sésélékét dina sesela érang-érang. Gap, kana bantal jeung guguling gigireun. Tiis cambéwék. Ngarahuh. Laju babatek, pating derekdek satulang-sandi. Kuniang hudang bari ngajéwang simbut sutra keur nutupan awakna nu sampulur. Jandéla dibukakeun. Hiliwir angin nebak buukna nu ririaban. Meles tur gomplok. Ti kajauhan, piramida jeung nu ngajagaanana, arca spinx ngajegir. Para punggawa ngabaris bérés minuhan lapang. Sayaga. Rindatna alum, ngemu katugenah nu taya wates wangenna. Pucuk daun korma gugupay tijauhna. Ngahiap sagala karémpan jeung kahariwang. Lir surti kapeurih nu geulis. "Cihaneut parantos sayogi, Ndén!" Ceuk dayang bari tungkul, ajrih. Langgéor alon seja ngebak. Simbut sutra ragrag ngalumbuk gédéngeun dipan kancana. “Juragan asup ka kamar manéh tadi peuting?” nanya ka dayang, bari nyingraykeun rupaning kekembangan luhurun cai. Dayang godeg. "Tadi peuting Juragan saré jeung manéh?" nanya nyilidik ka dayangna nu angger ngeluk. "Teu aya, Ndén." Pokna bari gideug, semu sieun. "Duh, kamana atuh?" Gerendengna hélok, kaleungitan salaki unggal peuting ampir opat bulanna. Cengkat bari ngajéwang daster sutra tina leungeun dayang.