kana pesak jaket +
bedog leutik alus pisan, disimpen ku kuring kana peti wadah kabel.

Gancangna carita kira wanci jam 3.00 WIB ( janari ), ki dalang mungkas lalakon wayang : “ Kembang
Pinetik sinebaran sari-sari tutup lawang sigotaka........................................”

Sakumaha biasa saberesna acara awayang rengse, kuring jeung nu duaan tadi beberes meresan
Sound system sakumaha biasana bok sapeker di tumpuken di gigiren panggung bari ngadagoan
mobil jamputan treuk dobel da can katingali neang,

Bari beberes, kuring pirajeunan ningali tina luhur panggung ka hareup, eta pnonton + nudaragang nu
sakitu lobana teh ngadak2 les..........we teu puguh laleosna lengit tampa lebih, hilang tanpa karana
teuing kamana , ari biasana mah nu daragang sok maneriken maneh ari ieu mani jep..... jarempling.
teuing kamana. Barang kuring ningali kapanggung oge eta para nayaga, sinden, dalang saparakanca
nu sakitu lobana oge teu araya duka kamana leosna. Tiinggal kuring we jeung nu ngabaturan nu 2 an
tea tadi.

Sawatara waktu kuring heran bari jeun teu puguh rarasan da teu kuat tunduh, awak lalungse
ngareureukeun kacape gogolerang dina luhur tumpukan bok sapeker ngalempengken cangkeng .

Mr. Robot : kang................(kanu duaan), urang gogoleran heula ah......... dina luhur bok
tumpukan sapeker bari ngadagoan mobil treuk jemputan.

Nu duaan : enya kang................. manga wae sok kadinyah istirahat keun heula bisi rek sare
hela mah, ke mun tos aya mobil treuk jemputan ku abdi di gugah keun ( cenah ).
Mr. Robot : Enya kang, aduh.............. teu kuat kuring mah tunduh + lalungse awak ( bari terus
ngagoler reup............sare na luhuren tumpukan bok sapeker gigiteun panggung di simutan kuterpal.

Aki-aki : jang...............jang..............jang...............gugah (cenah basana)

Rarasaan asa can lila kuring sare baningku tibra, teu puguh puguh kuring ngarenjang hudang bari
jeun lulungu sirah balideg asa micung tetempoan ranyay, sihoreng aya jalma aki-aki nu ngaguyah2
ngahudangkeun kuring, sihoreng waktu tos manjing subuh.

Mr. Robot : aduh ..................., hatur nuhun aki, abdi di gugahkeun.

Aki-aki : (nanya ka kuring) ...........punten ari ujang teh tos timana + bade kamana jeung deuih ieu
make aya saperangkat Sound system sagala rupa.

Mr. Robot : Ngahuleng.............. sajongjonan..........., manawi aki, kuring teh tos nabeuh wayang
wengi tadi didieu pisan, bari ret ningalian sakuriling bungkingna tempat nu peuting tadi rame
ngagemrung wayang pnonton pabuis aya kana ngarebuna teh simana horeng leuweung geledegan
ari eta panggung nu gigireun tumpukan salon teh geuning berubah jadi batu nu luhur tur datar meni
gede pisan. Ari karaton jeng imah2 nu sarwa mewah teh gening ayeunamah jadi batu sing jalegir
laluhur jama lalukutan. Disela-sela gunung batu eta aya curug leutik caina meni sing kareclak
ninggang kana batu di gandapeun nana.
Aki-aki : nabeuh wayang..........................?????, na........ da wengi tadi mah asa te kakuping aya
raramean nanaon diieu tempat pan bumi aki teh palih dinya jang................ bari nunjukk ka beulah
kenca kira2 aya 50 meter ti tempat eta.

Mr. Robot : Astagfirulloh haladziiiim.................!!!!!!!!!!!!!! ( kuring sadar bari ngusap beungeut


reyyyyy........muriding-muridingkak........... ),

Mr. Robot : aki,................ pan abdi teh peuting tadi meser kopi ti lebah dinya teh aya nu
dagang kopi aki, hanapeu tangkal kai badag. (Enya ari tangkal kai badag bari jeung jangotan tur
lukutan eta tangkal kai teh masih aya ngajegir )

Aki-aki : ah................... maenya ujang da didieu mah teu aya nudagang kopi, bari kerung eta aki2
teh.

Mr. Robot : aduh.................!!!!!!!!!!!!!!!!, aki............, hapunten we abdi tumaros manawi aki


uninga ari rerencangan abdi nu duaan uninga teu kamarananya.......?

