Professional Documents
Culture Documents
Sahabat: Andhini Nurramdhini
Sahabat: Andhini Nurramdhini
Andhini Nurramdhini
Panon poe geus kaluar, hawana ge geus karasa kana awak rada haneut. Jam di kamar kuring
geus tatadi disada, tapi kuring asa ngarasa sangheuk ajang hudang. Di luar ge teh Santi geus gandeng
ngetrokan panto kamar.
“Dita geuwat hudang geus jam satengah 7!!!!!”, ceuk téh Santi bari rada keuheul da kuring ti
tadi teu hudang-hudang.
“Uhun teteh ayeuna Dita gugah,” ceuk kuring bari rada keuheul da tunduh keneh.
Ayeuna poe ka hiji kuring sakola di SMA Babakan, kuring tadina sakola di SMA 1 Sakana tapi kuring
kapaksa pindah da indung-bapa kuring pindah gawe.
Pas nepi sakola kuring rada sieun, da euwueh hiji siswa anu ku kuring kenal. Kuring langsung
asup ka kelas XI IPA 1 jeung pak Tata nu jadi Wali Kelas XI IPA 1. Kuring langsung diuk dina korsi nu
kabeneran mung hiji-hijina nu kosong. Nyaeta gigirin hiji lalaki jangkung, hideung terus jiga nu rada
cicingeun. Ngarana téh Ican.
Pas geus sababaraha poe kuring sakola di SMA Babakan, kuring ngarasa beutah da siswa na
rame, terus euweuh nu “neko-neko”. Tapi kuring paling deukeut jeung Ican. Kuring ayeuna nyaho
Ican téh budakna emang cicingeun tapi rame ajang di ajak carita. Budakna ge teu babarian
ngambeuk,. Ayeuna mah dimana aya Ican pasti didinya aya kuring.
Ican ge aktif dina sagala organisasi. Ican ge sering pisan teu asup sakola, lain bolos, tapi aya wae
alesanna. Ka Bandung lah, ka Jakarta lah, tapi sering na mah ka Bandung. Kuring mikir pasti loba
kulawargana na nu cicing di Bandung.
“Dit, ke balik nonton basket ka toko buku yu!!!!” ceuk Ican pas keur istirahat ka hiji.
“Hayu, kuring ek neangan novel yeuh,” ceuk kuring nu emang resep pisan kana novel.
Ayeuna emang keur musim porseni, terus engke balik sakola kelas kuring bagean maen ngalawan
kelas XI IPA 2.
Pas keur di toko buku hujan turun, beuki lila beuki gede. Jam geus nunjukeun kana angka 6
tapi hujan can raat wae. Kapaksa kuring jeung Ican huhujanan. Kuring balik di anteurkeun ku Ican
kana motor. Kuring jeung ican istirahat heula di masjid bari sholat, tapi kuring nempo wajah Ican pias
pisan.
“Can teu nanaon? ning pias?” Tanya kuring da sieun aya nanaon.
“Kuring teu nanaon Dit, palinggenan mung kacapean wungkul,” ceuk Ican bari seuri.
Pas geus nganteurkeun kuring balik, Ican langsung balik da sieun di teangan ku tetehna
ceunah. Ican cicing duaan jeung tetehna da ema-bapana aya di Surabaya. Tapi tadi kuring ngarasa
leungeun Ican panas pisan.
Isuk na Ican teu sakola, dina surat mah Ican téh geuring. Niatna engke balik sakola kuring ek
ngalongok ka imah Ican. Kuring ge ngarasa teu ngeunah ka Ican da kamari Ican geus huhujan bari
nganteurkeun kuring balik.
“Assalamualaikum,” ceuk kuring mere salam pas aya di hareupeun imah Ican.
“Waalaikum salam, eh Dita, kumaha damang Dit? Sok mangga ka leubeut. Ican nuju di
kamerna, itu kamerna nu aya di palih katuhu perpustakaan. Sok ku teteh di kantun heulanya, teteh
bade ka apotek heula,” ceuk téh Tiwi tetehna Ican, nu geus kenaleun pisan ka kuring da kuring sering
ulin ka imah Ican.
“Oh, muhun. Hatur nuhun téh,” ceuk kuring.
Langsung wae kuring asup ka kamer Ican. Didinya kuring nempo Ican keur diuk
nyanghareupan laptop, kuring rada bingung oge, sabenerna Ican téh gering atawa henteu? Ari ka
tempona mah pias pisan, tapi sumanget pisan.
“Assalamualaikum, keur naon Can?” Tanya kuring bari diuk di sisi Ican.
“Waalaikum salam, eh Dita. Iraha datang Dit? Ieu yeuh proposal OSIS anu ajang tujuh
belasan ku kuring can ka garap kabeh.” Ceuk Ican bari seuri.
“Can kuring apal, Ican téh sekretaris OSIS. Tapi apan aya Doni, pasihkeun weh ka Doni apan
Ican nuju teu damang. Sanes istirahat eh, kakalah ngerjakeun proposal OSIS.” Ceuk kuring rada
keuheul kana sipat Ican anu bageur teuing.
