Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

Syarifah Jahro Ardianti

XII IPA 2

Kumbakarna Gugur

Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta
awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh
lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam.
Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti
Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung
musuhna nyaeta Ramayana.

Salian Kumbakarna ngagaduhan pun adi istri nu ngaranna Salfinawa jeung oge
ngagaduhan mamang anu ngaranna Prahasta. Tapi mamangna teh gugur ku Hanoman waktos
Rahwana diculik ku Dewi Sinta anu kacida pisan kalakuanana. Prahasta pupus di mana sirahna
dipotong ku Hanman. Saterasna di gulingkeun ka payuneun Rahwana. Rahwana ge dina kaayaan
nu sedih ku pupusna Prahasta jeung oge kaleungitan Gunawan anu di pikanyaahna.

Sri Rama nu kantos masihan kasempetan sangkan Rahwana sadar tina kasalahanana.
Tapina Rahwana miboga sangkaan anu goreng , manehna kalah ambek. Kumbakarna salaku
dulur deukeutna nyoba mukakeun pamadeganana sarta nyadarkeun Rahwana. Tapina Rahwana
teu ka pangaruhan jeung leuwih geram. Rahwana menta bantuan Kumbakarna kanggo
ngahogaan Dewi Sinta. Tapina Kumbakarna nolak sacara halus, saking ambekna Rahwana
ngusir Kumbakarna jeung ngancem moal mere harta warisan. Rahwana teu tega mutuskeun tali
babarayaana sareung Kumbakarna.

Tapina Kumbakarna ambek terus balik nuntut, menta hak warisan ti kaluargana. Sarta
siap ngahadapan pun lanceuk. Omonganna bener pisan di laksanakeun. Rahwana anu tara nyerah
ngucapkeun pangampura ka kabeuh jelema. Tapi ieu anu kahiji kalina Kumbakarna ngucapkeun
pangampura jeung menta ngarah Kumbakarna hayang perang ngalawan Sri Rama, haei na nepi
kaluruh.

Akhirna Rahwana mantuan dina perang sanajan manehna ka paksa kudu ngalawan pun
adi anu di pikanyaahna, nyaeta Gunawan Wibisana. Kumbakarna perang lain ku sabab ngabela
bangsa jeung nagarana .

Puncak gunung gokarna mah nyaeta tempat Kumbakarna ulin jeung Gunawan. Tempat
eta nu nyimpen loba kenangan sareung pun adi anu di pikanyaahna.

Tapi ti sebrang nu sanes di Gunung Samulya pasukan serRama jeung aya loba jelema
monyet diantarana Anoman, Suganda nu siap kanggo ngahadang pasukan Buta anu ngabawa
kumba sabab teu jauh tidinya sri Rama Laksamana jeung Gunawan nyaksian jelema monyet nu
perang ngalawan musuhna. Loba Buta nu pupus ku gada prajurit jelema monyet, perang nu
kajadianna antara Rahwana jeung Sri Rama, sabenerna mah urusan pribadi. Tapi ayana
kaserakahan Rahwana rakyat oge anu janten korbanna.

Salian kitu oge nyawa anu di korbankeun Rahwana raja Alangka Dirja. Tapi rarasaan
dulurna mah anu janten di libatkeun, saperti nu kajadian ka Kumbakarna jeung Gunawan,
maranehna kapaksa papisah mangtaun-taun anu sakitu lilana tapi maranehna saling pikanyaah
pisan. Tapi mun papanggih kaduana sok kapaksa kudu perang di pihak anu berlawanan.
Gunawan di usir ku Rahwana lantaran nolak kabejatan Rahwana kusabab kitu Gunawan di usir
ku Rahwana.

Sawaktos Sugriwa ngalakonan ngalawan Kumbakarna anu sempet-sempetna lengit tina


perang nu senggitna, Sugriwa loncat ngagalantungan dina awakna Kumbakarna. Sugriwa nu
kantos numpak kana puggung Kumbakarna jeung nyepengan sirahna jeung di jeweran duanana
cepil Kumbakarna nepikeun ka rawing. Salian ti eta irung Kumbakarna ge di geugeul.

Tragis pupusna Kumbakarna pikeun ngalakonan sareung Laksamana Kumbakarna


ngalungkeun awak Laksamana ka loba jelema monyet nu aya di dinya. Tapi Laksamana tiasa
bankit deui teras nyabut panahna kanggo ngabidik Kumbakarna. Panah oge nusuk panangan
katuhu Kumbakarna nepi ka buntung na. Laksamana di tegur ku Rama ku sabab di anggap
mainkeun pupusna Kumbakarna. Sabenerna mah Laksamana ngamaksud ngabidik
tenggorokanana Kumbakarna. Tapi sasaranna meleset jadi Rama nu nyokot alih parlawanan.
Teras panah beunang kana lengeun kenca Kumbakarna sedengkeun bidikan panah anu kadua
beunang kana suku kenca Kumbakarna.
Sateuacan jelang pupusna Kumbakarna, manehna hayang papaanggih sareung Gunawan.
Gunawan oge di izinan ku Rama kanggo papanggih jeung Kumbakarna. Tapi nembe satengahna
perjalanan, Gunawan balik deui ku sabab manehna teu tega ningali kaayaan Kumbakarna ti
kadeukeutan, saatos dua lengeuna jeung hiji suku Kumbakarna buntung kapanah nepi ka
Kumbakarna teu tiasa tatih, awak Kumbakarna oge gulang-guling wae.

Rama ge masihan kasempetan nu kadua ka Gunawan kanggo papanggih jeung lanceukna


nyaeta Kumbakarna. Akhirna Gunawan miboga nyali kanggo papanggih jeung Kumbakarna.
Gunawan sedih pisan ningali kaayaan Kumbakarna. Tapi Kumbakarna anu kantos pasrah kana
kaayaanana. Kumbakarna ngarasa bungah pisan ku sabab anjeunna tiasa papanggih sareung
Gunawan. Sateuacan pupus, Kumbakarna mere amanat ka Gunawan kanggo ngumpulkeun
kabeuh awakna anu leungit ka bidik ku panah.

You might also like