Aki-aki : ah.............. da titadi oge aki mah asa teu ningali jalmi nu lian lintang ti ujang nyalira..........,
mung tadi barang aki ngalangkung ka ieu tempat curiga naha siga aya nu sare didieu, tadi pas bade
kadieu, aki teh pasangrok sareng 2 maung baradag sing lalenghoy kaitu tuh ka palih tonggoh eta si
aki bari nunjuk kana gunung batu anu ngajegir luhureun eta patempatan.
Mr. Robot : gbg.................... , punten aki ari tempat ieu teh daerah naon namina + kalebet
kacamatan mana ............?,

Aki-aki : emh................. ujang, deudeuh teuing ................. rupina ujang teh wengi tadi tos di ondang
ku bangsa lelemutan rupina, ......................ieu teh daerah perbatasan nami tempatna
Gunung...................leuweung........................( punten nami tempatna di rahasiahkeun kukuring kang
rey, bilih aya nu kasebat, kasebit, kasinggung nya ).

Mr. Robot : punten aki, upami abdi bade ka Kacamatan Sagaranten kedah kabelah mana abdi
ngajugjug + sabaraha kio meter kinten2na tidieu ?.............

Aki-aki : tuh kapalih wetan –ngidul we kinten-kinten, 30 KM. Ka kacamatan Sagaranten mah.

Mr. Robot : aduh........................ geuning tebih nya aki......................

Aki-aki : muhun tebih................jang, sawios ku aki di jajap keun we dugi ka jalan koral diditu tuh
palih lebak......... bilih sasab.

Mr. Robot : nuhun atuh aki, kana kasaean nana mudah - mudahan we sing diganjar kasaean aki
ku gusti ALLAh SWT.nya.

Mr. Robot : .......................aki, abdi teh bingung kumaha carana ieu sound system nu sakieu
seueurna dugi ka ieu patempatan tengah leuweung luwang-liwung gunung geledegan barina teu
katingali aya jalan sumawona jalan nu tiasa di jorag ku mobil mah jalan satap oge teu katingali,
mangkaning bok sapeker aya kana 20 bok na ( Ukuran Bok speaker 1 = 50 x 50 x 120 cm ) teacan
genset, power nu ararabot tur alat-alat nu sanesna + kumaha carana abdi kedah ngakutan kapalih
lebak ka jalan koral anu + 10 KM ti ieu tempat. ( haduh....................... bingung abdi teh
aki....................... )

Aki-aki : ujang...................... , ayeuna mah tong waka ngemutan ngakutan ieu pralatan............
mening hayu we urang ngeureuyeuh ka palih lebak ka jalan koral, pami tos diditumah mangga wae
ujang kin milarian sewaan mobil treuk +sababaraha urang warga kanggo ngakutan ala-alat,

Mr. Robot :.............. .muhun atuh mangga aki, alat-alat sound system mah bade
dikantunkeun sarta dilapurkeun we da repot nyandakna kdah sabarah dinten ngakutan + sabarah
puluh jalmi nu manggulanna nana oge.

Muhun atuh aki urang ngeureuyeuh mapah ka palih lebak, sok aki ti payun da abdi mah teu terang
kidu,l kaler, kulon, wetan istuning linglung ieu teh.

Kuring jeung si aki lunta ti eta leuweung gunung geledegan, nyukcruk galur, mipir gawir-anu rumpil,
mapay jungkrang maklum nu lalewang di daerah pagunungan anu aheng.

Antara sadar jeung teu sadar kuring jeung si aki lempang duka sabaraha puluh kio meter anu
kasorang da asa leukleuk pisan lempang teh maklum naratas jalan satabrang-tabrangna we da pugu
teu aya jalan satapak-satapak acan, ..............ngan aneh barang ningali kana jam tangan waktu
nunjukeun kakarak jam 04.30 WIB (Subuh) da kakuping tikajauhan sapeker masigit rareang adzan
subuh karak renge.

Mr. Robot : aki....................., punten we abdi mah bade ngalaksanakeun heula solat subuh bari
reureuh heula sakedap ieu sampen asa leklok. Bari terus milarian cai reumis subuh dina jujukutan nu
sing garenang tuluy di rawelan di pake wudu ku kuring bari di usap-usap kana bengeut, panangan +
sampean . tengse eta tuluy ngalaksanakeun sholat subuh nga ma’mum ka si aki.

rengse solat subuh kuring + si aki neruskeun deui perjalanan ngajugjung muru ka jalan koral, nyakitu
bai jeung naratas jalan anyar mapay2 alor urut cai.

