Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 4

YAYASAN WANITA KERETA API

BADAN PENYELENGGARA SEKOLAH


SD YWKA REL HOMY SCHOOL
Terakreditasi A (Amat Baik)
Jalan Rajawali I No. 5 Telp. 022-6032573 Bandung – 40184

Nama : ……………………………. Kelas : …………………………….

NASKAH SOAL
PENILAIAN TENGAH SEMESTER GANJIL
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : III (Tiga)
Hari/Tanggal :
Waktu :
KD : 3.1. Memahami isi teks pupuh tantang menyayangi hewan dan tumbuhan
KD : 3.2. Memahami teks narasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan

I Bere tanda silang dina huruf A, B, C atawa D hareupeun jawaban anu paling bener!.

Baca pupuh pucung di handap keur ngajawab pananya nomer 1 - 2!


Tutuwuhan nu dipelak bakal subur
Lamun dipiara
Digemuk dihade-hade
Eta jadi tandaning nyaah ka alam
Kitu deui ka sato anu dikukut
Kudu mikanyaah
Daek ngurus tur tulaten
Mun diraksa tangtu bakal tumarima
1. Nurutkeun pupuh di luhur. Tandaning urang nyaah ka alam teh, di antarana… .
A. ka sato anu dikukut teu ulah mikanyaah, ulah diurus jeung diraksa
B. tutuwuhan nu dipelak kudu dipiara, digemuk dihade-hade sangkan subur
C. tutuwuhan teu kudu dicebor unggal poe ngarah bisa tumbuh kalayan subur
D. sato langka anu aya di leuweung diburu, dipeuncit jeung dijual kulitna

2. Sato anu dikukut teh bakal tumarima ka urang, lamun… .


A. dikerem di kendang bari sukuna dirante C. dipikanyaah jeung diurus tur tulaten
B. teu diurus jeung teu dibere kadaharan D. diadukeun jeung sato anu sejen

Baca pupuh pucung keur ngajawab pananya nomer 3 – 4!

Di buruan nu jadi apotek hirup


Ngahaja miara
Pepelakan nu kapake
Keur ngariksa tur ngarawat kasehatan
Prak pelakeun binahong reujeung cangkudu
Seureuh nu ngarambat
Laja koneng cikur jahe
Sangkan gampang lamun butuh pikeun ubar
3. Tujuan miara pepelakan nu jadi apotek hirup di buruan, nyaeta… .
A. keur ngariksa tur ngarawat kasehatan C. sangkan buruan imah jadi seger jeung endah
B. keur sasadiaan bumbu masakan D peplakan di buruan keur bahan kadaharan
a

4. Nurutkeun pupuh di luhur. Tutuwuhan nu dipelak pikeun ubar, nyaeta


A. bawang beureum, bawang bodas, bawang daun, jeung bawang bombai
B. daun jambu batu, daun gedang, daun murbei jeung daun salam
C. lidah buaya, kumis ucing, cocor bebek, jeung daun dadap hayam
D. binahong, cangkudu, seureuh, laja, koneng, cikur jeung jahe.

PTS Bahasa Sunda Kelas 3 Tahun Pelajaran 219/202020 1


5. Tutuwuhan nu dipelak bakal …… lamun di cebor jeung digemuk
A. paeh C. garing
B. subur D. layu
6. Iwal ti bisa dijieun ubar ….. . sok dipake bungbu dapur.
A. binahong seureuh jeung lidah buaya C. laja, koneng, cikur jeung jahe
B. daun kangkung, daun sampeu jeung gedang D. cengek, peuteuy jeung jengkol
7. Tangkal kembang dicebor ku Dudi unggal isuk
Dicebor hartina sarua jeung… .
A. dituar C. disiram
B. dipelak D. dipupuk
8. Kalakuan anu mikanyaah ka sasatoan ditujunjukkeun ku gambar… .
A. C.

B. D.

9. Kalakuan anu teu mikanyaah ka tutuwuhan ditunjukkeun ku gambar…. ..

A. B. C. D.

10. Perhatikeun gambar!


Lamun sasatoan dipiara saperti gambar di gigir. Sato eta bakal
Tumarima ku cara… .
A. ngahasilkeun bulu keur kadaharan
B. ngahasilkeun susu keur inuman
C. ngahasilkeun endog keur kadaharan
D. ngahasilkeun kulit keur papakean

11. Kecap mikanyaah lamun dirucat jadi… .


A . mi-ka-nya-ah C. mik-an-ya-ah
B. mi-kan-ya-ah D. mi-kanya-ah
12. Lobana enggang dina kecap ngarawat, nyaeta
A. 2 enggang C. 4 enggang
B. 3 enggang D. 5 enggang
13. maraban – di – ucing – buruan – deni.
Kalimah acak di luhur lamun disusun jadi kalimah anu bener, nyaeta
A. Deni maraban ucing di buruan C. Deni maraban di buruan ucing
B. Ucing maraban Deni di buruan D. ucing di buruan maraban Deni
Bacaan keur ngajawab panannya nomer 14 - 15
Dina waktos peré sakola, dinten Minggu abdi hudang ti énjing kéneh, ku sabab
abdi téh hoyong pisan bebenah dibumi utamina di kamar abdi sorangan, soalna mun
lebet sakola mah asa téh teu aya waktosna, janten abdi nyempetkeun poe peré
sakola éta téh pikeun bébénah di kamar.