“Wioslah Dit, kuring teu nanaon. Mung ka hujanan saalit enjing ge sakola deui. Apan ieu
tugas kuring, jadi kudu ku kuring di garapna. Mih jongjon, mih teu aya deui beban ka kuringna, mih
nyalse intina mah.” Ceuk Ican bari teu lesot tina laptop.
“Uhun atuh.” Moal aya tungtungna mun misalna kuring nyaram Ican.
Teu lila téh Tiwi datang bari nyandak cai sareung nu amis. Kuring ulin di imah Ican nepi ka
peuting bari mantuan Ican ngerjakeun proposal.
Bener wae isukna Ican sakola. Katempona mah geus leuwih sehat tibatan kamari. Ican ge
langsung miluan deui maen bal nu kabeneran ayeuna kelas kuring bagean maen ngalawan kelas X-E.
Kuring sieun oge kana kasehatan Ican kakarage cageur tapi geus miluan maen bal.
Saminggu saeunggeus eta Ican teu sakola. Bebeja ka kuring mah aya urusan dadakan di Bandung.
Kuring teu mikir negative. Tapi aneh oge pasti Bandung deui-Bandung deui.
Saminggu Ican teu asup sakola, kuring sieun aya nanaon jeung Ican. Da paling lila ge Ican teu
sakolana 4 poe. Lain saminggu kawas kieu. Sms jeung telepon kuring euweuh nu di jawab hiji-hiji
acan.
Kuring inget kuring téh asa nenden nomer téh Tiwi. Teu lila kuring langsung nelepon téh
Tiwi. Tapi nomer téh Tiwi teu aktif. Nomer ema-bapana Ican kuring da teu apal. Kuring langsung indit
ka imah Ican. Sugan bibi nu sok babantu di imah Ican apaleun kaadaan Ican.
Pas nepi ka imah Ican, imah ican tiiseun pisan. Kuring karek ingeut ayeuna téh poe minggu.
Bibi nu sok babantuna mung datang poe Senen nepi ka Sabtu. Jadi ayeuna di imah ican euweuh
sasaha.
“Assalamualaikum bu punten, uninga ka bibi anu osok sumping ka bumi ieu?” ceuk kuring ka
ibu-ibu nu jigana mah tatanggana Ican.
“Waalaikum salam, uhun terang. Aya naonnya neng?” saur si ibu itu.
“Bade aya kaperyogian. Upami wios abdi nyuhunkeun alamatna.”
“Oh, bumina anu aya di palih katuhu bale desa. Anu warna hejo.”
“Oh muhun, hatur nuhun Bu. Asalamualaikum.” Ceuk kuring bari pamit.
“ Sami-sami neng waalaikum salam.”
Kuring langsung indit ka tempat anu di maksud ku si ibu tadi. Pas kuring nanya, si bibi teu
terangeun nanaon. Nomer ema-bapana Ican ge teu terangeun.
Kuring langsung balik bari ceurik da asa teu ngeunah hate. Datang ka imah kuring langsung
sare. Téh Santi ge aneheun nempo sikep kuring.
Hp kuring disada pas jam 10 peuting. Wegah oge ngajawabna da nomerna teu kenal. Tapi
panasaran oge kana saha nu nelepon.
“Assalamualaikum,” salam kuring.
“Waalaikum salam, ieu Dita sanes? Dit ieu téh Tiwi……..”
“Aya naon téh? Ican ayeuna dimana téh?” ceuk kuring bari ceurik da sieun aya nanaon jeung
Ican ngadenge téh Tiwi neleponna bari ceurik.
“Ican pupus Dit, ayeuna teteh nuju di jalan sareng mayitna Ican……..”
Kuring teu apal deui téh Tiwi nyarios naon, anu aya dipikiran kuring nyaeta kuring hayang
ceurik, teu percaya Ican ninggalkeun kuring. Kuring ceurik nepi ka subuh, teu bisa sare deui nu aya di
pikiran kuring ayeuna mung Ican.
“Dit, mayit Ican tos dugi, yu cuang ka ditu,” saur téh Santi.
Kuring nurut, nuturkeun téh Santi naek kana mobil da teu apal deui ek ngajawab naon.
Kabeneran ayeuna libur jadi kuring teu kosi ka sakola.
“Dit ieu ti Ican,” téh Tiwi masihkeun kardus nu ukuranna sa ageung kardus sapatu ka kuring,
pas geus balik ti makam. Téh Tiwi nyarita Ican gaduh kangker ti alit, janten mun misalna ka Bandung
téh, nuju berobat.
lila kuring sa kulawarga pamit. Pas di imah kuring langsung indit ka kamer, muka kardus ti
Ican bari ceurik. Eusi kardus eta téh poto kuring jeung Ican, buku harian Ican, terus barang Ican anu
sakanyaho kuring mah eta barang téh, barang anu penting ajang Ican. Kuring jangji moal poho ka
Ican nepi ka iraha oge.
Emang Beca
Debi Sri Mulyani