Teu kungsi lila kuring jeung si aki geus anjog ka sisi jalan koral anu eta batuna taringgul siga
wahangan ka sa’atan, sigana ieu jalan teh jarang di sorang ku kendaraan da jukutna disisi jalan meni
jarangkung jeung daroyong ka tengah jalan batu nu taringgul pinuh ku luhut mani karandel pisan
kira2 lebar eta jalan koral teh 2 meter, mun mobil treuk dobel mah sa paseu mobil sigana teh.

Aki-aki : tah................. jang , tos dugi ayeuna mah ka jalan koral, aki mah dugi kadieu we
ngajajapkeunna nya mudah2n sing salamet ujang di jalanna nya.

Mr. Robot : ........................., Alhamdulillah..............., hatur nuhun, berat nyuhun-beurat


narimakeun nana kana kasaean aki, kedah kumaha atuh abdi mulang tarima kada kasaean aki,

Aki-aki : keuuuuunn.........tong janten emutan jang............ urang sislih tulungan we papada urang
mahnya

Mr. Robot : .........................muhun atuh aki, nanging ieu mah tawis kabungah abdi we ka
gegelan mugia di tampi ku aki, ( bari kuring ngodok pesak jaket arek nyokot duit anu peuting bayaran
sound system tea, barang kuring ngodok pesak jaket,.............gbeg ...........kuring ngagebeg sabab duit
anu peuting jumlahna Rp. 500.000 teh. Ayeuna mah ngan aya Rp. 350.000. ngagulung nu sawarehna
mah nyaeta dangdaunan tina tanglal kai anu aya tukang kopi tea 3 lamar.
Sabot kuring ker herann nempo ieu daun nungagulung jeung duit trus duit nu Rp. 350.000 di cokot
Rp. 100.000. kuring rek di ka si aki keun, barang lieuk si aki tos teu aya di tempat teuing kamana
leosna meni sajorelat teu katangen ku kuring.

Mr. Robot : gbeg ..................!!!!!!!!!!......kuring ngagbg.........!!!!!!!!!!!!.....bariterus ngodok


pesak jaket nu hiji deui rek nyokot bandros sesa peuting tadi anu ½ deui. Ari di tingali geuning ieu
teh lain bandros ieu mah siga ati atahna duka ati dombaduka ati naon, jeng meni ges rada bau
bangke deuih ningali kaayaan kitu kuring kokohek hayang utah ..............meureun nu di dahar ku
kuring peuting tadi teh ieu pisan jeung ari eta ci kopi panas –tiis teh meren........ darah........ teuing
darah nanahaon.

Sanajan bari jeung tagiwur teu puguh rasa, kuring maksakeun neruskeun prjalanan
sakumaha petunjuk si aki tea tadi mapay-mapay jalan koral nu tos lukutan tur rada leu’eur ku cai
reumis bari jeung masih keneh poek eta alam teh, nya untung masih keneh aya senter tina korek
gas.

Sajajalan kuring nikreuh ngeureuyeh mapay-mapay batu koral nu pinuh ku lukut jeung
leu’eur jarang di sorang ku jalma sigana teh sumawona ku kendaraan mah da puguh eta jalan mani
nurugtug mudun lungkawing ka belah lebak.

sabot ker kitu,


........saralk..................gblug......................golenceng.................gorolong.........awak .............kuring ti
soledat labuh meni gugurimpalan ka belah lebak, ma’lum jalan leu’eur bari jeung mudun meni
nurugtug pisan,...................... kuniang hudang deui bari jeung cacapa da senter nu di cepeng
ngacleng teing kamana.......................eta senter teh........

aduh............................. aya-aya we...............jaba poek deuih , ah terus we maksakeun maneh


neruskeun prjalanan.......................
duka sabaraha kilo meter kuring leumpang da asa tos jauh pisan lalampahan teh, bari jeung loba
gogoda lelewa, rintangan eta perjalanan teh nya teu di sangka-sangka kuring anjog ka parapatan
jalankoral.

Kuring bingung kudu kabelah mana nya lumaku ari jalan piliheun aya tilu jalur hiji oge teuaya
petunjuk nu pika ngenaheun sarua seremna.

Barang kuring ker ngahuleng bingung mikiran jalan kuring ngarenjag sabab ti belah tukang jalan nu
bieu kukuring aya sora ngagerung handaruan.......................................!!!!!!!!!!!!!!!!!!, beki lila eta
sora beuki atra tur jelas pisan beuki deukeut ka kuring nu keur nangtun di tengah
jalan.......................teukungsi lila kuring ngarenjag ............!!!!! aya nu ngabelegedeg ditukangen
kuring bari gegerungan sorana handaruan ma’lum kaayaan poek tur halimun subuh matak
tiris................

