Nangkeup tuur di mumunggang handapeun kiara. Halimun ipis nganteurkeun sawangan.
Patingkolépat. Patingjorélat. Leuweung tutupan ngahuit lamunana. "Tuh tingali, Nyai! Sagara nganjang ka sarakan manusa," pokna bari neuteup ka langit ceudeum. Layon gédéngeunana teu riuk-riuk, ukur ngamalirkeun cimata tisesela bulu panon centikna. Ngagulidag mapay lamping, ngararad tatangkalan. Layon digaléntoran. Miharep pangampura. Kersaning Sang Domampara, cai kalahkah mingkin ngagulidag lir caah déngdéng. Muru ka landeuh, séah. Ngaguruh dibarengan dordar gelap, pikaketireun. "Hampura Akang, Nyai...!" nu digaléntoran, ngaraga meneng. Kabingung beuki nalikung. Meupeuh kajumawaanana. Taya daya. kasakténna nu jadi angkeuhan salila ieu mingkin laas ku jaman. Teu bisa nadah deui pangawasa nu geulis, sanajan geus jadi layon mangratus abad. Antukna, manéhna tanggah ka langit, "Ampuuun Ambu...! Kula serah bongkokan ayeuna mah! Salametkeun turunan kula..!" sorana ngageleger minuhan langit. Dumadak awakna lir dipupul bayu, leuleus taya tangan pangawasa. Simpé sakedapan. Lapat-lapat sora anjing babaung tikajauhan, patembal jeung sora surili patingkocéak siga ngaléléwé jeung mupuas.