Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

KAKAREN REVOLUSI

A. RINCIAN
1. Judul : Kakaren Revolusi
2. Pangarang : Tatang Sumarsono
3. Panerbit : PT. Dunia Pustaka Jaya
4. Alamat panerbit : Jl. Gumuruh no.51, Bandung
5. Ilustrasi jilid : Ayi R. Sacadipura
6. Cetakan : Ka-1, 2012
7. Jumlah kaca : 160 kaca
8. Harga : Rp 40.000
9. Sampul : Warna : Hideung, bodas, bereum
Gambar : Ilustrasi Erom

B. SINOPSIS
Aweuhan merdeka ngalantarankeun Erom jadi bagian tina revolusi 1945. Ancrub jadi tentara, anu
dina emprona mindeng nandangan kuciwa. Kungsi rek ditangkep ku tentara pendudukan, ngan kaburu
ditulungan ku sobatna jaman keur budak nu geus biluk ka NICA. Jol parentah kudu mundur ka pakidulan
Bandung; dayeuh dilemah-irengkeun. Tambah-tambah kuciwana ku ayana parentah hijrah. Tapi, manehna
teu baha. Antukna Erom ecag tina dunya militer, laju mulang ka Jawa Barat. Hirup di lembur mencil, maturan
bapana nu kapaksa jadi lurah NICA. Harita, Tatar Pasundan mimiti diacak-acak ku gorombolan;
ngalantarankeun rahayat di pasisian nandangan tunggara anu pohara. Dina kaayaan ririweuhan, Erom
katangkep ku urang gunung, tepi ka rek dipateni.
Ku kabeneran aya pitulung ti urut babaturanana jaman keur jadi tentara, anu harita geus biluk
jadi komandan pasukan urang gunung. Erom ngejat ka Bandung, rek neangan pangrupa jiwa. Tetela hirup
di kota ge teu gampang, mana komo sanggeus rupa-rupa posisi jeung lolongkrang gawe geus diandih ku
pangeusi anyar anu daratang ti wetan, anu ngarasa pangrepublikna. Dina kaayaan kitu, tingpelentis gerakan
kadaerahan anu miharep pamarentah pusat mampuh memeres daerah, anu salawasna dianak-terekeun.
Kakaren Revolusi, hiji gambaran masarakat Tatar Pasundan ti mimiti jaman merdeka tepi ka taun 1950-an.
Teu ngalalakonkeun jalma rongkah rohaka, atawa perjuangan heroik, tapi ukur eunteung surem kaayaan di
Jawa Barat anu masih keneh langka kacatet dina sajarah. Kakaren Revolusi Tatang Sumarsono 160 kaca
40.000 rupia.

C. UNSUR INTRINSIK
1. Tema : Sajarah Kapahlawanan
Kusabab novel ieu nyaritakeun ngeunaan sajarah parjuangan Erom jeung sobat-sobatna
nu pinuh ku sagala ujian jeung cobaan hirup dina ngabela jeung mertahankeun nagara,
hususna nu aya di Tatar Pasundan ti gangguan Sekutu jeung Hindia Belanda.

2. Palaku : *Utama : 1. Erom : patriotis, bageur, rendah hate, patuh


2. Nyi Pipih : bageur, perhatian
*Tambahan : Rusli, Udung, Rusman, Jamhur, Ahmad, Ceu Nani, Kang Ganda

3. Galur : Mobok tengah, lantaran tahapan kategangan nurun aya di awal carita
(Kategangan nurun, Panganter, Pamunculan masalah, Klimaks, Penyelesaian)

Muhammad Wahyudi. T
XI MIPA 7
 Kategangan nurun
Erom mutuskeun yen anjeuna kudu balik ka Bandung. Manehna peuting-peuting teh naek
treuk ti Yogya nepikeun ka Cirebon. Erom neruskeun mapay jalan satapak ngaliwatan tanjakan
Gunung Burangrang. Di jalan teh aya pamariksaan, ngan ahirna bisa lolos lantaran aya sobatna, Rusli nu
jadi sekutu Belanda. Erom nepi ka imah lanceukna, Ceu Nani di Nangkasuni. Ngan teu lila cicing di dinya
teh lantaran loba intelejen nu ngabahayakeun kana kasalametan Erom jeung kulawarga Ceu nani. Ahirna
Erom indit rek ka imah Emah jeung Empahna nu aya di lembur.

 Panganteur
Sumanget proklamasi ngalantarankeun Erom ngagabung jeung TKR pikeun milu mertahankeun
kamerdekaan. Manehna diangkat jadi Letnan di Batalyon Sutarwan. Anggota-anggotana teh ngabogaan
latar belakang, umur, kapribadian, sarta atikanana nu beda-beda nu nimbulkeun rasa kacurigaan. Erom
ngahijikeun eta anggota ku cara silih ngobrol jeung silih babagi pangalaman. Anggota eta diantarana nya
eta Udung, Kosasih, Rusman, Jamur, jeung Ahmad.