Sihoreng pas di sidik-sidik etateh gening aya mobil treuk menuju ka arah kuring................. bari
campur seun,,heran,, jeu atoh camuraduk. Sabab teu mungkin aya mobil treuk ngaliwatan jalan anu
kukuring dilewatan tadi sabab jaba ti laleu’eur leutik tur lungkawing nanjakna mun titempat kuring
ayeuna mah, Eta treuk ku kuring dipegat.......................
Mr. Robot : hey ojeg mobil............kiri heup ereun................stop-stop, ojeg mobil............kiri
heup ereun................stop-stop,......!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!

Reg eta mobil treuk teh eureun hareupen kuring

Mr. Robot : punten pa kuring ngaganggu perjalanan pa supir, ieu mobil teh tos timana/bade
menuju kamana ?.......................

Gebeg teh kuring ngagebeg deui.................!!!!!!!!!!!!!, pas supir nolol tina mobil treuk eta wajahna
teh pikasieuneun buukna ngarewig beungeutna bosongot.......

Supir treuk : ti belah tonggoh jang................, arek ka ditutuh ka belah lebak arek neang cau
iangeun ka kota.

Mr. Robot : aduh ..................., kaleresan pa, abdi muntang tulung tiasa teu ngiring numpang,
bade wangsul ka daerah Sagaranten kuring teh, ..................naha tiasa ?...............

Supir treuk : mangga ari kersa mah, mung paling ge dina bak margi di payun mah aya
panumpang duaan ..................

Mr. Robot : aduh..................hartur nuhun pisan pa, sawios di pengker na bak oge asal dugi we
kanu di maksud.
Supir treuk : enya sok atuh naek................

Bari terekel weh kuring naek kana bak mobil meni luhur eta mobil teh, pas kuring dina luhur bak
mobil kuring ngajenghog..........................!!!!!!!!!!!!!!!!

Mr. Robot : ngagerentes na hate bari heran....................( lain ari ieu teh dina bak mobil aya
tumpukan peti loba pisan aya kana + 20 peti mah jeung bararadag, pas di sidik-sidik, geuning ieu
mah siga boks sapeker sound system,................ pas di sidik2 atra pisan yen ieu teh boks sapeker
sound system nu kuring..............????????????, bener ka aku,............ ieu mah sound system kuring.

Bakat ku pasasaran terus kuring nanyakeun ka eta supis bari ½ ngagorowok,..................

Mr. Robot : Kin pa supir punten abdi tumaros ...............dupi ari ieu teh boks sapeker anu
saha.........?, (bisi salah tetenjoan...................)

Supir treuk : manawi abdi teh ka piwarangan ku dunungan piwarang ngajajapken heula ieu
sound system memeh iang cau ka kota teh, saurna ka sagaranten nu kagunganana mr.
Robot................

Mr. Robot : atoh.campur heran.................( pa supir punten pami di percantenmah ieu alat teh
nyakaaku nu kuring pisan sarta kuring pisan nu katelah mr. Robot teh..................barei derekdek
kuring nyaritakeun lalampahan timimiti kajadian nepi ka ayeuna ditetek taya nu kaliwat..........

Nya ahirna pa supir percayaeun kana kajadian eta,................. sabab cenah : pan manehna ge
pangaulaan raja di lemur nu peuting sarta milu lalajo wayang sapeuting jeput cenah . kitu ucap2an
na teh. Leng kuring ngahuleng ngaraga meneng.................. bari jeung ½ teu percaya kana kajadian
anu geus kalampahan kukuring...........................

Wanci nincak taram-taram maju ka isuk bari halimun kandel opisan Mobil treuk terus maju kabelah
wetan loba lemur nu kaliwatan, ari bras............ teh kuring ngaliwatan hiji lemur

Mr. Robot : asa wawuh ieu lemur teh sabab bahela kuring pernah manggung di ieu lembur teh
.............. , bari terus nyidik2 kaayaan lemur eta nu kaliwatan.

Eh.........enya pisan ieu lemur teh gening daerah ci pareang loba pabri kata merah kalebet wilayah
kacamatan pabuaran tur didinya kuring boga babarturan namina kang bangbang tukang maen
dangdut kapungkurmah sarta manehna ge gaduheun alat sound system deuih.