PTS Bahasa Sunda Kelas 3 Tahun Pelajaran 219/202020 2


Tabuh salapan énjing abdi tos mimitian beberes, ti mulai ngagentos sepré,
masang pajangan di tembok, ngabersihkeun meja belajar, sareng ngarapihan buku-
bukuna, sarta seueur deui anu sanesna.
Tabuh setengah sapuluh, abdi ogé ngabersihkeun taman nu aya di payuneun
bumi abdi, motongan jukut anu tos jangkung, ngarapikeun pot kembang, sareng
melak kekembangan anu anyar supados tiasa leuwih éndah, jeung asri.
14. Bacaan di luhur nyaritakeun pangalaman, ngenaan….
A. dinten Minggu hudang enjing keneh C. bebenah kamar jeung ngaberesihkeun taman
B. poe pere sakola dipake piknik D. mantuan beberesih imah jeung burannana
15. Beberes ti mulai ngagentos sepre, masang pajangan di tembok, ngaberesihan meja belajar saren
ngarapihkeun bukuna waktosna tabuh… .
A. tabuh salapan enjing C. tabuh satengah sapuluh
B. tabuh sapuluh enjing D. tabuh satangah salapan

16. Abdi teu bosen diajar ngojay unggal poe, lantaran hayang jadi juara dina lomba ngojay di sakola.
Gambar anu saluyu (sesuai) jeung kalimah di luhur, nyaeta… .
A. B C. D.

17. Si Gonzales (tajong) bal satarikna.


Kecap nu dijero kurung nu bener, nyaeta… .
A. ditajong C. najong
B. katajong D. titajong
18. Ibu angkat ka warung bade meser gula …. kopi.
A. ari C. tapi
B. tuluy D. jeung

19. Santi angkat ka sakola naek mobil jemputan


Sinta angkat ka sakola naek mobil jemputan
Kalimah di luhur, lamun dijadikeun kalimah ngantet satata, jadi… .
A. Santi jeung Sinta angkat ka sakola naek mobil jemputan
B. Santi angkat jeung ka sakola Sinta naek mobil jemputan
C. Santi naek mobil jemputan jeung Sinta angkat ka sakola
D. Santi ka sakola angkat Sinta naek jeung mobil jemputan
20. Rudi ngiluan ekskul pramuka.
Rudi ngiluan ekskul karate.
Kalimah di luhur, lamun dijadikeun kalimah ngantet satata, jadi… .
A. Rudi ngiluan pramuka jeung ngiluan karate C. Rudi ngiluan ekskul pramuka, ekskul karate
B. Rudi ekskul pramuka jeung karate ngiluan D. Rudi ngiluan ekskul pramuka jeung karate

II. 21. Sangan teu kabur, sasatoan nu di tempatkeun di jero………………………………………………..


22. Ka sasatoan anu dipiara, urang kudu…………………………………………………………………
23. Tutuwuhan nu dipelak di apotek hirup, nyaeta tutuwuhan nu bisa dijieun…………………………..
24. Tutuwuhan anu bisa dipake keur nyuburkeun rambut, nyaeta………………………………………..
25. Gambar di gigir, ngagambarkeun nyaah ka sasatoan ku cara
mere…………………………………

26. Budi make sapatu hideung. Kecap make asal kecapna, nyaeta……………………………………….
27. Lobana enggang dina kecap patani, nyaeta ……………………… enggang.
28. Labuh tina sapedah mangrupakeun pangalaman nu matak ……………………………………………

PTS Bahasa Sunda Kelas 3 Tahun Pelajaran 219/202020 3


29. Budi make sapatu hideung. Kecap make asal kecapna, nyaeta……………………………………….
30. Bapa nuju tuang sangu ………sayur bayem.

III. Jawab pananya di handap make jawaban nu lengkep jeung bener!


31. Tuliskeun 3 (tilu) cara mikanyaan sasatoan!.
…………………………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………………………
32. Tuliskeun 3 (tilu) ngaran tutuwuhan anu bisa dipake ubar!
…………………………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………………………
33. Jieun kalimah make kecap :
a. miara
…………………………………………………………………………………………………………
b. nyebor
…………………………………………………………………………………………………………
34. Tuliskeun 3 (tilu) pangalaman hidep nu matak pikabungaheun!.
…………………………………………………………………………………………………………
35. Jieun kalimah ngantet satata tina kalimah-kalimah di handap
a. Soleh keur ngapalkeun
Salman keur ngapalkeun
Kalimah ngantetna ……………………………………………………….
b. Ucing abdi buluna Panjang.
Ucing abdi warnana hideung
Kalimah ngantetna ……………………………………………………………………

PTS Bahasa Sunda Kelas 3 Tahun Pelajaran 219/202020 4

You might also like