 Pamunculan masalah
Pamarentah pusat marentahkeun yen para tentara nu di Pasundan teh kudu hijrah ka Yogya.
Kusabab kitu loba jalma nu kaluar ti katentaraan kusabab teu hayang ninggalkeun kulawarga jeung
lemburna. Ari anggota ti Batalyon Sutarwan teh ngan aya 24 orang. Kusabab rombongan Erom datang
panderi, maranehna teu kabagian tempat jeung sare. Kabeneran aya gudang kosong di pabrik gula nu teu
dipake.

 Puncak Kategangan
Anggota rombongan Erom loba nu dipindahkeun jeung diturunkeun jabatanana, aya nu
pagaweanana di bengkel,aya di adminstrasi. Kusabab kitu loba anggota nu balik deui ka Bandung, kaasup
Erom oge kusabab ngarasa teu cocok. Padahal maranehna niat jauh-jauh ti Bandung ka Yogya teh hayang
ngabela nagara, tapi malah dibere pagawean nu kurang saluyu jeung hatena. Erom balik ka Bandung naek
treuk gula ti Yogya nepikeun ka Cirebon.

 Panyelesaian
Erom nepi di lembur. Manehna kaget yen Empahna jadi lurah NICA. Empah ngajeulaskeun yen
manehna kapaksa sabab euweuh deui nu bisa mingpin eta urang lembur. Di lembur Erom kawin jeung Nyi
Pipih anakna Mang Murtasan. Teras manehna pindah ka Bandung. Di Bandung manehna diajak rapat,
terus ditangkep ku pulisi. Kusabab di pulisina aya sobatna bareto keur jadi tentara, Erom bisa bebas ngan
babaturan nu masih keneh dipenjara teu apaleun yen Erom teh geus bebas.

4. Latar : *Tempat : Kp.Babakan Periangan, Nagreg, Cirebon, Gg. Burangrang, dll.

*Waktu : Peuting, Isuk-isuk


*Suasana : Genting, silih curiga, riweuh

5. Amanat : Urang kudu ngahargaan jasa pahlawan tur kudu berjuang keur bangsa jeung nagara

Muhammad Wahyudi. T
XI MIPA 7
D. RESENSI
Novel “Kakaren Revolusi” mangrupakeun salah sahiji novel karangan Tatang Sumarsono nu
diterbitkeun ku Pustaka Jaya. Novel “Kakaren Revolusi” teh alus keur dibaca utamana pikeun nu resep
kana sajarah, bisa rumaja atawa dewasa. Novel ieu nyaritakeun ngeunaan sajarah parjuangan Erom jeung
sobat-sobatna nu pinuh ku sagala ujian jeung cobaan hirup dina ngabela jeung mertahankeun nagara,
hususna nu aya di Tatar Pasundan ti gangguan Sekutu jeung Hindia Belanda. Salian nyaritakeun parjuangan,
novel ieu oge ngagambarkeun ngeunaan masarakat Tatar Pasundan ti mimiti jaman merdeka tepi ka taun
1950-an. Aya sababaraha kaleuwihan ti novel “Kakaren Revolusi” nya eta loba amanat nu bisa ku urang
implementasikeun dina kahirupan urang sapopoe.
Urang oge bisa apal ngeunaan kaayaan masarakat Tatar Pasundan keur jaman revolusi. Ditilik tina
jilidna, gambar jeung gaya huruf judulna geus bisa ngagambarkeun yen ieu novel teh mangrupa novel
ngeunaan sajarah kapahlawanan. Aya oge tambahan nya eta kaca biografi pangarang jeung kaca katerangan
sawatara kecap atawa istilah. Salian ti kaleuwihanana, aya oge sababaraha kakurangan nya eta aya
sababaraha pasualan nu tacan aya solusina jeung teu jelas kumaha ahirna. Terus aya oge kecap-kecap arkais
nu kurang ngarti, saperti ransum, sarakan, morolok, jsb. Dina ieu novel teu aya gambar ilustrasi, padahal
saenyana gambar ilustrasi teh bisa ngahirupkeun suasana carita sangkan nu maca teh bisa leuwih
ngagambarkeun ngeunaan kaayaan nu aya dina carita.

E. Kaunggulan jeung Kakurangan Novel


1. Kaunggulan
- Loba amanat nu bisa urang cokot dina kahirupan urang sapopoe.
- Urang oge bisa apal ngeunaan kaayaan masyarakat Tatar Pasundan di jaman revolusi.
- Ditilik dina sampulna, urang ges bisa nebak lamun ieu novel ngeunaan pahlawan.
- Aya tambahan kaca biografi pangarang, jeung katerangan sawatara kecap atawa istilah.
2. Kakurangan
- Aya sababaraha pasualan nu teu acan aya solusina jeung akhirna gantung.
- Terus aya kecap-kecap nu kurang di kaharti.
- Di jero novelna teu aya gambar atawa ilustrasi nu bisa ngagambarkeun kumaha kajadianna.

Muhammad Wahyudi. T
XI MIPA 7

You might also like