Mmmmhhhhhhhhh.................gening nepi ka kieu lalampahan kuring teh bari terus kuring


ngahuleng mikiran lalampahan nu kaalaman ayeuna , teu kacatur di jalanna kuring geus anjog ka
daerah ancaen, eta mobil treuk teh mengkol ka belah katuhu menuju ka daerah sagaranten ari
kuring heran eta supir kunaon meni nyahoeun deuih ka lemur kuring da gening teu pernah nayakeun
alamat kuring dimana.
teu kungsi lila mobil treuk nu ditumpangan ku kuring + alat2 sound system teh anjog ka imah kuring
terus mengkol ka belah katuhu reg eureun meni hareupeun imah kuring pisan padahal kuring teh te
ngabejaan kudu di lebah mana eureun terus bongkar muatan ku supir jeung kenek, meni sakolepat
pisan eta alat-alat sound system nu sakitu lobana teh ges turun kabeh tina mobil treuk.

Kuring Nepi ka imah kira-kira + ½ 6 isuk-isuk. Can pati rame di jalan teh da masih rebun2 keneh.
Padahal lalampahan kuring asa geus lila pisan tapi ningali kana jam geuning ieu teh masih keneh
isuk2.

Sopir treuk : mangga atuh kang, abdi bade amitan....................... bari terus majukeun mobil
treuk na menuju ka belah kaler deui.....................................

Kuring terus keketro kana panto imah......................

Mr. Robot : assalamualaikum...................................

Indung budak : waalaikum salaaaam..............................cenah ngabageakeun bari terus muka keun


panto.

Kuring asup ka imah bari jeung awak teu puguh rasa baluweng, lungse, tunduh, lapar,
hanaang,........jsjbna...............

Karek ge kuring rek istiraha tina kacape di luar aya nu keketrok deui kana panto......................

Gebeg kuring ngagbg deui ......................, ieu teh rek aya kajadian naon deui nya............bari terus
muka keun panto. Barang bray panto dibuka horeng geuning aya kang hidin babaturan, supir dolak
matuh paranti ngakut salon urang ci mangir tonggoh anu biasa kerja sama manggung.

Mr. Robot : har... geuning kang hidin.............jeung mang uhe..............?????, mangga


kalebet............. tumben aya pikersaeun naon kang.......???????

Kang Hidin : punten pan kamari tos jangji tea bapa piwarang ngakut salon kanu hajat dinten
ayeuna .................(saurna)

Mr. Robot : haaarrrrr..............kang, pan manggung di nuhajat mah enjing dinten saptu malam
minggu................!!!!!!!!!!!!!!!!, pan ayeuna mah dinten jua’ah keneh ( cek kuring ..........PD...........)

Kang Hidin : muhun pa, pan ayeuna dinten saptu teh............!!!!!!!!!! ½ mastikeun.........

Mang uhe : muhun pa, om... ayeuna dinten saptu mah ............!!!!!!!!!! mairan...............

Mr. Robot : kerung.....................bari rada linglung !!!!!!!!!!!!, ah.............. nubener


kang...........???
Kang Hidin : muhun pa, pan ayeuna dinten saptu mah................!!!!!!!!!!!, tanggal , 16 + 17....
gera tingali we kana almenak,..............

Nyaan we gening ayeuna teh poe saptu isu2, tanggal 16 +17 nu tos di buleudan eta tanggal kalender
teh.

Mr. Robot : kerung....................bari mikir, berarti kuring lunta kamari mans sound teh 2 peuting
lalampahan di alam lainteh .......nyaeta tanggal 14 poe kemis malam jum’at kaliwon gening
numutkeu dina kalendermah terus lalampahan leumpang meureun sapoe sapeuting tanggal 15
malem 16 tug nepi ka ayeuna teh...............

Teu kungsi loba carita................. terus we eta alat-alat teh di puatkeun deui kunmang uhe kana
mobil dolak nu manghidin ren menuju kanu hajat nikahken di daerah ciseureuh-cimanggir desa
pasanggrahn kacamatan sagaranten.

Sajeroning kitu te loba catur ..............kuring ngarahariahken kajadian lalampahan kmari jeung
paeuting tadi ka kang hidin jeng mang uhe sumawona ka indung budak
mah............................................ bari terus nerusken miang ngjugjug kanu hajat rek masang sound
sistem deui........................ tah duka kumaha pangalaman nu bakal dongkap mah................................

Hatur nuhun ka kang rey + Radio El-Lugi Pariwara FM nu tos maoskeun ie atikel pangalaman sim
kuring...................... oge ka para mendengar sadayana ........hapunten anu kasuhun ...antos
pangalaman sim kuring ...nu salajengna........ El-lugi FM ..........Panteng teruuuuus.........
wassalamualaikum .wr.wb

MR. ROBOT

You might also like